Sabtu, 31 Desember 2016

Dewi Sartika Jaman kiwari

Dimuat di Majalh SundaMidang, 25 Desember-25 Januari 2017


Dewi Sartika Jaman Kiwari
Ku  Nina Rahayu Nadéa
                Dewi Sartika. Wanoja sunda, dibabarkeun di Bandung 4 Desember 1884, pupus di Tasikmalaya 11 September 1947. Gaurna memang teu pati kadéngé. Kaéléhkeun ku R.A Kartini, Cut Nya Dien, jeung lainna. Mangrupakeun tokoh Sunda  anu kacida gedé jasana pikeun kamekaran pendidikan khususna wanoja sunda. Nya manéhna pisan anu boga patekadan anu kacida alusna  pikeun ningkatkeun martabat wanita  anu asalna kalingkung ku adat, hengker ku kaayaan. Apanan jaman harita mah awéwé téh cukup cicing di imah waé ngawulaan nu jadi salaki. Peun. Hal ieu kasaksian  pisan ku Dewi Sartika. Indungna Rd Ayu Rajapermas sakitu tuhuna kanu jadi salaki, nepi ka waktu salakina-Rd Rangga Somanegara dibuang ka Ternate pan indungna gé nuturkeun nu jadi salaki, ninggalkeun budakna kaasup Dewi Sartika anu leutik kénéh. Dewi Sartika anu harita  kelas 3ELS (Europesche Lagere School) kudu eureun sakolana.
Dewi sartika dibawa ku Uwana, Patih Cicaléngka. Tah di dieu, Dewi sartika diajarkeun elmu kaparigelan awéwé.   Misalna: masak, ngatur méja, cara neundeun dahareun, cara maké séndok jeung garpuh, cara nyarita, dangdan jeung réa réa deui. Ieu élmu téh kacida gedé mangfaatna pikeun Dewi Sartika. Yakin yén éta élmu bakal aya manfaatna heunteu waé keur dirina tapi ogé keur nu lain. Gaul jeung abdi dalem harita teu dianggap leutik haté anggur beuki ngasah rasa, ngatik dirina.
                Kabuktian waktu indungna balik. Ngaligeuh. Hirup ngan saukur gumantung ka batur. Da memang mimitina ukur ngawulaan nu jadi salaki. Dewi Sartika hojah. Nyanghareupan ieu kaayaan ku kasadaran. Metakan pangabisana anu geus kacangking. Harita di tukang imah manéhna ngajarkeun rupaning élmu kawanojaan sarupaning ngaput, masak, jeung réa réa deui. Tina ladang ngajar  bisa mantuan kahirupan sapopoé. Lantaran loba nu mére béas, uyah, kalapa ka manéhna.  Kadieunakeun ngajar téh nambahan.  Ngajarkeun maca, nulis, ngitung, sarta ngajarkeun ogé bahasa sunda, malayu jeung walanda.
                Dewi Sartika anu pinter ku hiji kadua. Pinter sacara akademik lantaran meunang gembelangan élmu waktu di  ELS tur pinter kaparigelan waoja waktu inyana aya di Uwana. Éta élmu téh heunteu waé dikeukeuweuk ku sorangan. Tapi Dewi Sartika boga paniatan anu kacida luhung.  Hayang ngangkat martabat  jalma sederhana anu aya di sabudeureunna. Nasib kaom wanita  di jaman penjajahan harita mémang kacida prihatinna. Teu bisa mekarkeun diri sumawona sakola luhur. Hirup ngan saukur, kasur, dapur jeung sumur téh lain bohong. Tah Dewi Sartika embung ningali siga kitu.  Atribut nu ayana dina dirina salaku turunan ningrat heunteu nyababkeun dirina gedé hulu malah mandar nyieun amalan nu hadé keur balaréa. Noblese Oblige-Keningratan membawa kewajiban.
