Kamis, 11 Desember 2014

Mangle

Dimuat di Majalah Mangle No 2504. Ping 4-10 Desember 2014. Wilujeng maos :)

Manglé Keur Emay
Ku Nina Rahayu Nadéa
                “Na, euweuh  deui lalaki lain? Mikir atuh. Sakitu urang hirup balangsak téh piraku rék meunangkeun deui nu balangsak.”
                “Téh, abdi sareng...”
                “Geus gandéng!” kuring ngajéngkat.  Muru ka kamar.  Brug panto kamar ditutupkeun satarikna. Teu... teu hayang ngadéngé Mamah anu ngageroan kitu deui Mina, adi kuring anu ngagukguk ceurik.
                “Téh, kunaon Tétéh meni ngéwa-ngéwa teuing atuh ka Dais? Naon atuh dosa abdi téh.  Naon waé kahoyong Tétéh ditedunan. Asal ngawidian abdi ngadahup.” Kadéngé sora Astri  ti luar kamar  atra. “Naha Astri kudu nungguan Tétéh nepi ka kolot? Nepi ka cetuk huis. Nepi ka iraha Téh? Astri  téh capé.” Kadéngé ceurikna balilihan. Kadéngé  si Mamah ngupahan.
                Teu... teu hayang némbalan. Cua kacida. Ngabayangkeun beungeutna gé mun kongang mah hayang nyiduhan. Geuleuh kacida. Teu nalipak manéh. Gusti... lamun bisa mah hayang ceurik jejeritan. Hayang ngaleungitkeun momot anu nalingkung diri. Sok asa ngarareunah kuring nu capéna, tisuksuk tidungdung néang kipayah. Ngorbankeun diri, teu mikiran kawin. Lantaran hayang nyakolakeun adi. Nyugemakeun nu jadi kolot. Hayang boga imah sorangan. Capé ngontrak waé imah. Pindah unggal taun. Capé ditagih hutang pédah elat mayaran.
Rarasaan mah perhatian kuring sagalana geus tamplok ka  kulawarga. Adi junun sarakola, bisa kuliah tur gawé. Kuring sorangan mah baé téh teuing ngan tamat SMA. Atuh ku keyeng nabung, bisa kalaksanakeun boga imah sanajan leuleutikan gé. Bisa méré jajan keur nu jadi indung matuh saban bulan. Kitu deui pangabutuh di imah, ti miiti sabun sagala rupa kuring nu nékel. Geus puguh béas, mayar listrik mah pan kuring nu mayaran. Da ari nu jadi adi mah ning mikiran pangabutuh keur sorangan waé. Sakitu gé bungah teu ngaririweuh deui. Norék manéh lamun kadéngé  haréwos parawan kolot ka kuring. Nu penting maranéhna bisa ningali, tah ku ayana perjuangan kuring. Indung senang, imah weweg, adi sakola luhur. Peun sakitu.
Aya nu peurih kaliwat saking. Haté gudawang lain meumeueusan. Astri... Astri.... Enyaan asa ku téga.  Ngarti, yén jodo mah urusan mantenNa. Tapi kahayang téh cik atuh.... Ah, hésé ngedalkeunna. Da puguh maranéhna geus kaeuntreupan duriat.  Kuring nyusut cipanon nu ngalémbéréh teu kaampeuh. Enya di hareupeun Mamah, Mina jeung Astri kuring téh katingali gagah.  Wani tutunjuk. Sosorongot. Padahal geus nyorangan mah. Ngan saukur ceurik jeung ceurik mikiran nasib.
Teu hayang lila dia lautan kasedih. Jung nangtung, gesut nyisiran. Neuteup gambaran diri nu némbongan dina kaca. Gurat-gurat kakolotan dina beungeut geus katingali. Sanajan maké make-up. Moal bisa dibobodo. Rap maké baju anu anyar meuli kamari. Rék jalan-jalan niiskeun pikir.
                “Jig, lamun keukeuh manéh rék kawin jeung lalaki éta. Ngan omat. Sanggeus dirapalan tong hayang cicing di imah ieu. Kudu langsung ngejat. Inget, ieu imah meunang  urang, lain meunang sasaha.”
                “Ssst. Téh.”  Mamah ngadeukeutan, rék ngalelemu.
