Selasa, 06 November 2018

PKBM Cemerlang

Dimuat di Majalah Mangle, November 2018.  Walaupun narasinya banyak yang dipotong ternyata. But, alhamdulillah. hatur nuhun Mangle


Laporan
PKBM Cemerlang Wonosobo Nungtun Warga Belajar Pikeun Mandiri
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Sigana judul ieu cocog pikeun laporan nu dipedar ayeuna.  Lantaran kitu kanyataanna PKBM Cemerlang nu pernahna di Jalan Dieng Km.  4 Sibunderan 5/4, Kec. Mojotengah Kab. Wonosobo geus hasil ngajadikeun warga belajarna  mandiri. Mandiri lain waé dina widang atikan tapi geus ngarambah ka widang séjén nyaéta kaparigelan dina ngolah bahan carica tur dijadikeun bahan inuman. Ieu inuman  téh dijieun ku warga belajar nu aya di PKBM sorangan.  Atuh tangtu kaparigelan warga belajar aya punjulna ti warga belajar nu lain. Kaluar ti PKBM téh lian ti meunang pangaweruh ogé ngajadikeun maranéhna mandiri, tur  antukna bisa ngabogaan penghasilan sorangan.
                Éta nu nyababkeun Dinas Pendidikan Kota Bandung ngadeugdeug ka ieu tempat. Jauh dijugjug anggang ditéang lantaran aya nu dipaluruh. Maluruh rahasia atawa kiat khusus pangna  ieu PKBM tara towong ku murid anu daftar tur pada ngadeugdeug  ku turis doméstik ogé turis asing.
                Rombongan ditampa kalawan daria ku Ketua PKBM Anna Wardiyati. Lian ti ningalian rohang tempat diajar  ogé ningali langsung cara ngolah carica nu antukna bisa dikonsumsi.
                Kabéh masyarakat sabudeureun geus apal kana ketak Anna Wardiyati, awéwé teureuh Wonosobo nu lahir 34 tahun ka tukang  boga tekad pikeun ningkatkeun kaparigelan nu aya dina diri wajib belajarna. Dititénan kalawan imeut naon waé poténsi anu nyangkaruk dina diri siswana tur dirojong sangkan ngabogaan kahayang pikeun mandiri.
                Lian ti nyieun produk carica  hal lain anu dilakukeun ku PKBM Cemerlang nyaéta ngayakeun kursus pikeun warga belajar khususna, umumna pikeun masyarakat sabudeureun. Contona diajar mayét, tata rias, ngajait, nyieun baki hantaran pikeun kawinan, bordir jeung réa réa deui. Nu jadi kareueus téh yén Anna ngayakeun kursus téh kalawan haratis, asal aya tékad nu bener tur soson-soson nyuprih élmu, tinangtu hasil nu dimaksud.
                Lian tinu disebutkeun di luhur, ogé ngembangkeun budaya lélé dumbo. Ari lahanna? pernahna di handap kantor PKBM Cemerlang. Moal aya nu nyangka lamun handapeun kantor teh aya piaraan nyaeta lélé dumbo. Matak kataji puguh gé. Anna Wardiyati  geus ngarobah hiji lembaga anu biasana matak pikaboseneun  jadi   betah  tumaninah. Teu anéh lamun jumlah warga belajar anu datang ka ieu tempat teu weléh merul. Ngadeg tanggal 2 November 2004, meunang ijin operasional taun 2010. Diresmikeun ku Mentri Pendidikan dan Kebudayaan RI tahun 2013.  Ti ngadegna ieu sakola nepi ka kiwari Anna teu bosen nyieun inovasi ogé ngamotivasi karyawanna sangkan terus sumanget dina méré layanan ka masarakat ogé  méré motivasi sangkan maranéhna bisa mandiri.
                Jumlah warga belajar PKBM kesetaraan kurang leuwih 300 ngawengku pakét A= 61 urang, Pakét  B= 167 urang jeung Pakét C= 80  urang. Lian ti warga belajar nu umurna masih kénéh usia sakola aya ogé anu leuwih ti umur usia sakola, hartina geus maju ka kolot. Tapi teu diwilah wilah lebah méré pangajaranna, nu ngora atawa nu kolot dina nampa élmu téh éstu sarua. Kabéh murid kudu dibéré layanan anu alus. Ari waktu diajarna beurang, ti pukul 13.00 nepi ka pukul 16.00.
                Teu paaing aing deuih dina  emprona penerimana siswa baru téh. Lamun aya nu daftar ka PKBM heug umurna luyu pikeun di sakola formal dituduhkeun ku Anna  pikeun daftar ka sakola formal anu  pangdeuketuna. Kitu ogé sabalikna. Intina  aya hubungan anu alus antara sakola formal jeung PKBMna.  Sakola formal remen ngajak kerjasama ka Anna dina lebah pelatihan atuh PKBM ogé sok ngabutuhkan kerjasama jeung sakola formal utamana dina lebah UNBK, pan UNBK bisa kalaksanakeun kalawan lancar téh lantaran aya kerjasama jeung sakola formal.