                16 Januri 1904 Dewi Sartika  muka Sakola Istri nu mangrupakeun sakola wanoja munggaran  di Indonesia. Ruangan anu dipaké  nyaéta pendopo Kabupatén Bandung. Mingkin ka dieu jumlah muridna ngalobaan. Antukna sakola ogé nambahan réa.  Enya Dewi Sartika mah lain ngan saukur méré gagasan atawa ide wungkul tapi nepi ka dirina sorangan terjun ka lapangan. Terus ngadidik muridna sangkan pinter. Kahayang ngamajukeun wanoja sunda téh kacumponan. Janggélék sakola istri mangrupakeun bukti nyata yén manehna geus bajoang. Pantes, lamun Dewi sartika diajén Pahlawan Nasional.
                Kahayang jeung kamuliaan Dewi Sartika pikeun ngamekarkeun pendidikan ningkatkeun martabat wanoja sunda teu bisa dianggap pira. Perlu terus dimekarkeun deui ku wanoja jaman kiwari. Wanoja sunda kudu sakola luhur sangkan teu dianggap réméh. Teu meunang gampang boboléh. Tingali Dewi sartika dina kaayaan prihatin tapi sumangetna ngagedur sarta keukeuh hayang nambahan pangaweruh wanoja Sunda. 
                Kiwari? Memang kacida lobana wanoja sunda anu geus mekarkeun diri. Sakolana laluhur. Awahanna mingkin ngalegaan. Heunteu waé ngan saukur dina dunya pendidikan, tapi geus ngalegaan ka widang séjén. Politik, Olahraga, kaséhatan jeung réa réa deui.
Tingali waé dina kahirupan sapopoé. Di sabudeureun urang. Awéwé sarua digawé siga lalaki. Sarua néangan nafkah.  Jaman ayeuna awéwé lalaki kudu paheuyeuk leungeun dina ngambah sagara rumah tangga. Masalah ékonomi jeung masalah lainna kudu ditungkulan ku duaan.  Kahayang ngamajukeun anak-anak, kulawarga mémang butuh perjuangan. Awéwé jaman kiwari teu bisa ngan saukur cicing di kasur dapur wungkul.
                Ogé kudu bisa ngabuktikeun, yén wanoja téh bisa jadi pamingpin. Heunteu waé ngan saukur lalaki. Dewi sartika geus ngabuktikeun. Ciri ciri kapamingpinanan geus aya di dirina. Ti mimiti ulin ‘sasakolaan.’ Pon kitu deui waktu kulawargana aya dina masalah. Sagalana jadi pecut dirina sangkan bisa terus bajoang ngaleungitkeun bangbaluhna.
                Ngadu’a anu pohara. Sangkan lahir Sartika Sartika anu leuwih tangguh. Anu bisa ngungkulan masalah negeri anu beuki dieu mingkin pabeulit. Dewi Sartika anu angger tara aya kahariwang. Teuneung ludeng makalangan nyanghareupan jaman. 
                Tapi aya kahariwang anu pohara. Nitenan kaayaan kiwari. Perkara élmu kawanojaan anu   geus luntur.  Élmu masak, ngawulaan nu jadi salaki jeung lainna ilang. Kasieun perkara émansipasi wanita anu kabamblasan. Harendeg, mun ningali awéwé nu sukses karierna, pukah dina urusan rumah tanggana lantaran mandang  yén salakina aya di handapeun. Teu satata. Robah pamadegan.  Loba awéwé nu antukna asa aing pangluhurna dina sagalana tur teu ngajénan ka salaki -ka kulawargana.  
                Dewi Sartika mah heunteu kitu apanan. Ngadumaniskeun kapinteran akademik jeung kaparigelan wanoja. Ngadumaniskeun dua duana dina kahirupan sapopoé. Éta nu kudu diinget. Yén wanita sunda teh kudu lahir jeung maju  bari angger inget kana kodratna. Kodrat anu nepi ka iraha waé moal leungit. Awéwé angger  kudu hormat ka salaki, nu  jadi pigur pikeun anak-anakna. Awéwé bakal jugala lantaran aya nu ngadukung ti tukangna saha deui ari lain salaki atawa kulawargana.  Dewi Sartika tetep jadi awéwé tohaga lantaraan aya nu  ngadukungna- Raden Agah Suriawinata, diantarana.  Wanoja sunda kudu maju dina ajeg ajeg kodratina.***
                 

Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Bayuwangi, jrrd

Dina Congo Balati

Dimuat di Majalah SundaMidang, 25 Desember-25 Januari 2017. Alhamdulillah. Hatur nuhun kang Dudi. hatur nuhun Sundamidang


Dina Congo Balati
Ku Nina Rahayu Nadéa

           
            Sora musik mingkin bedas, maturan haté nu simpé. Peuting beuki ngolotan. Isukan poé  anu bakal nangtukeun  nasib. Poé anu biasana ngandung kasuka jeung kagumbira, lantaran baris tepung jeung babaturan sapangaresep. Anu ngarti kahayang diri. Ah, enyan bakal jadi carita anu béda. Matak seunggah. Kahayang Bapak  teu sapagodos jeung lelembutan.  Sirah nyanyautan, congo balati  nojosan sirah nojasan dada. Mangrébu ringkang nu geus kalakon ting pucunghul narémbongan.
            “Nanaonan Garda, manéh keukeuh ngagugulung nu kieu?” Bapak muka panto kamar. Nyoékeun brosur. Dialungkeun  hareupeun beungeut. “Ceuk aing kumaha ti baheula tong  ulubiung dinu kieu. Naha manéh hayang angger hirup balangsak? Tuh tingali babaturan aing. Ti baheula nepi ka kiwari hirupna taya menyat, gara-gara ngurusanan nu kieu. Angger sangsara mun kudu dicaritakeun mah. Naha manéh bisa  dahar tina ladang tutulisan. Bisa teu? Coba mana buktina?”
            “Pak... Ab...”
            “Tong waka motong déngékeun sakali deui ku jejebir manéh. Moal... moal bisa hirup tina dunya sastra. Sing inget manéh boga anak pamajikan. Pikir. Timana salila ieu kahirupan manéh jeung pamajikan. Saha anu nanggung. Aing! Teu karunya ka kolot nu gawé tihothat ngabélaan manéh. Deuleu deuih, gara-gara kalakuan manéh, pamajikan jeung anak manéh hiji-hijina nepi ka balik ka lembur. Éta téh ku naon? gara-gara manéh. Geus capé mapatahan manéh. Nya ari  bedegong, keukeuh kana kahayang. Pék, kumaha karep waé. Ngan omat mun aya nanaon deui tong  ménta ka kolot. Dahar ti ayeuna ka hareup, sok tanggung jawab sorangan.”
            “Muhun, Pa. Abdi badé diajar tanggel waler. Ieu pertanggungjawaban abdi ka balaréa, lamun acara ieu bolai. Tada teuing geunjleungna jagat sastra.”
            “Jagat sastra... jagat sastra... Digajih sabaraha manéh?”
            “Muhun Pak, perkawis éta mah yaktos teu acan. Ngan...”
            “Lah... nanaonan gawé euweuh gajihna, kacapé-capé. Sok mun keukeuh kana pamadegan. Rék kitu waé nepi ka modar, mending indit ti ieu imah. Jig hirup mandiri, méh Bapa tenang.” Bapa diuk dina biwir ranjang. ”Regepkeun Darga. Lain Bapa teu panuju kahayang manéh. Lain teu ngarti. Ngan Bapa téh nyaah ka manéh jeung turunan. Matakna ti baheula gé  dikuliahkeun. Méh manéh boga kahirupan anu alus. Kuboga titél sarjana, saeutikna bisa gawé di kantoran.“ Bapa ngomong rada leuleuy. “Da ieu mah kumaha atuh, kuliah teu bérés da loba ruang riung. Ngiluan organisasi teu puguh. Moal kuat Ujang anaking lamun hidep ancrub salilana di dinya. Neundeun pangharepan anu gedé. Kudu réalistis, Jang. Hirup téh butuh ku duit.” Bapa ngusapan sirah, katangen juru panonna ngeyembeng. Baseuh. “Kamari, Mang Baid ti Kalimantan nelepon, aya lowongan gawé cenah di perusahaanna. Keun ngan boga ijasah SMA gé sing gedé haté. Asal  serius wé cenah, bakal ditulungan. Ieu tawaran Bapa anu pamustungan. Lamun hayang robah kana nasib,  jig tuturkeun Emang.” Bapa ngaléos ti kamar. Teu saeutik ogé méré kasempetan ka kuring pikeun cumarita.
            Rét kana brosur anu bayatak. Mulungan. Sawaréh geus rajét disoekun. Brosur nu dijieun dialus-alus. Ngadesain aya kana samingguna, mélaan kurang saré, dapon acara sukses. Kitu ge demit da bisi kanyahoan kunu jadi kolot. Pangpangna méh loba anu ngaluuhan acara. Promosi. Sangkan maranéhna nu asalna teu mikaresep kana  budaya sunda, minimal katarik  atina ku maca ieu brosur.
