Selasa, 28 Februari 2017

Taun Baru nu Alum

Dimuat di Majalah SundaMidang, 25 Februari-25 Maret 2017 No 148.



Taun Baru nu Alum
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Taun baru téh biasana sok ditunggu. Taun nu bakal mawa kabagja, mawa pangharepan nu geus disidem diuntun. Résolusi anu geus diajam ti taun saméméhna, kudu bisa dilaksanakeun munggaran dina poé taun baru.
                Tapi keur kuring asa horéam. Asa embung nyanghareupan. Ginggiapeun. Enya ogé teu meunang nyalahkeun waktu. Tapi haté can bisa tumarima. Taun baru angger gudawang keur kuring. Sataun panceg. Haté can lipur, angger alum ku ngaran anjeun.
                Geus diajam ti saacanna. Dina taun baruan rék arulin sakeluarga. Hayang ulin nu rada jauh nyingkahkeun rereged tina kahirupan sapopoé. Kuring geus ménta cuti ka kantor ti saanggalna. Kitu deui salaki. Ngahaja diklopkeun bisi paburencay tanggalna. Apanan barudak gé lalibur. Jadi hayang jalan jalan. Karunya ka barudak geus lila tara taun baruan ka luar kota.  Di jero kota mah geus bosen cenah. Karunya mah karunya sabenerna. Ngan kumaha atuh apanan kuring katut salaki sarua gawé. Teu bisa peré lila. Jadi mun taun baruan téh nya di jero kota waé. Sangkan teu nganganggu kana  gawé.
                Ayeuna mah diniatan ti sanggalna rék iinditan. Méh barudak répéh. Geus paheut jeung salaki rék ka  luar kota. Lian ti nguriling ka dulur, ogé rék ka hiji tempat anu geus kamashur. Téras Cihideung. Lian bisa ningali kaéndahan alam anu alami sarta hawa anu seger di dinya disadiakeun sagala rupa kaulinan barudak ti mimiti outbound, kolam renang keur barudak, lapangan futsal. Kitu deui villa geus nyampak di dinya.
                Ari nu jadi lanceuk. Giak nakeran basa dibéjaan rék kaanjangan téh. Pantes. Ampir sataun teu panggih. Perkara nyéwa  villa mah teu waka dibéjakeun. Engké wé angkenan téh dina waktuna nganjang rék langsung dibawa ka villa.
                “Pokonan kudu lila di dieuna nya, méh jalan-jalan.”
                Ngan saukur dienyakeun. Ngarah jempé. Barina gé rék lila kumaha. Cuti ménta 3 poé katambah beureum sapoé. Jadi 4 poé. Geus leuwih ti cukup keur kuring mah. Keur niiskeun pikir. Ngabagjakeun barudak katut dulur.
                Teu hayang ngariweuhkeun dulur di kota. Enya ogé pada ngajak pada ngangkir.  Pan niatna gé rék senang senang lain rék nyusahkeun dulur. Nu puguh mah ngajak dulur kabéh pikeun daratang ka villa anu geus diséwa. Sanajan mimitina nganaha naha. Naha heunteu di imah lanceuk atawa di imah Ibu. Sanggeus dijelaskeun mah. Satuju. Atoh  nu aya.
*
                Nyubuh ti lembur, sanggeus bébérés sagala rupa tur nyiapkeun kendaraan. Langsung indit kanu dituju. Macét. Ngamaklum. Liburan barudak sakola lila jeung taun baruan. Teu sing dijieun aral. Dinikmati saja. Sababaraha kali eureun heula di jalan waktu macét. Ngadon sésélpian. Salaki gé saruana. Pipilueun. Biasana mah tara. Sok cegikan lamun ningali nu sélfi téh.
                “Deuh. Papah tumben yeuh hoyong dipoto sagala.”
                “Keur kenang kenangan atuh. Barina gé pan Papah mah tara dipoto.” Ceuk salaki bari ngagaya basa digonjak ku si bungsu.
                Datang ka imah lanceuk. Sakeudeung. Nyampeur jeung ngajak ka villa.  Nu jadi kabungah téh Ibu nu biasana tara daék iinditan. Harita mah milu. Teu sing diolo, siga nu enggeus enggeus. Langsung ngaenyakeun waktu ku kuring diajakan.  Ibu mémang kacida sibuk. Sibuk ngalayanan sémah nu datang ti mamana. Salila ieu Ibu geus kakojo tempat pananyaan. Teu daék ari narima paméréna mah. Niatna ngan ibadah. Cenah mah ucapan Ibu saceduh metu.  Tiap kanu datang Ibu sok omat-omatan, yén hasil heunteuna mah anging Alloh nu nangtukeun. Jalma mah ngan sakadar ihtiar wungkul.
                Ngan asa ku anéh. Ibu meni maskét pisan ka kuring. Pan biasana gé tara. Teu pati deukeut ka kuring. Sok jeung lanceuk. Malah nyarita waé perkara kahirupan. Yén hirup manusa mah geus diatur ku Alloh. Jodo pati bagja cilaka kabéh geus aya titis tulisna. Sing saha jalma anu iklas tumarima kana papastén ti anjeunNa, kaasup jalma anu alus. Kitu nu karegepkeun ku kuring sapanjang jalan. Dijawab ngan ku unggek waé. Teu pati merhatikeun.