                “Jeung tong hayang disaksian ku urang. Sok wéh kadinya suka senang nya. Anggap wéh urang mah euweuh.” Ngomong beuki sugal. Muka panto satarikna. Laju dipeundeutkeun leuwih tarik.
*
                Teuing sabaraha poé teu balik ka imah. Kitu wé kadang saré di kantor, kadang saré di babaturan. Teu betus ka sasaha gé perkara nu sabenerna. Teuing kétang ari jero-jeroan mah. Da pasti wé aya cakcak bodas. Keur mah eukeur pan di tempat gawé téh aya Wati, babaturan Astri. Piraku  teu diondang. Jeun teuing, gerendeng haté. Nu penting ayeuna mah moal mikiran nu di imah. Keun arantepkeun sina malikir, sugan karasaeun tah ku maranéhna  kumaha héséna néangan duit téh. Ngabantuan Mina onaman waktu manéhna kawin, rido pisan, biaya kawin kabéh ti kuring. Tapi ayeuna? Sanggeuk teuing. Keun wé si Mamah sina ngarasakeun kumaha lieurna ngatur nu rék hajat téh, bonganna mangmeunangkeun waé si Astri.  
                Haté kuring noroweco, asa bungah, ningalkeun imah nu pinuh ku masalah. Sugan pakucrut tah hajat téh, seuri haté lamun nepi ka kawirangan téh. Haha.... Kabéh geus pada nyaho  biaya sagala ti kuring. Ari ayeuna dina perkara ieu? ngarareunah teuing mangmeunangkeun si Astri. Geuleuh. Enyaan boga kolot téh asa teu ngarti. Dulur deuih kabéh saruana, sigana téh mangmeunangkeun si Astri. Taya saurang mangkluk anu ngarti kana haté kuring. Cipanon deui deui bedah. Najan ditahan,  najan kudu kuat angger wé, ceurik deui kuring téh. Geuleuh ogé ka sorangan nu céngéng. Ceurik jeung ceurik.  
                “May. Urang karokéan, yu.” Misna noél, siga nu ngarti kana kaayaan kuring nu sedih.
                “Hayu. Jam sabaraha ayeuna?”
                “Jam 7.”
                “Jam 7?”
                “Enya kumaha kitu? Horéam?”
                “Ayeuna téh malem Senén nya?”
                “Enya. Tumben nanya poé sagala.”
                “Lain. Asa aya nu tinggalan keur gawé isuk. Kuring ka imah heula nya. Ké ka dieu deui ngadon saré.”
                “Hayu atuh dianteur ku saya.”
                “Halah teu kudu. Pira gé ti dieu ka imah. Deukeut ieuh. Biasana gé ti kantor jam sapuluh peuting.”
                “Lain bisi kumaonam wé.” Misna neuteup kuring siga nu kasieunan.
                “Kalem moal aya nanaon. Ok.” Kuring ngabalieus, miceun benugeut, api-api nyokot HP nu aya na luhur méja. Inggis ieu semu kanyahoan. Yén aya kasedih nataku nu ngarunggunuk dina haté.
                “Nya atuh ari keukeuh mah.  Hati-hati.”
                Malam Senén. Berarti acarana geus bérés. Enya gé embung panggih jeung si Astri. Tapi beut asa aya nu lain. Hayang ningali suasana aula ayeuna. Aula nu poé tadi dipaké ngarencéng-rencéng si bebengok. Sugan aya béja yén acara téh ngérakeun jeung teu nyugemakeun. Tada teuing surak ieu haté. Sajajalan dipinuhan ku rupa panglamunan.
Ngéléhan manéh, ngorbankeun diri dapon adi-adi katut kulawarga senang. Asa euweuh niat hadé pikeun ngawangun rumah tangga. Sanajan enya teu ngabohong kétang, kungsi sababaraha kali hahadéan. Ngan nyéta tara dianggap serius ku kuring,  sakalieun aya nu serius gé, hayang nepungan ka kolot. Ih, haré-haré wé tara ieuh di waro. Alesan téh tacan kapikiran keur rumah tangga. Aya lalaki nu kacida bogoh ka kuring. Kitu deui kuring sabenerna bogoh ka manéhna.  Hahadéan jeung manéhna aya kana 4 tauna. Ngan manéhna can kungsi apal ka imah kuring.  Kitu deui kulawarga kuring, can kungsi apal yén sabenerna kuring boga calon. Asa can siap rarasaan téh. Ké wéh mun geus boga imah, lamun geus berhasil angkeuhan téh. Tapi dikersakeun manéhna beut pindah gawé ka luar propinsi, ti dinya pleng taya laratan. Padahal haté mah teu weléh sono, teu weléh miharep.
