Kamis, 14 Februari 2013

Carpon Mangle, 14 Februari 2013


Ringkang di Tengah Peuting
Ku: Nina Rahayu Nadéa
                Puringkak bulu pundukna teu pupuguh ngandelan. Sora bueuk jeung sabangsaning manuk ti kajauhan kadéngé ngelak. Marengan léngkah. Marengan pangharepan manéhna jeung hiji hal nu dipikahayang. Hayang panggih jeung mahluk gaib. Mahluk nu ngageugeuh Pulo Panaitan. Rido uculan duit. Nu penting warta nu ngageunjleungkeun jagat bakal kacumponan. Bakal nyebar saalam madhab. Geunjleung. Reputasina bakal téréh naék, nérékél.
Korosak ti tukang aya sora. Manéhna ngalieuk. Simpé. Ukur belegbeg tatangkalan jeung petengna peuting nu meredong. Taya sasaha. Laju lempang deui ningalkeun éta tempat. Léngkah beuki ngendoran perbawa capé jeung kakeueung nu rohaka. Bulu punduk beuki ngandelan, dina saban léngkah.  Ah, tapi ngaludeng ludeng manéh. Pan geus aya ubarna. Bonus nu bakal gedé pibeunangeunana. Lamun  suksés ngaliput ieu warta. Warta ahéng.  
Sieun? Éta mah meureun perbawa carita. Carita ti sakaol, timana-mana. Nu ngabéjakan yén Ieu pulo kacida sanget. Meujeuhna di sebut ‘Pulau Misteri’.  Pan cenah di ieu pulo nyimpen rupaning rusiah nu hésé dicaritakeuna. Rusiah ngeunaan lokomotif atawa rél karéta api titinggal bangsa walanda nu kungsi ngajajah. lila tara aya nu daék ngalanto ka ieu pulo. Tah, kuring hayang ngabuktikeun. Enya heunteuna. Enya ieu pulo dieusian ririwa. Ririwa nu saban usik ngaringkangan ngaheureuyan jalama nu luha loho  atawa ngaliwat ka dieu. Jeung na deui saha jalmana nu daék ngalanto ka ieu pulo, naon tujuanna. Paling gé nu rék naluntik misteri. Siga kuring nu kapaksa. Kapaksa jeung butuh. Gepokan duit dina panon teu weléh ngajurungkeun kuring sangkan miang.
Ti kajauhan  sora lokomotif  lep lepan. Hawar-hawar, gujesna  karéta api kadéngé. Teuing lebah mana. Pan ieu teh aya di leuweung. Di gunung gedé nu loba sato galak nyiruruk. Sora monyét jeung sabangsaning manuk mah geus puguh tatadi gé geus maturan. Ti lebah biwir Pulo kénéh. Malah pasanggrok pisan jeung sakadang monyet anu pating rarenyoh.  Pating gulantung kana tatangkalan.
Saméméh miang ngajakan heula sababaraha pawang. Pawang nu kacida ahlina pikeun meruhkeun sasatoan. Sato anu garalak anu ngahuni Pulo Panaitan. Teu poho mawa ahli mistik nu cenah bisa ngabantu kuring pikeun patepung jeung mahluk gaib.
                Kuring ngahuleng. Ngaréka-réka deui kecap jeung kalimah anu kaluar tina haté sangkan merenah. Teuteupan manco  kana layar, bari macaan kalimah anu ku kuring geus ditulis. Leungeun aya dina luhureun keyboard. Simpé. Kecap-kecap nu ngagugulung ngajarumat dina haté can aya nu bisa dituliskeun. Mancawura katebak angin peuting nu nyulusup tina sarisig jandéla. Hordéng ririaban katebak angin. Tiris. Gerendeng haté, bari ngarongkong jékét anu ngalumuk gigireun printer. Rap dipaké. Haneut meueusan, katiris rada ngurangan.
                Rét kana jam nu ngadaplok. Jam dua belas kurang lima belas. Katunduh mimiti ngagupayan. Tapi inget kana Deadline. Isuk jam 8 naskah kudu geus dibikeun ka rédaksi. Teuing atuh peuting ieu beut asa tunduh pisan. Pan, biasana gé kuring kuat begadang nepi ka tilu poé. Nyieunan naskah. Sigana kudu dibéré cikopi heula, gerendeng haté. Laju cengkat tina korsi. Jung nangtung. Murilitkeun awak ka kénca jeung ka katuhu.  Awak babatek heula.
