Kamis, 13 Desember 2018

Pileuleuyan

Alhamdulillah dimuat di Majalah Mangle. Desember 2018. Hatur nuhun Kang Taufik... Rengregan Mangle




Carpon Rumaja
Pileuleuyan...
Ku Nina Rahayu Nadéa

                Geus tatahar pikeun nyanghareupan UAS. Ujian Akhir Semester I. Evaluasi pikeun  para murid  ngeunaan materi anu geus katampa dina Semester hiji. Kaasup kuring. Kuring kelas 3 SMK Bina Harapan, kacida hayangna meunang nilai nu alus. Diajar soson soson, sangkan hasilna nyugemakeun.  Teu nguciwakeun wali kelas kuring, nu omat omatan sangkan nilai kuring teu turun ti nu enggeus enggeus, leuwih alus mah kudu ngaronjat. Hayang ngabagjakeun kolot nu aya di lembur. Kacida nyaahna kuring ka kolot.  Rumasa can bisa mulang tarima. Tinangtu Ema bagja ningali kuring meunang peunteun anu alus.
Sanajan Ema salila ieu teu pati ngarojong kana  perkara atikan. Ceuk Ema, awéwé mah teu kudu sakola luhur. Lulus SD geus cukup. Asal bisa maca, komo di lembur mah. Tapi maenya teuing kolot teu bagja ningali nilai kuring alus. Pada muji di sakola. Ogé jadi kareueus Uwa pameget  jeung Uwa istri.
                “Omat, hidep mah kudu sakola luhur, Mas. Lebar hidep boga poténsi.” Ceuk  bu Asih, Wali kelas kuring hiji waktu.
                Sasat teu ngahaja asup ka sakola ieu téh. Pédah wé sababaraha méter ti  pasantrén tempat kuring salila ieu nyuprih pangarti, diadegkeun sakola formal. Bogana Haji Hasan, lanceukna Uwa pameget ngan béda Bapak. Haji Hasan téh pengusaha jugala, pausahaanna geus teu kaitung. Bukti kanyaah ka lemburna ngajanggélék ku cara ngadegkeun sakola. Ari nu disebut Uwa pameget ku kuring? Sabenerna lain Uwa. Da teu hir teu walahir. Pédah wé  tanah anu aya di lembur kuring, diurusanan ku Ema jeung Abah di lembur. Pas Abah ngantunkeun, kuring di bawa ka pasantrénna. Pasanteran Al-Mukarramah.
                Kanyaahna ka kuring geus karasa pisan. Sanajan mimitina mah Ema teu mikeun waktu Uwa pameget ménta kuring ka Ema pikeun asup ka pasantrénna. Ngan ku diolo, méh nambah pangaweruh jeung méh teu nguluwut mikiran nu jadi Bapak, antukna Ema léah mikeun kuring.
                Kuring diajar soson soson. Ngatur waktu. Sakola formal  ti isuk isuk nepi ka jam dua. Balikna langsung ka kobong, sayaga nampa materi ngeunaan bagbagan agama.
                “Imas  mah sigana ngeusian kabéh nya pelajaran Agama?” Wéndah nanya basa balik ti sakola. Poé munggaran UAS.
                “Nya kitu wéh...”
                “Teu kudu ditanyakeun deui. Geus pasti atuh dieusian. Malah tina soal 35 téh sigana deusian 40.” Anti milu nyarita.
                “Ah, manéh mah.” Kuring nyiwit leungeun Anti.
                “Enya atuh da geuleuh urang mah. Naha manéh téh beut pinter pinter teuing. Da urang mah sakitu ngapalkeun gé angger wé  teu asup asup.”
                “Ngapalkeunna atuh da bari inget ka  Andri meureun. Héhé.” Kuring seuri.
                Éh, enya ampir poho. Aya salam ti Béni.” Wéndah nu anteng nyoo hapé, nyarita.
                “Kutan si Beni, écéng ka di dinya? Satuju... satuju. Bageur, sarua pinter jeung  agamis. Cocok lah jeung Imas. Tampa wé nya?” Anti nanya.
                “Naon téa?”
                “Ah, sok api api. Salamna  si Béni ditarima teu?”
                “Geus Anti tong waka ditanyakeun. Sina dipikiran. Bisi éraeun ku urang mah, da manéhna gé écéng sabenerna, ngan nyéta sieuneun ku  Uwana. Piraku cenah budak pasantrén bobogohan, teu meunang.”
                “Ah, gandéng... gandéng. Ayeuna mah diajar sing bener. Sakeudeung deui Ujian Nasional. Lebar kabéngbat ku nu kitu. Ké peunteunna butut.” Kuring mungkas obrolan.
                Papisah jeung maranéhna lebah péngkolah. Kuring ngatuhu maranéhna ngénca. Imut sorangan. Ngolébat beungeut Beni  nu salia ieu méré perhatian ka kuring.
                Ngarandeg sakedapan waktu anjog ka pakarangan pasantrén. Katangen hiji ringkang anu kacida dipisono. Hayang geuwat nangkeup. Ema. Tapi katangen keur husu ngobrol jeung Uwa pameget. Sajongjonan ngajanteng. Teuing naon nu keur diobrolkeun, ngan siganana téh penting nakeran. Panasaran. Hayang ngadéngékeun  nu keur dipadungdengkeun.
                “Imas, sok asup heula. Sadiakeun cai keur Ema hidep.” Uwa pameget ngeureunkeun obrolan. Nyalenggorkeun, waktu katangen kuring datang. “Ajakan Ema ka jero, Uwa rék ka cai heula.”