                Reg mobil eureun hareupeun aula. Teu langsung ka imah. Ngelemet ka aula, bisi aya jelema. Sanggeus katingali suwung, taya sasaha. Sup asup. Nelek-nelek sakurilingin. Katingali bayatak urut kariaan.  Sanajan geus diberesihan, sésa-sésa kariaan katingali. Korsi mah geus dibéréskeun merenah disisi, geus ditilep-tilepkeun. Leumpang beuki ka hareup, ka rohang utama. Paragi pangantén jeung tamu masamoan. Cingogo, waktu ningali manglé nu maluguran. Gancang dicokot diambung seuseungitna. Teup pameunteu kana korsi pangantén nu masih aya.
                “Bagja pisan nya, pami manglé éta tiasa aya dina sanggul Maya. Seungit. Bagja pisan, malati nu jadi saksi maheutkeun pasini.” Kuring neuteup ka pagantén awéwé nu sanggulna dipinuhan malati. Panjang nepi kana cangkéng. Katingali nambah nyari.
                “Pasti ké kalaksanakeun kénging manglé.” Manéhna ngagelenyu sarua neuteup pangantén.
                “Mun hoyong téréh nikah cenah kedah maok manglé ti pangantén.”
                Manéhna teu ngawaro. Ngan ngiles. Sigana keur nguriling kana dahareun. Tapi teu lila ngurunyung. Ngaharéwos kana ceuli. ”Manglé keur Emay ti akang.” Cenah nerapkeun éta manglé dina ceuli kuring. Seungit nakeran.
                “Kenging ti mana?”
                “Nu penting téréh laksana. Héhé.” Manéhna ngahéhé. Teu ningalikeun  jalma nu  malencrong. “Iraha atuh Akang tiasa ka bumi. Hoyong geura tepang sareng Ibu rama.” Teuing geus sabaraha puluh kali ieu pananya ditepikeun.
                “Insya alloh sakedap deui.” Dijawab ku imut. Leungeun pageuh nyekelan manglé, diambung taya kabosen.
                “Emay!” ti tukang aya sora. Lamunan nyinglar.
                Apal kana sorana. Ngarérét ka tukang bari jeung angger cingogo. Sapatu hideung, asa apal. Pasti. Ngayakinkeun, panon maju tina suku kana calana ka luhur kaméja biru. Enyaan. Bréh paadu teuteup jeung manéhna.
                “Dadan!” tipepereket nyekel manglé na ranggeuman. Nahan galura nu rosa jeroeun dada.
                “Emay. Hampura akang. Akang teu apal saha Astri. Hampura.” Cenah dumareuda.
                Kuring nangtung neuteup manéhna. Lalaki nu salila ieu dianti. Lalaki nu teu weléh ngagedurkeun birahi. Siga peuting harita, kuring sadrah dina rungkupan peuting, teu kawasa ku teuteupna. Peunting panungtung saacan manéhna ngiles.
                “Nitip Astri.” Ngan sakitu. Kuring kaluar ningalkeun manéhna. Ninggalkeun manglé nu maluguran katebak angin peuting nu rintih ngahaleuangkeun kingkin.***















Sabtu, 06 Desember 2014

Carpon Tribun Jabar, 22-24 Juli 2014


Lebaran Taun Ieu
Ku: Nina Rahayu Nadéa


                Dolly di pager beutis. Awéwé, lalaki, budak leutik tumplek. Lir gulang-gulang anu sayaga ngabéla raja. Inyana teu sudi nagara kameumeutna diranjah deungeun. Rido padungdung.  Sayaga nyanghareupan balai anu aya di hareupeun. Rido uculan. Rido raga paturay jeung nyawa. Lain bobohongan demi harga diri. Demi kahayang anu kacida gedéna.
                Pon kitu deui kuring sarua ngilu ka jalan. Dapon ngahargaan kanu lain. Aub jeung mangrébu jalma nu campuh ti béh ditu mula. Gotong royong ngabélaan nasib. Teuing geus sabaraha kali kikieuan. Geus teu kaitung. Tisaprak pamaréntah nyieun putusan yén Dolly keukeuh kudu ditutup.