                Sora sendal marengan kuring ngaléngkah. Mapay mapay hambalan dina tiap tangga. Muru dapur. Ngahaja ruangan kerja kuring di luhur. Lante dua. Méh teu nganganggu anak pamajikan lamun peuting keur loba pagawéan. Ngaliwat ka kamar pamajikan jeung barudak. Noong heula. Katingali pamajikan jeung nu jadi anak keur tibra. Kabita ningali maranehna saré nikmat pisan. Ngageubra.
                Tik...tak...tuk...tik...tak...tuk.... Ti luhur kadéngé sora anu ngetik. Didéngékeun atra. Ah, saha nu ngeutik tengah peuting kieu. Gerendeng haté. Bari terus ngaléngkah muru dapur. Déndéngéan, mereun ceuk haté. Teu madulikeun kana naon anu ku kuring kadéngé. Cur cipanas maseuhan cikopi anu aya dina gelas.  Ceug kana sendok, terus leungeun ngocékeun heula cikopi nu ngebul. Ngasaan saeutik. Nikmat.  
                Suku ngaléngkah kana hambalan dina tincakan. Tik...tak...tuk...tik...tak...tuk nu ngetik kadéngé deui. Léngkah ngarandeng. Nyidik-nyidik éta sora. Atra. Sora tina keyboard. Ah, sigana tatangga keur ngeutik. Ceuk kuring neruskeun léngkah. Dina hambalan anu terakhir. Karérét siga aya nu ngaringkang. Nangtung ti palebah korsi hareupeun komputer. Ngaleungit lebah kamar cai.  Rét kana komputer hurung. Siga tadi. Padahal biasana mah ditingalkeun lila sok robah. Robah jadi poto anak kuring. Pan Screen Saverna geus diaktifkeun. Tapi ning ieu mah hurung terus. Teu robah. Ngaragap korsi haneut. Siga urut nu diuk. Teu geruh. Barina gé bisi salah.
                Karék ngaranjug waktu ningali naskah dina layar. Beu, naha beut asa ngalobaan. Naskah anu tadi diketik rarasaan karék dua kaca ning ieu mah, geus tilu kaca? Kuring ngahuleng. Macaan naskah nu aya dina layar. Salah meureun ceuk kuring deuih. Sanajan dina haté pangjerona aya rasa kahemeng nu pohara. Komo lebah maca....
                Lebah tanjakan rénghapna ngahanju waktu ningali jelema gedé. Gedé pisan. Tapi beut euweuh sirahan. Dina lebah beuheung nu euweuh sirahan katingali getih kentel semu hideung ngimpel. “Kuring Goliat nu ngageugeuh Pulo Panaitan,” tina bujalna kadéngé sora. Tiap sora kaluar, bujalna ngagedéan. Persis biwir nu keur cumarita “Awas wani-wani nyabit tempat kuring ngageugeuh, komo wani nyebut ngaran kuring dina carita.”
                Kuring ngahuleng. Macaan kecap. Ingetan ngalalar. Nginget-nginget kana naon rupa anu geus ditulis. Enyaan tatadi can nepi kana kalimah éta. Komo geus nulis ngaran tokoh Goliat. Enyaan heunteu. Kabawakeun ku eusi carita, meureun. Kuring nyuruput cikopi dina gelas. Haneut. Ngabaseuhan dada nu tiis. Caméwék. Peuting beuki jempling. Laju ngetik deui nganggeuskeun hanca.
                Kusial. Beuteung ngusial. Duh aya-aya waé yeuh gogoda. Dina usum tiris. Beuteung jadi sasaran. Mules. Ditahan tahan teu bisa. Kojéngkang kuring muru kamar cai nu kabeneran pagigir gigir jeung kamar kerja. Teu poho mawa roko Samsoe sabatang. Méh nikmat. Sugan keur cindeten manggih ilham nu alus pikeun ngangeuskeun naskah sangkan éndingna hadé.