            Lain... lain karna pédah kuring jadi salah sahiji calon dina pemilihan ketua. Geus sabaraha puluh kali kuring nolak. Ngan ku haben ditawaran sarta dikeukeuhan, majar teu serius micinta budaya sunda. Antukna léah. ‘Paguyuban Seni sunda’. Paguyuban anu nepi ka ayeuna éksis dina urusan kabudayaan sunda. Loba sirung-sirung anyar nu mucunghul, nambah gegekna kancah dina kasusastraan sunda. Matak reueus. Enya kuring kacida reueus. Teu rido mun nepi ka budaya sunda leungit, teu rido lamun nepi ka majalah atawa koran  basa Sunda leungit. Mun leungit téh pasti kuring bakal panghareupna démo.
            Reueus kacida lamun majalah atawa koran sunda dieusi ku pangarang anyar. Nandakeun yén generasi ka generasi kasundaan tetep mayeng. Moal eureun.  Matakna kuring teu bosen ngilu riungan. Di mana waé aya kagiatan kasundaan teu weléh disusul. Mastikeun sunda téh aya. Moal leungit. Moal kalindih ku basa deungeun. Sina nyarahoeun tah kabéh anu salila ieu  apatis kana budaya sunda. Komo ka nu nyebutkeun yén taun saanu bahasa Sunda téh bakal leungit. Moal. Kuring mastikeun moal leungit. Matakna tah riungan kudu aya. Komo nepi ka gebyar saalam dunya.
            “Kadé Garda, obatna bisi poho. Bisi karugrag deui gera.  Bieu Emang manéh nelepon. Dua poé deui rék ka dieu nganjang. Sakalian ngajemput manéh cenah.” Bapak ngelol ti lawang panto.
            Omongan Bapa, ngeureunkeun panglamunan jeung harepan. Laluncatan teuing ka mana. Rét kana ubar nu aya dina meja. Nalangsa  eutreup na dada.
            “Pak, seratan abdi dimuat, Pak.” Kuring némbongkeun koran kanu jadi Bapa dina hiji waktu.
            “Hem:” Ukur sakitu, bari jeung teu ngarérét rérét acan. Kana angen aya nu nenggel. Jauh tina panyangka. Sugan téh nu jadi Bapa rék muji bébéakan, méré pangrojong sangkan kuring sumanget nulisna. Meureun keur capé pikir téh. Waktu hiji poé keur rinéh, basa Bapa katingalina keur sugema. Kuring ngahaja némbongkeun deui carita anu kabeneran dimuat.
            “Pa. Ieu seratan Garda anu kadua. Kénging ide waktos kamari Bapa angkat énjing-énjing, mulih wengi. Nyaritakeun hiji Bapa, anu kacida sumangetna dina nganafkahan kulawarga. Nuhun. Pa. tos maparin ide.” Kuring imut bari jeung  némbongkeun koran.
            “Garda. Tong serius teuing nulis téh. Anggursing kudu mikir ka hareupna, naon cita-cita engké, néangan  jalan pikeun menyatkeun kahirupan.”
            “Hoyong jadi penulis.” Kuring tatag. Neuteup Bapa.
            “Pikirkeun deui, Da. Omat tong ancrub kana hal éta.”
            Kandeg? Moal. Ngelemet. kuring angger ngiluan sarupaning kagiatan kasundaan. Rajin nulis jeung ngirimkeun ka media.  Bagja temen bisa ngahasilkeun karya. Bisa dibaca ku balaréa.  Kumpul jeung babaturan anu saihwan, sapangaresep jadi batur kuring pikeun nambahan amunisi, énergi pikeun tutulisan. Ti dinya ogé rajin maca sarta nyicil meulian buku. Hayang gera ngabuktikeun kanu jadi kolot. Yén tina ladang tutulisan kuring bisa hirup.
            Nyeri haté kacida waktu balik ka imah. Buku geus teu aya.
            “Pak, buku dina lomari luhur dikamanakeun?”
            “Geus di kaloakeun. Tah dibeulikeun deungeun sangu.” Bapak nunjuk méja makan.  
Gusti kudu kumaha abdi, kuring nyuuh  kana  méja. Dua poe  nu jadi Mamang rék ka dieu. Ngajak kuring  gawé. Rét kana ubar nu nambru, rét kana tagihan rumah sakit nu ngagantung dina paku. Siga nu ngahaja Bapa neundeun di dinya. Sangkan kuring éling. Sangkan kuring nurut kana kahayangna. Ngajauhan dunya sastra. Rét deui kana poto budak jeung pamajikan nu ayeuna geus di lembur.
            “Saha anu nebus manéh ti rumah sakit. Saha anu mayaran obat?  Aing Garda!” Sora Bapak ngajelengéng kénéh kana ceuli basa  karék kaluar ti rumah sakit
            Kacapi suling ngagelik tina HP. Sabaraha lila teu diangkat. Sorana beuki ngagelik,  beuki neungteuingan. Cipanon teu kaampeuh bedah.
            “Wilujeng wengi, Kang. Kade bilih hilap. Minggon téa aya riungan  di aula. Tong hilap brosurna candak. Seueur  nu naroskeun.”
            Sirah nyayautan. Congo balati mingkin bedas nojosan dada jeung sirah.***
           