                Enya pan ayeuna mah Ujian Nasional téh ku sistem online. Anna ogé kudu ngigelan jaman. Salila ieu sakola Nonformal sok teu pati dipaliré komo dina hal Ujian Nasional mah loba nu ngababarikeun. Nyapirakeun. Tapi Anna teu kitu. Ngatik barudak bener bener. Ngigelan jaman,  kudu UNBK. Tah dina prungna ujian ngiluan ka sakola formal téa. Jadi aya simbiosis mutualisme ‘saling menguntungkeun”.
                Loba ogé anu dicaritakeun ku Anna waktu Dinas Pendidikan Kota Bandung nganjang ka ditu. lebah guru/tutor  anu ngajarna ti ditu  ti dieu. Anna ngalaksanakeun manajemen personal dina hal ieu. Embung lamun PKBMna ngan saukur dipaké nyambi. Anna hayang pagawé anu aya di dieu fokus jeung utama ngajar  di dieu. Teu ngarancabang pipikiran. Lantaran hayang ngaronjatkeun sagalana téa. Jadi Anna ménta ka tutor sangkan milih rék dimana induk gawé nu sabenerna.
“Tibatan midua meunding mundur waé ti dieu,” tandes Anna.
                Tangtu  kudu aya pangiket sangkan tutor betah, éta pisan anu dipikiran ku Anna. Salila ieu geus pada apal yén honor tutor téh saeutik, matakna loba nu nyambi ti ditu ti dieu gé dapon meunang kasejahteraan anu ningkat. PKBM anu dikokolakeun ku Anna méré reward ka para tutorna. Lian ti gaji pokok aya tambahan lain, diantarana tina kehadiran, disiplin jeung réa réa deui.  Kehadiran geus maké sistem finger print. Karyawan anu absénna alus bakal leuwih gedé meunang gajihna. Mingkin gedé tingkat kahadiran mingkin gedé ogé gajih anu katampa ku pagawéna. Malah bisa ngaleuwihan  UMK sagala. Ieu meureun anu nyababkan  para tutor  betah aya di PKBM Cemerlang. Katingali ti jumlah nu ngalamar ka ieu PKBM teu weléh loba. Taun ieu aya kana 200-an anu ngalamar.
                Ditanya ngeunaan waragad pikeun mayar tutor anu sakitu gedéna Anna ngécéskeun   yén  kauntungan tina produk carita téh dialihkeun deui pikeun kamajuan PKBM Cemerlang sorangan. Misalna waé gajih tutor, meuli kabutuhan PKBM.
                Produk Carica geus kawentar. Malah nepi ka diekspor sagala diantarana ka nagara Malaysia, Thailand, Vietnam, Saudi Arabia. Mingkin gedé profit anu katampa,  pangaweruh warga belajarna mingkin ngalobaan. Sabab Anna ogé ngajak warga lain, lian ti warga belajar pikeun ngiluan kursus.
                Pengharagaan anu geus dicangking ku PKBM kaitung loba. Ieu diantarana: Juara I Tungkat nasional produk kategori minuman buah ti Kementrian Perindustrian RI, Juara I tingkat nasional lembaga PKBM pangalusna tahun 2016 ti Kementrian Pendidikan RI, Pinilih produk tingkat nasional  dina Pameran ASIAN Games di Jakabaring Pelambang Sumsel tahun 2018, jeung réa réa deui.
                Teu anéh lamun Dinas Pendidikan Kota Bandung ngahaja datang ka ieu tempat bulan Séptémber anu kaliwat. Lian ti Kepala Dinas Pendidikan Kota Bandung Elih Sudiapermana, hadir ogé  Kepala Seksi Kelembagaan Peserta Didik Yayat Karyati Liestiani jeung penilik sarta staf di lingkungan Disdik Kota Bandung.
                Elih miharep sangkan ku datangna para penilik ka ieu tempat bisa mulungan élmu pangaweruh. Penilik di Kota Bandung kudu bisa ngalarapkeun elmu positip anu geus katampa ti ieu tempat.
“Mudah-mudahan naon anu geus katampa tur katempo ti PKBM Cemerlang bisa dilakonan di Kota Bandung kalawan daria. Intina kudu aya sumanget anu terus ngagedur sangkan naon anu dipiharep bisa laksana kalawan nyugemakeun,” tandes Elih.

Kepala Dinas Pendidikan Kota Bandung Elih Sudiapermana jeung Rombongan di PKBM Cemerlang Wonosobo

Ngolah bahan carica jadi inuman

                Nina Rahayu Nadéa. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Tulisannya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Bayuwangi, dll