                Datang ka villa geus nyampak kadaharan anu ngareunah. Tinggal ngahénggoy. Teu kudu capé masak. Da ngahaja nyéwana sakalian jeung cateringna. Lugina haté bisa nyugemakeun dulur dulur. Bisa samemena ngobrol jeung namplokeun ka sono.
                “Tah Ibu mah resep ningali maranéh kieu téh. Akur jeung dulur. Omat kudu silitulungan jeung silipihapékeun.” Ibu nyarita basa keur riungan. “Ibu mah embung ningali pacogrégan sadulur dulur. Banda teu boga. Rék naon anu diagulkeun. Ningali maranéh tingtrim siliajénan jeung nu lain éta nu leuwih ngabagjakeun. Komo mun Ibu geus euweuh mah. Ulah nepi ka simpay kulawarga téh pukah.”
                Diaminkeun ku anak incu kabéhanna.
                Satutas ngariung harita, Ibu teu kungsi nyarita deui. Langsung ka kamar. Teu ka luar nepi ka isukna. Asmana kanceuh. Kabéh jadi alum.  Hariwang nataku. Teu wani ninggalkeun.  Panon Ibu neuteup lalangit. Ditanya teu ieuh ngajawab.  Leungeunna teu eureun nyekel tasbéh. Ngagerenyem teu eureun.
                “Kunaon, Bu?” kuring nanya ka Ibu. Waktu panon Ibu ngagilir neuteup kuring, anteb.
                “Sing sabar geulis.”
                “Kunaon Bu?” Antara kagét jeung bungah. Kagét, pédah Ibu nyebut sing sabar. Bungah, Ibu ning ngajawab pananya kuring. Sanajan ukur nepi ka dinya. Biwirna kemba deui. Basa diusapan, aya nu merebey tina sela panona. Disusut ku salempay. Angger teu eureun merebey. Bangun nimu kasedih anu pohara.
Aya nu ratug kana angen. Seseblakan teu puguh. Ibu angger kemba bari jeung wirid teu euerun. Kuring beuki teu eureun dieutreupan hariwang.
Ka luar sakedapan ti kamar basa aya nu jadi lanceuk, Téh Wawat. Kuring ningali ka luar. Barudak arulin suka bungah. Aya nu gagalayunan, aya nu anteng ngojay. Kabungah jeung kasedih piligenti némbongan. Kabungah ningali barudak kuring jeung budak dulur anu katangen anteng layeut arulin. Kasedih inget kana omongan Ibu. “Sing sabar geulis.” Pondok.  Inggis aya nanaon anu tumiba. 
                “Nit... Kang Marwan ka mana? Si Atit tatadi nelepon teu diangkat waé. Aya penting cenah.” Teh Cucum, lanceuk kuring, indungna Atit nanya.
                “Aéh enya,  ka mana nya?” Karék inget. Salaki ti subuh kénéh ka luar ti villa. Can embol embol. ”Aya naon kitu si Atit? Aya di mana ayeuna budakna?”
                “Aya proyék anyar cenah,  Nit. Manéhna ayeuna keur di jalan rék ka dieukeun.”
                “Sukur atuh. Kang Marwan mah paling gé kukurilingan. Resep ningali kembang cenah. Aralus.”
Atit,  gawéna jual beuli mobil. Bangenan manéhna mah. Bulan ayeuna teuing geus sabarahiji mobil anu dijual. Lumayan tah untungna. Najan untungna saeutik, asal ayaan. Daékan. Di mana waé sok disusul. Matakna teu milu  ka ieu acara ti kamari téh,  néangan mobil Katana kolot, aya nu minat. Kabeneran aya babaturan urut SMAna  rék ngajual. Ayeuna rék ka salaki kuring, sigana rék nanyakeun deui perkara mobil. Mun teu salah mah minggu kamari salaki nyarita, babaturanna rék ngajual mobil.
                Inget ka dinya. Geuwat nelepon salaki. Teu aktip. Kitu deui BBM na teu aktip. Ih, ka mana atuh. Kuring nangtung. “Kadé Ibu nya.” Kuring ngelol ka kamar. Nyarita ka Téh Wawat.
                Kuring  ka luar villa bari teu puguh cabak. Pangpangna inget waé ka salaki.
“Aya Kang Marwan téh?” Teh Cucum nanya deui.
                “Puguh, keur nugguan ieu téh. Matak kesel.”
                Keur anteng ngobrol, aya nu ngagorowok semu rusuh.
                “Tétéh...”
                Dilieuk, Mang Ébéd. Badégana Téh Wawat.
                “Téh.... Kang Marwan.... A... aya dina kamalir.”
                Ngarénjag. Kabéh muru ka tempat. Enya wé salaki nangkarak bengkang. Langsung digotong ka jero villa. Ka kamar Ibu. Beuteungna gudawang. Katangen getih ngimpel semu hideng.  
                “Kang...” kuring ngarumpuyuk
                “Sing sabar geulis...” Ibu nyarita. Tasbéh nu keur dicekelna murag. Arucutan.
                “Ibuuu...” ***