           
           
Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Bayuwangi, jrrd

Kamis, 29 Desember 2016

Diary Pulas Ungu

Mangle 2573, 14-21 April 2016


Carpon Manglé Gaul
Diary Pulas Ungu
Ku Nina Rahayu Nadéa
                “Gea...  ceuk Yuni cenah  anjeun téh resep ka wanoja nu buukna panjang semu galing. Atuh éta mah kuring pisan nya. Héhé. GR. Teuing atuh Gea, ieu haté téh bet resep ka anjeun. Resep ku pinterna jeung kasépna sanajan heunteu ari disebut macok mah. Aéh, maco meureun.  Ngan hanjakal saeutik, anjeun téh cicingeun teuing, tara heureuy siga batur. Komo deui ngaheureuyan kuring, padahal éta nu ditunggu téh. Huuu... Kuring sabenerna éra ku anjeun. éra dina hal kapinteran, rumasa kuring mah euweuh pangabisa. Apal sorangan... nilai kuring mah pas-pasan waé. Hayang pinter jiga anjeun. Éra sakapeung mah ningali anjeun téh. Minder kacida. Untung wé kétang aya diary kameumeut ati nu salila marengan. Bye diary chayang....”
                “Gea, ayeuna kuring sumanget ka sakola. Apal teu naon sababna? Sabab ayeuna ulangan Matematika. Padahal biasana bété alias boring. Pédah ayeuna mah geus ngapalkeun sapoé sapeuting. Oh, enya can apal Gea mah nya, ayeuna Arin privat. Ngahaja ngarenghik ka Mamah, ngarah pinter cara anjeun. Lain ngarenghik kétang, mimitina mah kahayang Mamah jeung Papah. Apaleun meureun matak kitu gé kolot téh, yén budakna teu resep kana pelajaran éksak. Nya kapaksa jadi PRIVAT. Tapi diambil hikmahna waé. Sangkan Arin jadi pinter. Tah ayeuna ulangan pertama satutas ngiluan privat. Da rarasaan mah molotok keur privat téh... sugan wé atuh nilaina rada undak. Da ari ngaleuwihan anjeun mah pastina gé MOAL BISA.”
                “Judulna Nyeri Haté. Apal teu diary. Geuleuh tah ka awéwé nu ngaranna si Yuni. Over acting pisan. So’ jadi awéwé panggeulisna. Ceuk sasaha siga Dian Sastro. Teu anéh meureun lamun si Rahmat, si Pépéng kapéngpéongan ku manéh. Sebeeeel, teu resep wé ningalina. Tiap lalaki dilayanan geuleuh pan... jiga kuring atuh, Yun. Bogoh ka Gea gé cicing wé teu ieuh nyirikan. Tapi nyeri haté kétang. Rék teu nyeri haté kumaha atuh. Si Yuni teu apaleun lamun kuring bogoh ka Gea. Kieu akibatna... Pura-pura nanyakeun soal IPA lah..., apal lah ada udang di balik batu. Enyaan  dada jadi asa eungap... léwéh entong nya?”
                “Asa anéh tadi mah diary. Apal teu kunaon?   Gea beut asa jadi perhatian ka kuring. Naha pédah nilai ulangan Matématika  urang alus kitu. Hihi. Kuring gé teu nyangka. CIUS soalna bet sarua pisan jeung anu diajarkeun ku guru privat. Béda angkana wungkul. Atuh éta mah  céték. Arin téa gitu lho. Ternyata éh... ternyata Arin bisa ogé ngerjakeun éksak. Nilaina gedé deui, nya béda seutik lah jeung Gea. Tapi untuk permulaan, itu adalah sesuatu yang bagus. Tambah semangat Privatnya ARIN KUSUMAWARDANI. Inget... inget kalau mau jadi pacarnya Gea... kudu pinter, kudu cerdas. Wéw.”