Ngajajar weweg. Teu kaéléhkeun ku aparat, mawa pakarang. Beungeut diteregos. Badis téroris. Geuleuh sabenerna ningali gambaran diri sorangan. Nanaonan maké dibarulen kieu, pan biasana gé némbong-némbong orat. Naha ieu jeung maké panutup beungeut sagala? Wera. Pantes da sieun disorot ku  média. Inggis poto kuring jeung nu lainna sumebar dina média. Der, kéh kanyahoan ku nu di imah. Beu... beu... Si  Entat téh geuning gawé purah.... Hah, teu wasa sorangan neruskeun caritana gé. Tada teuing Ema jeung Bapak di lembur, gudawang haténa.
                “Urang kudu bajoang,” ceuk Mamih Nirce hiji poé.
                “Bajoang kumaha, Mih?” Lély malik  nanya.
                “Nya bajoang sangkan ieu wisma angger aya. Sangkan maranéh angger bisa ngabogaan duit pikeun maraban anak di lembur. Urang kudu tetep diajénan ku batur. Yén urang téh bisa mandiri.”
                Diajénan? Kuring neureuy ciduh. Kecap nu papalingpang jeung kanyataan. Moal aya nu ngajénan urang nu ngan saukur jadi runtah, jadi leutak dina lautan nirca. Sora haté beuki bedas. Ngamuara jadi sagara kingkin. Peurih Mih, kuring kikieuan téh, embung mun kudu disebutkeun mah. Hayang kabur. Hayang leupas. Hayang ngadukung  aparat. Ngadukung  para pamingpin nu bener-bener bisa nutup Dolly salilana. Kuring hayang ngejat. Haté ngocéak. Kedal ku ngagukguk.
                “Meunggeus Tati tong ceurik. Ngado’a wé sing remen, Mamih rék bajoang sangkan maranéh angger bisa gawé di dieu. Mamih rék nyieun rencana. Rék ngaharéwosan Pak RT sangkan bisa ngerahkeun masa.” Si Mamih ngaléos.
                Rébuan jalma moyég ngajajar... ngabaris lir prajurit nu sayaga nyanghareupan perang. Enya maranéhna sadia  ngorbankeun jiwa raga. Rido peperangan demi ngabéla bebeneran. Bebeneran? Naha bener kitu anu dilakonan téh? Pan geus pada nyaho maksiat téh dosa. Dilaknat ku Pangéran.
                “Lamun pamaréntah nutup Dolly. Perang heula jeung kuring.”
                “Cipanon Getih di Dolly, lamun pamaréntah teu ngagugu.”  tulisan dina spanduk katingali écés.
                Ngalawan  pamaréntah demi ngabélaan kahayang, demi ngabéla beuteung anu kudu dieusian. Rék timana deui pakasaban  lamun lain gawé di dieu. Enya ku ditutupna Dolly geus nyababkeun pugagna ékonomi mangrébu jalma. Lain ti ngan saukur PSK, mucikari tapi ogé pagawéan lain ti mimiti tukang parkir, tukang dagang, tukang béca kabéh kaleungitan pakasaban.
                Aya kabungah  saéstuna nyaangan haté kuring.  Kamar haté nu salila ieu medem kapoékan  éling, saeutik saeutik ngabaranyay. Keun, ngan kuring nu nyaho kumaha kabungah haté. Ti baheula hayang leupas tina dunya kotor téh. Ulukutek dina urusan rurujit. Ngan nya kitu téa. Ku kaayaan. Kuring geus dipenjara di ieu tempat. Teu bisa ngejat. Pan kuring sasat geus jadi primadona. Omsét si Mamih salaku mucikari naék sababaraha kali lipet sabada kuring aya di dieu. Pangabutuh  kanu keur di lembur kacumponan ku kaayaan kuring siga kieu.
                Sedih sabenerna. Hayang leupas tina ieu pagawéan anu sabenerna teu barokah. Ladang ngajual awak anu kacida dilaknatna. Ngan kumaha tadi gé geus disebutkeun, hésé keur ngejat.  Sababaraha urang bodyguard si Mamih teu weléh ngukuntit. Ayeuna aya warta yén Dolly rék dibubarkeun, enya asa ngalegaan alam dunya téh. Geus sababaraha poé teu aya anu transaksi. Si Mamih sieuneun aya nu datang ngagerebeg dina situasi genting kieu mah. Sanajan loba langganan anu kuduna dilayanan.