                 


Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Bayuwangi, jrrd

Rabu, 22 Februari 2017

UNBK Ningkarkeun Ajen Kajujuran

Dimuat di Koran Galura, 22 Februari-28 Februari 2017. Alhamdulillah


UNBK Ningkatkeun Ajén Kajujuran?
Ku  Nina Rahayu Nadéa
Guru / tutor kesetaraan UPT PK PNFI XI Dinas Pendidikan Kota Bandung
                Barudak sakola khususna kelas IX, XII ogé guru guru ayeuna keur tatahar. Tatahar dina raraga nyanghareupan UNBK nu sakeudeung deui baris dilaksanakeun. Jadwal SMK 3-6 April 2017,  SMA 10-13 April 2017. Susulan SMK jeung SMA  18-19 April 2017.  SMP/MTS  2 Mei – 4 Mei, terus disambung 8 Mei 2017, sedengkeun susulan SMP 22 Mei- 23 Mei 2017. Ngahaja meureun teu dilaksanakeun babarengan, sangkan sakola bisa silitulungan dina urusan sarana prasarana.   
UNBK-Ujian Nasional Berbasis Komputer nyaéta Ujian Nasional ngagunakeun komputer anu geus dilengkepan ku software anu husus disadiakeun pikeun ngalaksanakeun UN  tur soal anu dipaké bobotna sarua jeung UN tertulis. Siswa diuk dina korsi anu geus disadiakeun, nyanghareupan  komputer. Soal sapuratina geus nyampak di dinya. Tinggal login ku cara ngasupkeun user name ku nomor peserta anu geus aya. Terus ngeusian pasword nu dibagikeun. Cukup ku ngagésérkeun mouse ka lebah jawaban sarta langsung klik.
                UNBK dipiharep mampuh ngungkulan masalah anu saban taun kajadian. Naskah soal bocor téa,  nu méré jawaban téa, jeung rupa rupa deui.  Nu pasti mah tiap UN pasti wéh loba oknum anu naréangan cara sangkan hasil UN nyugemakeun. Nu dipiharep sangkan nilai peserta alus, atuh ngaran sakola kabawakeun seungit. Ningali kana hal éta mah UN téh acan bisa dijadikeun ukuran murni keur ngukur kualitas, lantaran budak nu biasa biasa, bisa waé meunang peunteun nu alus. Kitu deui sabalikna. Tah ieu  anu nyababkeun pamaréntah néangan cara lain pikeun ngaleungitkeun hal négatif. Ku cara UNBK.
                Soal tiap peserta can tangtu sarua. Jadi mustahil barudak naranyakeun ka batur lantaran soalna béda. Anu jadi kahariwang téh, lebah komputer anu érror, heug tumiba ka budak anu pinter. Atuh bisa waé meureun peunteunna jadi leutik.  Masalah sarupa ieu kudu jadi pamikiran saacan UNBK dilaksanakeun.      
                Semi online meureun  pantes disebutna. Lantaran  peserta teu ngirimkeun jawaban langsung ka pusat. Maranéhna mah cukup login terus ngerjakeun soal anu geus aya. Sarta lamun geus bérés tinggal log out.  Anu boga pancén ngirimkeun jawaban barudak nyaéta proktor.  Jadi  pancén proktor satutas UNBK nyaéta mengunggah jawaban peserta ka sérvér pusat, dilakukeun tiap sési lekasan.