                “Siap...siap belajar, mengejar cita-cita. Juga mengejar cinta Gea. Héhé. Kudu kumaha carana? Pastina belajar and belajar. Buktiin bahwa Arin dulu béda dengan Arin sekarang. Arin sekarang mah nilai ulanganna lumayan, sanggup lah untuk nangkring di lima besar...”
                Arin imut, ngarénghap panjang. Nyekel diary ungu kameumeutna nu kakara dibaca Laju  diambung. Sup kana kantong sakolana. Buru-buru cengkat tina méja belajarna waktu kadéngé indungna nyalukan.
                “Rin... énggal, Papah tos ngantosan na mobil.”
                “Ok, Mamah cantik.” Cenah bari jeung lumpat ka luar sanggeus sun tangan ka indungna. ”Dadah Mamah...”
                “Hati-hati.” Indungna jajap nepi ka buruan.
*
                “Mah... Mamah...” Arin ngageroan  indungna ti luar kénéh.
                “Aya naon, Rin?  Ngadon gogorowokan kitu. Assalamualaikum kituh...” indungna muka panto.
                “Mah. Ningal buku Arin teu?’”  
“Buku nu mana?”
                “Nu warna ungu, Mah. Duh, bisa kacau dunia kalau buku itu sampé menghilang, Mah... di mana atuh nya.”
                “Ih, ari Arin. Mamah mah teu apal. Buku pelajaran?”
                “Sanés.”
                “Buku perpustakaan?”
                “Sanés. Mamah téh meni céréwéd naros waé. Terang teu, Arin téh lagi galau mah galau. Buku kameumeut Arin ical...”
                “Ih, budak téh asa lieur, tos lah anggursing gentos acuk. Tuh emam heula. Ké buku mah kapendak gera.” Indungna garo-garo teu ateul ningali kalakuan Arin.            
Kolong kasur ditengoan, kitu deui lomari. Teu sirikna tiap baju disingkaban, bisi sakadang buku nyelap di dinya, tapi lebeng,
                “Duh... kamana atuh buku téh.” Haté Arin ngajerit. Diary téh keur manehna mah batur sagalana. Dina diary  Arin bisa nuliskeun sagalana, jadi batur cumarita. Ngan ka diary Arin balaka  sagalana. Kanalangsa, kagumbira kabéh dicaritakeun. Komo deui perkara Gea. Diary sobat maneuhna. Nu bakal tigin nyepeng rusiah haténa. Ayeuna éta buku leungit, dunya asa tibalik.
                “Rin.... énggal siang.” Indungna ngetrok kamar.
                “Moal sakola, Mah. Males.” Arin ngaheruk jero kamar.
                “Eits... kunaon yeuh si geulis téh, teu pupuguh moal sakola. Ti kamari ngan murang maring waé. Hem sigana aya jajaka gandang nu nyulik haté budak Mamah nya.” Indungna ngelol.
                “Iyy. Naon Mamah téh...” Arin cengkat. “Enya... enya Arin sakola lah, demi Mamah.”