                “Karék mulang, Mas? untung hidep buru-buru datang”.
                “Ema séhat?”
                “Séhat atuh matak ka dieu gé. Maksud ka dieu téh nyaéta...”
                “Di jero nyaritana. Asa kurang hadé di dieu mah. Istirahatkeun heula anggursing.” Uwa istri datang, nitah ka jero.
                “Aya naon, Ema. Meni siga penting. Pan Imas gé sakedap deui ka lembur atuh. Ayeuna mah teu acan libur.” Kuring nanya ka nu keur mukaan lokét siga aya nu ditéangan.
                “Imas, apal kénéh ka dieu?” Ema némbongkeun hiji potrét.
                “Apal atuh, Ma. Éta mah Kang Opik téa, anu sok ngawurukan ngaos barudak? Pan Imas gé ngawitan tiasa ngaos téh ku Kang Opik?”
                “Sukur atuh ari masih inget kénéh.”
                Kuring imut neuteup Ema. Gurat kolotna geus atra katingali, padahal umurna jauh jeung Uwa pameget ogé Uwa istri. Digugulung ku karipuh disimbutan ku kasusah, nyamarkeun umur Ema nu sabenerna.
                “Ema, doakeun Imas sing tiasa ngajait Ema.” Gerendeng haté.
                “Kieu, Mas. Ema ngahajakeun ka dieu téh. Puguhan rék ngajak Imas mulang?”
                “Mulang? Mulang kumaha ari Ema. Pan teu acan libur. Ké mun tos libur gé Imas pasti ka ditu atuh. Ayeuna Imas  lieur. Seueur apalkeuneun.”
                “Ti wangkid ayeuna mah teu kudu mikiran ngapalkeun. Anggursing kudu diajar masak, tadi Ema geus nyarita ka Uwa pemeget, yén hidep téh moal nuluy deui masantrén di dieu.”
                “Tapi, Ma, kunaon?” dada dikendangan kamelang.
                “Inget ceuk Ema ti baheula. Awéwé mah teu kudu luhur sakola. Pamustungan angger ka dapur. Ngurusanan rumah tangga kumawula ka salaki. Hidep geus déwasa. Geus meujeuhna ngais budak. Diengké engké gé kuriak hésé jodo. Jodo hidep geus datang, Mas. Lalaki bageur tur soléh. Bagja dunya ahérat jeung éta mah,” Ema nyarita norolang teu nolih ka kuring nu hareugeueun. Asa dibéntar gelap tengah poé éréng éréngan.
                “Ma, sareng saha?” Aya nu haneut ngeclak mapay pipi.
                “Enya  Jang Opik. Anu bageur téa...”
                “Tapi, Ma. Pan tos gaduh istri atuh.”
                “Pan geus maot Ceu Julaéha na gé. Karunya budakna leutik kénéh. Opat taun. Moal susah jeung Opik mah, Mas. Tanahna lega, imahna agréng. Ibadah geus puguh teu kudu dicaritakeun.”
*
                “Angkatna rada siangan atuh, Ma.”
                “Hayu mening ayeuna. Puguh geus beurang ieu téh.”
                “Ké, Ma ka Uwa istri heula.” Beretek lumpat ka dapur, muru Uwa istri nu tatadi cicing di dapur teu wasa nganteur kuring. Kajudi, kumaha sabenerna nu nyangkaruk dina dada. Geus dalit jeung manéhna. Apanan salila ieu, nya manéhna pisan anu ngajurung kuring sangkan sakola luhur. Malah inyana geus jangji rék ngabayuan kuring sakola nepi ka jadi sarjana.
                “Wayahna, Imas. Keun mugia sing panggih jeung kabagja.” Uwa istri nangkeup pageuh ka kuring.  “Lain hak Uwa ngalarang indung hidep nu keukeuh kana putusanna,”Uwa istri humaréwos kana ceuli.
                “Uwa...” Kuring ngagukguk. “Hatur nuhun kana kasaéan Uwa. Pan indung téh sawarga nya,  Wa. Insya alloh abdi tungut ka Ema. Uwa  teu kénging sedih. Upami Uwa sedih, abdi gé sedih. Uwa tos dianggap indung sorangan ku abdi. Abdi alim ningali Uwa sedih.” Dangah neuteup gurilap socana nu beueus ku cisoca. Pameunteu teu lesot ka kuring.
                “Imas!” Rangkulan pukah. Ema geus aya di lawang panto, ngagero bangun rusuh.
                Ngaléngkah  lalaunan nuturkeun Ema. Beuki rumegag waktu ngadeukeutan sakola. Kabayang Wéndah, Anti nu keur anteng nyanghareupan soal Ujian. Kabayang Bu Asih  nu pasti deudeupeun pédah kuring teu emol emol. Moal ngadéngé  nu gogorowokan di kelas. Nu sililedek ngaran Bapak. Ah, moal bisa karandapan deui.                Pileuleuyan sakola anu geus méré warna dina kahirupan. Cita cita mekarkeun diri kapaksa pukah. Marékplékan ku kaayaan.
                Kolébat beungeut Beni. Nu salila ieu ngabéla lamun kuring dipoyok ku Si Adul. Lamun kuring dicarékan si Miun, pédah nulis dina bor leutik teuing. Ah, Béni,  lalaki nu salila ieu aya dina dada, méré katingtriman, méré panyumanget kuring sangkan terus diajar jeung diajar. Pileuleuyan...***