                Panon anteb neuteup lalangit. Nyipta-nyipta carita nu bakal anggeus. Nyipta-nyipta pijadieun carita ngarah nikmat jeung dipikaresep kunu maca. Tik...tak...tuk...tik...tak...tuk. Kadéngé deui sora nu ngetik. Atra. Persis ti gigir. Lebah komputer tempat kuring ngetik anu biasa. Kuring méléngékeun panto saeutik. Jempling. Ngan katingali aya nu ngaringkang teu pati écés. Saheulaanan panto muka. Taya nu nyoara. Panto ditutupkeun deui. Leng ngahuleng ngaraga meneng. Nyipta-nyipta éta ringkang. “Hadé, lah dijieun carita,” ceuk kuring ngeupeulkeun leungeun semu atoh.
                Tik...tak...tuk...tik...tak...tuk.... Kadéngé deui sora nu ngetik. Éh, éta tatangga tatadi ngetik tara biasana. Sigana si Amir keur sibuk nyieun skripsi, keun lah ngabaturan kuring nu sarua ngetik. Jeroning haté cumarita. Rérés ka cai. Langsung muru cikopi. Leguk. “Hah...naha kosong?” ceuk kuring nilik-nilik gelas. Sidik da tadi téh aya kénéh satengahna. Leuh na saha anu méakeun cikopi? Rét kana layar komputer. Hurung. Screen saverna teu aktif. Rét kana korsi semu kempés siga urut nu ngadiukan. Dicagap. Haneut.
                Moal sieun. Ceuk kuring jeroning haté. Rék neruskeun hanca. Hayang geura ngetik, geus aya ilham rék ngasupkeun tokoh nu ngaringkang téa. Leungeun ngaragamang kana keyboard, ngagésérkeun mouse ka béh handap. Rénjag kuring reuwas kabina-bina. Waktu dina layar komputer sidik tulisan nambahan. Tulisan hurup gedé kabéh make warna beureum.
                “Ceuk aing kumaha? Tong wani neruskeun hanca komo wani-wani nyabit ngaran Goliat.”
                Sanajan rada reuwas jeung sieun. Kuring nyoba-nyoba ngetik.
                “Na saha atuh manéh téh?”
                Teu kanyahoan dina layar nambahan tulisan.
                “Kuring Goliat.”
                “Saha manéh?”
                “Nu ngageugeuh Pulo Panitan. Asal ti Éropah nu milu ka walanda waktu ngabangun Pulo Panaitan.”
                “Di mana kuring bisa ningali manéh?”
                “Di dieu. Di tukang.”
                Gebeg. Rey teu pupuguh bulu punduk ngandelan. Selengseng kaambeu bau hanyir. Hanyir rohaka. Bau. Hayang utah. Tapi panasaran. Ret wé ka tukang. Sajongjonan kuring colohok ngembang kadu. Ngarérét kanu ngabelegbeg hideung. Siga kalangkang. Tapi sidik. Jelema badag. Ret ka luhur sidik euweuh sirahan. Beuki ka handap. Kuring beuki ngarénjag waktu ningali di lanté kamar beut katingali getih. Getih anu terus nambahan. Kentel semu hideung. Nyarakclakan ti béh luhur. Kaambeu bau hanyir nyelengseng.
                “Jur....Juriiig.” Pangrasa tarik. Tapi biwir rapet. Kemba. Taya sora nu ka luar. Hayang lumpat. Tapi teu bisa.
                Éta kalangkang leumpang ngaringkang. Waktu ningali kuring ngudupruk. Leungit palebah kamar cai. Sidik. Écés. Kuring gigisik. Ngegel leungeun satarikna. Nyeri. Bener ning teu ngimpi. Rét kana lanté. Gebeg. Sidik getih ngabayabah....Bau.
                Rét kana layar komputer. Beuki kagét waktu aya tulisan.
                “Tong diteruskeun carita ngeunaan Pulo Panaitan, bisi aya mamalana.”
                Antara sadar jeung teu sadar. Siga aya nu ngahipnotis. Kuring ngahapus naskah, mareuman komputer. Sssr karasa kana ceuli. ....aya ringkang. Bulu punduk cengkat, waktu ningali getih nu ngabayabah. Saeutik saeutik ngiles. Laju jeung ngilesna hiji ringkang. Ringkang di tengah peuting.***