                Gusti... mugia ieu jalan keur kuring sangkan bébas tina pagawéan nirca. Ceuk kuring nyuuh dina pangsujudan. Asa bébas merdéka dua poé ieu téh. Ngalaksanakeun solat anu salila ieu tara dilakonan. Asa tengtrem, ayem ieu haté, enyaan asa bagja. Mudah-mudahan bener Dolly rék ditutup salilana.
                “Tat geus saré?” sora si Mamih  ngetrokan panto.
                “Teu acan. Ké sakedap.” Kuring gura giru ngudar mukena. Diasupkeun kana lomari. “Aya naon, Mih?” kuring mukakeun panto.
                “Aya picaritaeun sakeudeung.” Cenah bari jeung langsung asup ka kamar. Diuk dina biwir ranjang.
                “Kumaha?”
                “Tati apal kumaha kaayana ayeuna di luar?”
                Dijawab ngan saukur unggek.
                “Mamih gé teu apal, kumaha lalakon urang saterusna. Usaha mah eunggeus béak déngkak. Tapi mudah-mudahan wé bisa nuluy. Mamih karunya ka Tati nu geus betah di dieu, geus jadi primadona. Ogé karunya ka Lély, Lisna, Mérry  jeung nu lainna. Rék dibiayaan kunaon barudak di lembur lamun pagawéan ieu ancur....” Sorana dumareuda.
                “Ah, Mamih kuring mah atoh wé nu aya. Pan ti baheula gé apal. Hayang eureun tina pagawéan ieu. Hayang ngencar. Enyaan atoh... atoh. Mi...” haté kuring galecok. Omongan nu kahayang mah betus. Kadéngé ku si Mamih. Tapi teu kaluar tina tikoro.
                “Tadi aya surat. Cenah mah duit kompénsasi keur maranéh. Saurangna 5 jutaan. Wayahna isuk bawa. Mamih gé sarua rék kaditu. Ngan ku sorangan wéh nya méh puguh. Jing  ka ditu jeung nu lain.” Si Mamih mikeun sacewir kertas.
                Ditampa ku kuring bari gancang dirawatan. Duit 5 juta. Duit halal paméré pamaréntah nu ngahaja dibikeun ka sakabéh PSK jeung mucikari sangkan aréling, areureun tina pagawéan kotor. Tur dijadikeun modal.
                “Rencana Tati kumaha ayeuna?” Si Mamih neuteup kuring.
                “Duka.” Témbal téh halon. Hayang apal sabenerna naon kahayang si Mamih satuluyna.
                “Balik heula wé ka lembur. Di dieu keur teu aman, loba aparat, loba démontrasi. Mamih rék nutup heula ieu wisma. Jeung Kagok sakeudeung deui gé lebaran. Ké lamun geus aman ku Mamih ditelepon deui. “ Si Mamih nangtung ninggalkeun kuring anu keur ngahuleng.
                Balik ka lembur? Asa teu percaya kana dédéngéan bieu. Hayang mah ngajorowok bakat ku atoh. Pan salila ieu, can pernah kuring diidinan balik.  Sanajan kungsi sababaraha kali ménta ka si Mamih anggur dihaok.  Ti dinya mah ngabebetah manéh waé. Ayeuna kasempetan. Ya Alloh, mugia teu robah kaputusan Si Mamih. Kabayang budak kuring anu ditinggalkeun sigana geus gedé. Hayang ngarawu, hayang geura ningali manéhna. Budak hiji-hijina anu ditinggalkeun, disérénkan ka nini akina, sabada disérahkeun ku Kang Maman.
*
                Kabéh carinakdak, tinggarupay ka kuring waktu ninggalkeun Dolyy. Lély ngarangkul kuring kacida lila. Beurat papisah. Geus asa jadi dulur. Sapapait samamanis sabagja sacilaka.  Ayeuna sasat kuring nyieun kaputusan. Kaputusan anu dijieun kusabab aya lolongkrang ti si Mamih. Lolongkrang anu dipiharep bisa ngabébaskeun kuring tina sagala rereged. Ari maranéhna babaturan  téa? Majar masih betah di Dolly. Rék nungguan waé di Dolly, rék pait rék amis.  Jeung na deui lamun balik teu puguh rék gawé naon cenah.