                Barudak teu kudu hariwang lamun aya masalah lantaran bisa nanyakeun ka pengawas, ka proktor atawa teknisi. Anu kudu diperhatikeun ku pamaréntah nyaéta ngeunaan waktu ti bérés UNBK lekasan nepi ka proktor ngunduh jawaban peserta ka sérvér pusat. Hal ieu penting pikeun ngaleungitkeun prasangka anu teu hadé perkara UN.    
Siap atawa teu siap UNBK tinangtu waé kalilaan mah bakal dilakukeun sacara nasional. Kabéh. Walatra. Sanajan enya ayeuna karék léléngkah halu. Tapi ti taun kamari gé geus aya sabenerna ujian berbasis komputer téh,  ngan can ramé siga ayeuna. Tapi lamun can kabéh ngalaksanakeun UNBK, dimaklum. Lantaran sarana prasaranana can nyumponan. Sanajan geus kaijir yén UNBK  bakal nambahan préstise. Nambah gaurna keur ngaran sakola sorangan.  Nambah kareueus. Komo deui meureun lamun hasil UNna nyugemakeun.  Moal pasti pada ngajugjug tah sakola téh.
                Nu teu ngiluan UNBK, bisa waé disebut jadul. Terus meureun sakolana disebut teu up to date.  Ceuk barudak téa mah ‘Hari gini tidak UNBK? Apa kata dunia?’. Sabenerna tong mangmang nyanghareupan UNBK, Barudak pasti mampuh. Sanajan tinangtu aya waé anu gapték, ah, tinggal dideukeutan jeung dibéré motivasi waé.
                Balik deui kana masalah kajujuran. Bener heunteuna UNBK bakal ningkatkeun ajén kajujuran? Gumantung ka séwang séwangan. Pan tadi geus disebutkeun yén jawaban barudak atawa peserta teu langsung dikirim ka pusat. Tapi ngaliwatan  proktor heula.  Terus ku sistem UNBK, barudak  babari muka internét. Ngabrowsing ngeunaan materi anu diUN-keun. Néangan jawaban. Tinggal nanyakeun waé ka Mbah Google. Geus rimbil jawaban. Tuh pan? 
                Anu kudu dipikiran deui, ngeunaan peserta anu datang rék ngalaksanakeun Ujian. Kudu diperhatikeun bener-bener. Bisi waé aya jurig nyiliwuri siluman nu mindah rupa. Aya joki. Dina UNBK mah meureun bisa waé ieu dilakukeun. Lantaran teu maké LJK. Barudak cukup ngeusi jawaban dina komputer, atuh jawabanna  teu maké tanda tangan, béda jeung manual. LJKna wajib maké tanda tangan.
                Nu pasti urang ngadu’a waé sangkan UNBK anu baris lumangsung April nepi ka Méi téh aya dina kalancaran. Jeung deui tong aya pihak anu keukeuh hayang ngagedékeun peunten UN. Percayakeun ka barudak. Alus goréng peunteun,  éta meunang sorangan. Lamun rék ku urang ngadidikna rék ku saha deui? Nilai Kajujuran kacida penting. Leuwih gedé ajénna batan peunteun anu ngajeblag dina SKHUN-Surat Keterangan Hasil Ujian Nasional.***