                Keur diajar teu puguh cabak. Pikiran manteng kanu dianti. Sababaraha kali Bu Kulsum guru Ékonomi negor ka Arin nu malaweung.
                “Rin, kunaon  teu konsen waé?“
                Arin ngarénjag. Museurkeun uteuk sangkan fokus. Ukur memenitan. Kadituna nya kitu ... ngahuleng.
                “Rin sakit? Sok ka UKS wé...”  Teu kanyahoan Bu Kulsum aya gigireun. “Sakit?”
                Arin unggek.
“Kuat jalan sendiri?”
                “Ya,  Bu.” Arin    leumpang ka luar kelas. Teu ka UKS, anggursing ka kantin meuli inuman. Sababaraha lila anggur ngahuleng.
                “Ku naon ngalamun waé?”
                Arin nu keur anteng ngumbar lamunan kagebah. Asa apal kana éta sora. Tapi asa-asa rék malikeun awak.
                “Rin, séhat?” Sora nu tadi nanya deui. Teu sabar Arin malikeun awakna.
                “Ge...” Teu diteruskeun, waktu sidik saha anu digigireun Gea, Yuni.
                “Kunaon ngalamun waé?” Gea nanya deui.
                “Ih. Suka-suka. Kunaon deuih beut ka dieu Yun?”
                “Cemburu nya.” Nu ditanya anggursing seuri.
                Kana angen aya nu ngageduk. Geuleuh tah ka Yuni.
                “Gea. Kadé nya ceuk Mamah engké ka bumi... Yuni duluan bisi dicarékan Bu Kulsum.”
                “Iya.” Gea neuteup nu ngaléos.               
“Naha teu disarengan? Badé naon deuih ka dieu.”
“Ngahaja Ijin heula. Hariwang ku Arin.”
                “Hariwang?”
                “Arin miiliari ieu nya.” Gea  muka buku pakét IPA. nyokot hiji buku nu diselapkeun dijerona.Diary pulas ungu.
                “Gea..”
                “Sory. Teu kahaja. Kamari Gea bagéan piket. Teu ngahaja mendak di kolong bangku.” Gea ngaléos sanggeus mikeun buku.
                “Gea.. !”  Arin hareugeueun. Hayang ceurik jejeritan. Duh... boa... boa rusiahna kabokér. Boa... boa Gea ngambek. Sieun Gea ngajauhan. Hayang merik Gea, nyarita yén éta mah ngan saukur rékaan. Tapi naha Gea percaya? Ah, Gea. Arin nyuuh kana méja. Piceurikeun nyelek na tikoro.
                “Arin... teu nyangka geuning hate urang téh sarua. Ngan hanjakal Gea mah teu bisa nyarita. Ukur bisa ngemu jeroeun dada.  Untung aya diary nu bisa jadi wakil perasaan Gea. Sory nya.... Gea macaan tulisan Arin ieu. Sory deuih nulis di diary Arin. Rin, kersa teu jadian sareng Gea. Pami nampi bubaran sakola antosan di kantin. Oh, enya Yuni teh putra Uwa éta téh.”
                “Gea...”  Arin teu percaya kana tulisan dina diary.  Nu ngalémbéréh dina pipi, disusut ku tonggong leungeun.


                Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Solopos, JogloSemar, jrrd.