                Jeung  enyana. Kuring gé can nyaho naon pilampaheun kuring sabada aya di lembur. Rék gawé naon? Rék ngabayuan budak jeung kolot kunaon. Tapi lahaula. Pan ieu kahayang kuring,  pan geus puguh di dieu mah duit tinggal ngarawuan, teu hésé nungguan lalaki nu gering daratang nyalampeurkeun sorangan, teu kudu ditéangan. Piduiteun geus sidik hareupeun. Babari. Enya babari pisan. Dina sapoé teu weléh ngaladangan. Lamun dipikir geus puluhan, meureun ratusan lalaki anu geus sapatemon jeung kuring. Lalaki nirca anu cenah teu cinta ka anak pamajikan, anu cenah dipangnyerikeun haté ku pamajikan pédah salingkuh.
Lalaki buaya. Lalaki  tolohéor. Pinter ngékol. Bari jeung geus ka imah mah angger nyebut sayang. Dasar nurustunjung. Pikasebeleun. Aéh, enya kétang meuning gé loba lalaki nu siga kitu méh dunya kuring angger haneuteun. Pan geus kabuktian ku kuring anu bisa ngabayuan Ema jeung Bapak di lembur.
                Cipanon murubut... dijajap panggupay ti babaturan. Kahayang mah angger jeung maranéhna, embung pipisahan. Ulah... ulah kaéléhkeun ku pangbibita. Pan kuring hayang babalik pikir. Kuring miceun lamunan. Tekad buleud kana putusan.
*
                Balik ka lembur teu disaha-saha, éstu dibagéakeun ku Ema bari reumbay cisoca.
                “Aéh Entat geuning,  bisa balik ayeuna mah. Naha teu méré ibar atuh. Nyaho Entat rék balik mah meureun disadiakeun kadaharan anu ngareunah.” Ema muka panto.
                “Hapunten Entat nya, Ma. Tambélar ka Ema.” Kuring nyuuh na lahunan.
                “Teu nanaon geulis, Ema  ngarti. Hidep gawé. Tihothat ngabélaan Ema jeung Bapak. Ngabélaan  budak. Tuh ku hidep geus katingali ladang hidep gawé. Imah weweg. Ema reunceum atuh tabungan di bank alhamdulillah boga, éta teh ku kakeyengan hidep geulis.” Ema némbongkeun leungeun nu pinuh ku geulang. “Anggursing Ema jeung Bapak  nganuhunkeun.” Ema ngomong cumalimba.
                Kuring rarat rérét. Enya geus robah 180 darajat. Basa ditinggalkeun téh, imah masih panggung, méh doyong ayeuna  robah jadi gedong anu weweg. Bagja, ningali paroman Ema nu hégar, kabulen ku pakéan anu hargaan.
                “Ma?” Kuring neuteup semu asa-asa.
                “Aya naon Tat?” Ema mencrong.
                “Teu nanaon mun Entat cicing di dieu deui?  moal deui indit ka kota, Ma.”
                “Ku naon?” Ema siga nu reuwas.”Di kaluarkeun di tempat gawé?”
                Kuring ngeluk. Teu wasa paadu teuteup jeung Ema. Kagambar rasa kuciwa Ema. Karék gé ngomong kabungah, ayeuna  meunggaskeun kabagja. Enya kabayang ku kuring. Sasat duit sabulanna ngocor gedé, ayeuna kudu dieureunkeun. Pasti Ema ngarumas.
                “Teu aya nanaon, Ma. Asa betah di lembur ning. Eya gé gawé Entat di kota ngeunah tapi ning haté mah teu bisa dibohongan. Agger maskét ka lembur.”
                “Enya keun atuh ari geus jadi putusan hidep mah.” Ema rumahuh. “Rék gawé naon atuh ayeuna  di lembur Tat?” Ema nalék.
                “Can kaémutan, Ma. Hoyong reureuh heula. Ké ku Entat diémutan.”
                “Nya moga-moga waé aya jalan,” ceuk Ema.
                Ema... ema naha geuning taya riuk kamelang kuring aya di kota. Haté halon cumarita. Ema mah percaya saratus persén naon anu ku kuring dipilampah. Enyaan teu melang Ema?  Ah, meureun Ema gé melang ngan baé kaubaran ku duit anu dikiriman ku kuring unggal bulan.
                “Sok geura éntépkeun ka kamar. Tah kamar Entat panghareupna.” Ema mawa babawaan ka kamar.