Senin, 20 Februari 2017

Potret Dunya Atikan Firda

Dunya Atikan Firda. Dimuat di Tribun Jabar, 18-Februari 2017. Bahasan kana Carpon 'Nu Muguran Samemeh Mangkak'. Hatur nuhun Tribun Jabar. Hatur nuhun Kang Cecep Burdansyah oge ais pangampih Tribun sanesna.



Potret Dunya Atikan Firda
Ku Nina Rahayu Nadéa
Bahasan kana carpon- Nu Muguran Saméméh Mangkak. Dimuat di Tribun Jabar, Salasa 7 Fébruari- Kemis 9 Fébruari 2017
                Firda Aulia. Ngahaja nyieun carpon jejer pendidikan. Pikeun ngageuing ka pamaréntah ngeunaan dunya atikan jaman ayeuna meureun. Pan guru téh kuduna digugu jeung ditiru. Tapi ku jaman ayeuna ajén guru mémang geus nyirorot. Loba barudak anu teu sieun ku guru. Béda jeung baheula. Guru kacida dipihormatna.
                Guru numutkeun Undang-undang nomor 14 Taun 2005:  pendidik profesional dengan tugas utama mendidik, mengajar, membimbing, mengarahkan, melatih, menilai dan mengevaluasi peserta didik pada pendidikan anak usia dini jalur pendidikan formal, pendidikan dasar dan pendidikan menengah.
                Tugas guru  sabenerna lain ngan saukur ngajar wungkul tapi aya nu leuwih ti éta. Ngatik ngadidik barudak dina perkara ahlak. Penting, sangkan teu kabaud ku hal négatif. Matakna pamaréntah nerapkan pendidikan karakter. Pendidikan karakter dipiharep mampuh ningkatkeun ahlak barudak nu beuki pikahariwangeun. Hal éta anu nyababkeun pamaréntah nyieun kamandang sangkan ngayakeun sakola full day. 
                Dina carpon ieu? tugas guru anu  ngadidik téh katémbong lebah ngolo tokoh ‘kuring’ sangkan terus sakola. Malah wani nyumputkeun masalah nu keur karandapan ku muridna. Nyaéta masalah  kakeunaan narkoba, améh teu dikaluarkeun ti sakola. Ngan éta lebah ngajak, ngolo, beut asa teu matut.
“Wina téh pan jangji  ka Bapa badé leres semester ayeuna mah. Matak énjing mah kedah sakola nya. Bapa sono.”
Dina enyana gé guru nitah asup sakola ka muridna. Asa teu kudu maké kecap sono sagala.  Tapi kahemeng éta téh kajawab, waktu maca carpon saterusna. Yén geuning aya hubungan khusus antara kuring nu ngaran Wina jeung guruna nu ngaran Pa Yayan. Lain hubungan murid jeung guru wungkul. Aya hubungan antara awéwé-lalaki, ngeunaan rasa kasuka. Sanajan teu dicaritakeun  kabogoh heunteuna. Da dina endingna mah geuning Pa Yayan teu jadi milih Wina, anggur milih awéwé lain nu dijilbab sarta bulan hareup rék kawin. Dipapantes boga hubungan téh pédah manggih kalimah:
....basa harita dilalahun ku pa Yayan di kosanna. Leungeunna nu lemes ngusapan sagala rasa, ngayun ngambing sukma  nu hanaang ku  asih.....
Geus matak geregeteun deui waé. Pa Yayan salaku guru anu kuduna méré conto nu bener piraku wani ngalakukeun kitu ka muridna. Ah, lain eunteung keur urang saréréa.  