Dimuat di Mangle, Kemis 4 Februari 2013


Tos Cair
Yeni       : “ Kumaha tos cair?”
Yani        : “Atos.”
Yeni       : “Alhamdulillah. Sabaraha juta?”
Yani        :”Naon tea?”
Yeni       :”Enya duit sertifikasi.”
Yani        :”Duka atuh.”
Yeni       :”Ari tadi cair?!”
Yani        :”Muhun, es batu...”
Nina Rahayu Nadea-Bandung


Ongkos Ngaput
Dana                      :               “Sabaraha ongkos ngaputna?”
Tukang ngaput  :               “150 rebu.”
Dana                      :               “Ieu atuh.” bari mikeun duit.
Tukang ngaput  :               “Kirang atuh, Pak. Ieu mah ngan 75 rebu.”
Dana                      :               “Ah sacukupna we. Da bogana ge ngan sakitu.”
Tukang ngaput  :               ????
Nina Rahayu Nadea-Bandung


Absen budak
Guru 1  :”Lieur ku barudak.”
Guru 2  :”Lieur kumaha?”
Guru 1  :”Absen barudak. Garoreng. Kehadiranna rata-rata 50%”
Guru 2  :”salah waktu, atuda.”
Guru 1  :”Maksudna?”
Guru 2  :”Coba ngabsenna keur Ujian Nasional. Dijamin budak hadir kabeh.
Nina Rahayu Nadea-Bandung


Pulang
Barudak               :”Bu, pulang bu...”
Guru                      :”Ke 10 menit deui.”
Barudak               :”bu, pulang atuh bu...” sora budak beuki gandeng.
Guru                      :”Jig atuh pulang ka rahmatulloh...”
Barudak               : Langsung jempe
Nina Rahayu Nadea-Bandung

Jumat, 01 Februari 2013

HaHaHa pinilih Mangle



Maca bewara nu aya dina Mangle, Kemis 31 Januari 2013. Gumbira. Dumeh tina 2 naskah anu dimuat ku redaksi. Hiji diantarana ' teu gaduh artos' kapeto janten haha pinilih Mangle. Alhamdulillah.

Ngadongeng heula...
Teu wudu hanjelu waktu kuring ningali naskah hahaha nu dimuat ngan 2 siki (Istri binangkit jeung teu gaduh artos) padahal nu dikirimkeun ka redaksi teh aya kana 5 judulna. Titenan ka 5 naskah dihandap. Padahal rarasaan mah alus. heuheu, muji ka sorangan.  Tapi ka hanjelu teu dipikiran terus. Keun bae, da geus biasa. Biasa naskah tara dimuat (kitu nu mindengna karandapan ku diri kuring) tara ieuh galider. Prinsip kuring, nulis, nulis jeung nulis.  Sangkan ajen tutulisan kuring beuki alus. Diajar terus diajar. 


Film Déwasa
“Teu kenging nonton film nu kieu nya, ieu mah film dewasa,” kuring mapatahan kanu jadi anak.
“Muhun, Mah.”
Sababaraha poe kaliwat...
“Mamah.... Nenek baong.”
“Kunaon geulis?”
“Tuh nenek baong. Nongton Film dewasa.”
Nina Rahayu Nadéa-Bandung


Tong Paséa
“Sok sing anteng maén laptop, tapi tong paséa.”
“Moal, Mah,” ceuk budak panggedéna.
Kurig anteng di dapur masak. Teu lila ti kamar kadéngé dor dar, paréa- réa omong. Kurunyung nu leutik ka dapur hariweusweus.
“Mah, itu geura paséa!”
“saha nu paséa téh, Éga?”
Éga sareng tétéh.”
Nina Rahayu Nadéa-Bandung

Teu Gaduh Artos
“Mah nyuhungkeun artos lah.”
“Bageur geulis wayahna nya, mamahna nuju teu gaduh artos,”
Kirining sora HP disada.
“Halo, badé ka saha?” ceuk budak kuring.
“Badé ka mamah aya teu?”
“Aya.”
“Kumaha mamahna damang?”
“Nuju teu gaduh artos.”
Nina Rahayu Nadéa-Bandung


Sanés Judul nu Abdi
Hiji mahasiswa datang ka tukang warnét.  Rék mangmenerkeun hasil skripsina nu dicurat corét ku dosén pembimbingna.
Éta wé, A, nu dicorétanna gentos.”
“Muhun,” témbalna bari anteng ngédit.” Ké ari ieu naha judul skrisina bet dicorét?”
“Da éta mah sanes judul skripsi abdi.”
Nina Rahayu Nadéa-Bandung


Istri Binangkit
“Mah, masak naon ayeuna?”
“Hapunten Papah. Teu kabujeng masak. Mamahna riweuh.”
“Duh, karunya teuing. Wios atuh teu kedah.”
“Alhamdulillah.”
“Mah, tapi geuning kumaheun wadah satumpuk.. terus seseuheun nambru kénéh?”
“Muhun saur Mamah gé nuju riweuh puguh gé.”
“Riweuh naon?”
“FBan sareng chating.”
Nina Rahayu Nadéa-Bandung