                “Nuhun, Ma.”
                “Ari si Ujang ka mana,  Ma?”
                “Keur dibawa jalan-jalan ku Bapak hidep. Ngabuburit  ka dayeuh.”
*
            Alloohu akbar… Alloohu akbar … Alloohu akbar … Laa ilaaha illalloohu walloohu akbar… Alloohu akbar walillaahilhamd...
                Sora takbir ngalanglaung. Handaruan meulahkeun simpe. Aya nu ngésétan kana haté ngadéngé éta takbir. Cipanon bedah teu katadah. Juuh maseuhan pangsujudan. Gusti kuring rumaos milampah nirca. Codéka geus dirungrum kekebul dunya, mugia anjeun ngahapunten sagala dosa abdi. Mugia anjeun maparin jalan tur pitulung ka jisim abdi, sangkan bisa ngaléngkah tetep dina jalan anu diridoi ku anjeun.
                “Entat... buru geura ka cai, bisi kabeurangan urang ka masjid. Solat Id. Jeung etah saré di dinya. Tiis atuh.”
                Kuring nguniang tina pangsujudan. Kasaréan satutas solat Shubuh.
                “Asa lieur puguh gé, Ma.”
                “Tong maksakeun atuh ari rieut mah. Istirahat waé.”
                “Hayu, Ma. Moal kua kieu. Ké gé cageur. Lebar... Meungpeung di lembur.”  Kuring nuturkeun Ema ka masjid.
                “Duh Entat meuni pangling. Alhamdullilah ning bisa lebaran di lembur.” Ceu wati anu aya di gigireun ngajak sasalaman.
                “Muhun. Alhamdulillah ceu?” kuring seuri konéng. Kumaha Mang Jaka damang, Ceu?” tamba heunteu teuing, kuring nanya. Da inget salaki Ceu Wati téh stroke basa kuring indit ti lembur.
                Ceu wati teu némbal.
                “Ssst, geus maot.” Ema ngaharéwos kana ceuli.
                “Hapunten, Ceu. Ngiring bélasungkawa.”
                “Teu nanaon Tat. Da geus lila. Ayeuna mah Euceu téh....”
                “Senang Entat. Tah turutan Ceu Wati, meunangkeun urang dayeuh, jalma jegud.  Sakeudeung deui gé Ceu Wati mah pindah ka kota.”
                “Ehm ... ngiring bingah atuh, Ceu.”
                “Keun dido’akeun ogé ku Ceuceu. Entat sing geura boga jodo deui. Teu ngeunah disebut randa téh. Karasa ku Ceuceu. Teu kaur ngalengkah aya wé piomongeun nu teu ngeunah.” Ceu Wati ngaharéwos. Meg, kana angen aya nu nonjok. Boa kalakuan kuring gé....
                Satutas solat Id kabéh ngantay. Sasalaman jeung papada warga. Kahayang mah tiheula muru imah. Asa can siap panggih jeung jelema loba. Ngan karunya ka Ema nu keukeuh hayang dibaturan. Antukna kapaksa ngantay ngilu jeung nu lain.
                Réma pataréma, silihampura. Sililubarkeun dosa. Teu kaur sasalaman da bari jeung nyusutan cipanon anu teu weléh bedah. 
                “Tati,” sora hiji lalaki écés.  Sorana ngingetkeun kuring ka hiji lalaki nu remen nganjang ka wisma Mamih. Balayar dina lautan cinta. Manéhna nu salila ieu mikanyaah mikahéman ka kuring. Kungsi dina hiji waktu mah balaka seja mawa kuring ti éta tempat. Rék dijieun istri sah ceunah. Kuring tanggah lalaunan. Bréh...
                “Kang Bény!”
                “Paingan kamari dipilarian teu aya. Ning aya di dieu béntang pujaan téh. Énggal ka ditu deui nya, akang sono.” Panon ngiceupan cunihin.
                Teu hayang némbalan. Anggur asa dijejeléh. Gusti geuning dunya téh heureut, naha atuh beut panggih deui jeung nu kieu.  Teu bisa kitu kuring ngaléngkah sabébasna. Hayang néang jalan nu hadé téh geuning sesah, ya Rabb. Kuring nyusut cipanon.
                “Tat, tah ieu salaki Ceuceu téh. Kadé nya.” Ceu Wati norojol  ngaléng leungeun Kang Bény siga nu kasieunan.***