                Ngahaja lain ngan saukur nyaritakeun perkara pendidikan wungkul, tapi diadumaniskeun jeung masalah asmara. Méh pogot nu maca. Numutkeun Adang S, dina buku ‘Diajar Ngarang Carita Pondok’ Penerbit Pustaka Buana (kaca 4), aya sababaraha patokan anu bisa nyumponan sarat hiji carita pondok. Salah sahijina limited focus: nu maca nuturkeun  hiji tokoh utama nyaéta kuring sanajan nu ngarang ngagunakeun tokoh séjén. Konsisten ti awal nepi ka ahir, nu maca digiring nuturkeun tokoh kuring.
                 Aya sababaraha kecap salah ketik. Misalna lalanjug kuduna lalanjung. Aingah meureun kuduna aing mah, nglalakon kuduna ngalalakon. Alusna dina ieu carita, nyaéta nyaritakeun saujratna perkara anu kaalaman ku barudak sakola ayeuna. Narkoba, tawuran main gadget geus biasa. Masalah anu sabenerna lain ngan saukur dipikiran ku guru tapi ogé ku kolotna sorangan di imah. Kulawarga kudu méré perhatian anu leuwih. Lain ngan saukur diwowoy ku duit.   Siga dina ieu carita Wina kabaud ku hal négatif lantaran teu aya kaasih ti indungna. Dina kanyataanna, loba barudak anu bermasalah di sakolana lantaran  broken home. Kurang perhatian ti indung bapakna.
                Salaku guru dina ieu carita mémang geus alus dina  ngolo kuring sangkan sakola deui. Méméh budak disérénkeun ka bépé atawa kepala sakola, inyana leukeun mamatahan tur méré panyumanget  sangkan  asup deui sakola. Ku cara méré perhatian. Kudu diinget perhatian ti guru kudu nétral tong pro kanu itu kontra kanu ieu. Kudu walatra.
                Mamatahan budak ku cara anu leuleuy anu dipiharep budak bisa sadar. Balik ka jati dirina salaku pelajar. Ari pelajar mah  hirupna lain di jalan, gaul jeung botol atawa obat-obat terlarang. Tapi gaul jeung barudak di lingkungan sakola jeung buku pelajaran.
                Kaayeunakeun loba kasus anu matak muriding bulu punduk. Kasus anu dilakukeun guru ka muridna, misalna asusila atawa kekerasan fisik. Kudu diingetan deui yén syarat jadi guru  nyaéta:
1.       Guru kudu ngabogaan poténsi akademik, ngaliwatan sakola mininal S-1 atawa D4
2.       Guru kudu ngabogaan kompeténsi pédagogik, kepribadian, sosial jeung profésional
Pédagogik nyaéta kamampuh guru ngelola pembelajaran.
Kepribadian nyaéta mibanda sikap  suri tauladan keur barudak, tur jadi picontoeun.
Profésional nyaéta mampuh neuleuman jejer atawa materi anu dibikeun ka barudak.
Sosial nyaéta kamampuh guru pikeun hirup kumbuh babarengan sili ajénan antara murid, guru ogé lingkungan sabudeureunna.
3.       Ngabogaan sertifikat pendidik.
4.       Séhat jasmani jeung rohani.
5.       Mampuh ngawujudkun tujuan pendidikan nasional.
Éta syarat kacida pentingna tur wajib kapimilik ku guru. Nu dipiharep mampuh ngungkulan masalah dina widang atikan jaman kiwari.***

Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Bayuwangi, jrrd