Selasa, 24 Juni 2014

Kolom dimuat di SundaMidang 25 Mei-25 Juni 2014


Milih Minantu
Ku: Nina Rahayu Nadéa

                Kudu saliksik jeung ati-ati ku jaman ayeuna. Ati-ati dina milih piminantueun. Tarapti. Caringcing pageuh kancing saringset pageuh iket. Moal aya nu rido salaku kolot mikeun anakna ka picaloneun anu can tangtu juntrungna. Can tangtu turunan. Pan ceuk kolot mah urang téh kudu milih  bibit, bébét jeung bobotna.
                Bibit hartina ditingali heula kumaha turunanana. Saha kolotna. Naha jalma anu hadé atawa heunteu. Bébét hartina kamampuh dina widang ékonomi. Naha geus nyumponan atawa acan.  Ari bobot nyaéta neueulkeun kana perkara kualitas.  Alus heunteuna akhlak, atikan ogé agamana. Katilu hal éta  ditoong ku para kolot pikeun milih  piminantueun.
                Anu sakira-kira cop jeung lelembutan tinangtu waé éta nu kapilih. Tapi teu kitu kanyataanna. Salaku kolot anu méré hak asasi anu leuwih ka budakna, maranéhna leuwih méré kakuasaan pinuh kanu jadi budak pikeun milih pisalakieun. Sanajan enya ari kahayang mah tinangtu waé anu alus anu euweuh cawadeun.
Tingpurungkut. Heunteu wé meureun  nyebut cadu mah. Lamun pareng nu nganjang téh kuleuheu jeung purah ka sawah. Da kahayang kolot mah angger wé meunang piminantueun téh nu gandang komo urang kota mah.
Bakal kataji pisan lamun calon anu dibawa kunu jadi budak téh nganjang bari jeung maké mobil sarta boga pagawéan maneuh. Éta geus tangtu jadi nilai anu leuwih keur hiji kolot. Sanajan  ngan saukur nilai luarna. Nilai jerona? Kudu ditingali sing asak perkara kaimanan. Anu utama na mah meureun kudu saréligi, jeung sapamadegan nyangking dina kapercayaan.
                Sanajan teu ngabibisani ku jaman ayeuna loba kolot anu silo.  Ngalolongkeun panon ningali nu anyar datang tina jalma anu jegud. Tinangtu dirawu dipangku. Nu penting sarenang saruka bungah. Bro di juru Bro di panto. Kabutuh gancang kacumponan.
                Leuwih kataji deui piminantueun pejabat mah. Leuwih ti istilah dirawu dipangku. Geus tangtu pada ngarontok. Rido anakna dijieun istri kadua atawa ngan saukur nikah siri. Nu penting materi muruluk euntreup ka maranéhna. Teu lila mikir. Nu dipamrih sangkan komara maranéhna gé kabawa ngaronjat. Sanajan pamustungan angger katiban lara. Palebah pajabat anu  unggah baléwatangan kabaud kasus korupsi.
                Ari calon piminantueun téa? Tinangtu nyieun sagala cara sangkan caina hérang laukna beunang. Ngalaksanakeun sakabéh pamaksudan kalawan daria. Teu sirikna sagala laku lampah dihadé-hadé. Nu dipalar sangkan kanilai ku pimitohaeun sarta bisa ngajiret pasangan. Jeung nu leuwihna kolot bisa nyaluyuan kana hubungan maranéhna.
                Teu anéh lamun loba kajadian. Keur bobogohan mah cenah kalakuan hadé pisan. Loba pamahugi ka pimitohaeun. Tapi ari geus jatuk rami? Beut tojaiyah. Nu tadina daréhdéh bageur jadi kumed. Anu tadina sagala merhatikeun kahayang calon mitoha sarta teu elat barang béré jadi haré-haré lamun geus jadi minantu.
Éta ogé  mindeng kadéngé pagutreng jeng gétréngna antara mitoha jeung minantu. Sarua égo jeung sarua embung ngéléhan.  Kajudi, salaku kolot angger ngarasa boga hubungan kuat, sagetih jeung nu jadi anak, moal bisa dipupus kitu waé. Sanajan nyaho maranéhna geus rumah tangga asa aing boga hak pikeun nyawad jeung nangtukeun sikepna anu ceuk maranéhna teu merenah.
Ari minantu? maranéhna asa aing geus jadi minantu. Katalian ku iket nikah. Geus bisa nangtukeun hak jeung mesatkeun wewenangna pikeun mutuskeun hal anu ceuk manéhna bener téa. Paduli ceuk mitoha teu bener. Nu penting mah pan hiji salaki téh geus jadi imam keur anak pamajikan. Loba ogé salaki anu keukeuh peuteukeuh kanu jadi pamajikan sangkan nurut salilana ka maranéhna teu ningali ti sisi ti gigirna.
Loba ogé kajadian kolot jadi paneumbleuhan budakna. Lantaran kawin ka pilihan kolot. loba ngatur kana kahirupan anak-anakna. Nu dipalar sangkan anakna bagja dina urusan rumah tangga. Ninggang dinu pilihan teu bener? Antukna, Loba kolot anu tijalikeuh. Cilaka ku pamolah sorangan lantaran milih calon anu salah. Nu antukna anak jadi korban. Budak ayeuna téa béda jeung budak baheula gampang kasigeung jeung boga prinsip sorangan. Tapi aya ogé nu tungut kana kahayang kolot pikeun jatukrami jeung pilihan kolot.
Tapi loba oge anu nepi ka backstreet. Kawin rerencepan, teu kasakisian ku indung bapa sumawona meunang pangdeudeul jeung doa. Paralun teuing.
Niténan jaman kiwari jeung jaman bihari memang kacida loba perbédaanna. Mukaan lambaran lalakon anu diguar dina buku heubeul éstu ngajang urang nyaba ka alam panineungan. Nyuaykeun mangsa baheula anu tinangtu jadi lalakon indung bapa-karuhun urang. Loba pangaweruh anu nambahan mun urang gemet nyaliksik maca buku ‘Mitoha Kuring’ Wedalan Mandalawangi Bandung 1976. Buku buhun anu angger méré komara. Nganteurkeun lamunan ka waktu anu geus kalarung.
                Kumaha hémpak jeung dariana para patani nyanghareupan usum tatanén sangkan kaala hasilna anu mucekil. Teu sirikna sagala tarékah dilakukeun sangkan nyugemakeun. Sanajan aya hal anu tojaiyah jeung kahirupan ayeuna. Kumaha tékad kolot anu rido ngorbankeun anak gadisna sangkan boga minantu ka bulu taneuh. Rék sakumaha méncrang jeung geulis éta budakna, tapi aya pangrasa lebar lamun budakna Nyi Enok dibikeun ka juru tulis atawa guru. Titél anu ukuran harita mah kacida dipihormat jeung dipiajrihna. Nu dipihareup ku maranéhna sangkan minantuna bisa turun ka sawah.
                Demi alesanan nolak. Simpel. Maranéhna mikiran  sawahna anu keur meujeuhna butuh tanaga. Rido nolak kanyaah juru tulis jeung santri guru. Lantaran sieun panén teu katanagaan.
Sanajan aya carita atawa laku anu goreng dina ieu carita nyaéta perkara nginum bir atawa arak parang paré bérés dipibuat. Curak-curak barang dahar cirining saruka bungah anu pohara.
                Loba tarékah  dilakukeun ku para patani lian ti miara pepelakana. Anu boga anak awéwé, teu sirikna didangdanan sangkan midang turun ka sawah. Sangkan dina  balikna maranéhna bisa ngagiringkeun lalaki. Atuh dina meunangna nu ngagiringkeun téh salaku kolot pohara bungahna. Tapi dina lebah anakna euweuh nu ngagiringkeun tarékah langsung dilakukeun. Ti mimiti ngadangdanan anu jadi anak tug nepi ka meuli pélét anu matih. Kabéh dilakonan sangkan anakna geura aya nu  ngabandang.
                Ari anu jadi pilihan kolot dina milih minantu téh nyaéta; Kahiji, anu panonna gedé jeung hirup. Nandakeun tangginas gawéna. Kadua, anu pundukna ngabendul ciri jalma kuat nanggung. Katilu, dadana rubak  nandakeun gedé wawanén. Kaopat, anu peupeuteuyanna mecenghul, ramona barebeng jeung besekel nandakeun kuat ngulangkeun pacul. Kalima, sukuna keker bitisna raweng ku urat dampal sukuna jébrag nandakeun jalma anu getol gawé.
                Carita dina  mitoha kuring,  sederhana tapi kacida mundel eusina. Kumaha kamelang hiji kolot mikiran sawah anu lega  keur jaga turunan anak incuna. Kumaha tungut jeung hormatna hiji anak-Enok kana kaputusan kolotna. Daek kawin ka pilihan kolotna sanajan heunteu aya kacinta. Ngarti kana kahayang kolotna pikeun neruskeun hanca kolot dina widang tatanian.
                Mangga badé milih nu mana?  Pejabat anu didasi bari jeung kabaud kasus hukum atanapi anu ramona barebeng, sukuna jébrag, nandakeun jalma nu getol gawé?***