Jumat, 29 Maret 2013

Dimuat di Majalah Mangle 28 Maret 2013


Batu Ceurik
Ku: Nina Rahayu Nadéa
                Kaléreun Pulo Jawa. Kahalangna ku Laut Jawa. Pernahna kalimantan. Aya hiji carita nu nepi ka ayeuna jadi paguneman balaréa. Jadi pelajaran keur urang saréréa. Khususna ngeunaan hirup kumbuh dina nanjeurkeun tatakrama, kasopanan utamana ka indung sorangan. Indung nu geus ngagandung salapan bulan. Tur méré kacinta kanyaah kalawan getén taya pamrih.
                Kieu carita anu baris dipedar. Kacaritakeun di hiji désa,  aya randa jeung anakna. Tapi dikersaning ku Pangéran hirup maranéhna téh kacida balangsak. Malarat,  kabina-bina. Keur dahar sapopoé kacida héséna.
                Keur ngabanjel-banjel hirup,  indungna gawé di sawah. Buburuh. Saha waé anu nitah teu weléh dicumponan kalawan haté nu daria. Anu dipalar sangkan bisa meunang buruh atawa bayaran pikeun nyumponan pangabutuh.
                Ari anakna awéwé. Urang sebut wéh  ngarana Darmi. Rupana geulis pisan. Kitu pantes, da pagawéanan sapopoé di imah ngan ngageulis jeung ngageulis. Gulak gilek di hareupeun kaca.  Sanajan urang kampung, tapi dina dangdan mah teu éléh ku urang kota. Malaur manéhna mah tara poho ngarawat jeung ngariksa kageulisan. Teu ereun maké bedak, molés diri sangkan tetep geulis. Teu anéh lamun paménta ngeunaan barang-barang kageulisan teu weléh waé murudul. Kudu. Teu beunang diengké-engké. Teu nalipak manéh, jadi jelema miskin. Jeung teu mangkarunyakeun ka indungna anu gawé. Suku dijieun hulu, hulu dijieun suku.
                Hanjakal, kageulisan Darmi teu dibarengan ku kageulisan haté. Bedegong. Mindeng pisan nganyerikeun haté indungna sarta kedul kacida. Di imah tara daék baranggawé sumawonan babantu ka indungna.
                “Darmi, hayu bantuan atuh barang gawé di sawah.”
                “Ah moal. Ema wéh nu geus kolot. Kuring mah embung. Bisi kuku jeung leungeun kotor,” témbalna teugeug.
                Indungna ngan bisa ngurut dada ningalikeun lampah anakna. Teu kaop kagetrik sok jadi pundung tur ambek.
                Dina hiji poé indungna ngajak Darmi ka pasar, rék balanja kabutuhan sapopoé. Ari pasar jeung désa téh lumayan anggang. Kudu nyorang jalan anu kacida lilana. Waktu diajakan ka pasar Darmi kacida atohna, sarta saacan miang dangdan sataker kebek. Hayang katingali geulis ku batur.
                Indungna leumpang ti tukang mawa karanjang keur wadah balanja, sarta papakéan anu dipaké kacida rudin jeung dekil.  Ari anakna, leumpang panghareupna ngagandeuang. Teu mamawa nanaon pisan.  Sajajalan pada malencrong. Utamana mah loba jajaka anu ningali ka Darmi kusabab kabéngbat ku geulisna. Kulantaran imahna mencil, jauh kasasaha. Teu aya nu apaleun yén maranéhna téh indung jeung anak.
                Maranéhna kacida kasengsrem ku kageulisan Darmi sarta hayang wanoh. Tapi barang ningali ka tukang-ka awéwé kolot,  haténa dipinuhan ku pananya, nya saha atuh éta awéwé téh? Pangadeg katut pasemona, éstu jauh tanah ka langit.
                Hiji lalaki lahlahan ngadeukeutan Darmi sarta nanya.
                “Héi geulis, éta nu di tukang téh indung di dinya?”
                “Lain,” ceuk Darmi bari terus nikreuh leumpang, muru pasar.
                Teu lila aya lalaki nu ngadeukeutan deui ka Darmi.
                “Héi, manis, éta nu di tukang, indung anjeun?”
                “Lain...lain, éta mah  pembantu kuring.”
Kitu jeung kitu wéh jawaban Darmi. Tiap aya nu nanya perkara saha  awéwé nu aya di tukang.    Darmi keukeuh ngakukeun indungna téh pembantu. Inyana kacida éra ku batur. Embung ngaku indung tegesna. Indung nu geus ngalahirkeun jeung ngagedékeun manéhna.
                Mimitina mah indungna sabar, ngadengé kekecapan anakna anu teu ngaku saha ari dirina. Tapi beuki lila haténa beuki sedih. Cimata juuh teu kaampeuh.
“Gusti, kuring geus teu kuat nandangan panghina manéhna. Anak teges sorangan, nu doraka. Enyaan ieu haté peurih kacida. Gusti tibankeun hukuman naon waé ka manéhna.”
                Kersaning Pangéran. Awak Darmi saeutik-saeutik robah jadi batu. Dimimitian tina suku. Awak jeung sirah. Kabéh.  Waktu satengah awakna robah jadi batu, Darmi sadar sarta ménta hampura kanu jadi indung.
                “Ema, ampun kuring. Ampun. Ma, Hampura Darmi!”
                Darmi terus ceurik pinuh ku paménta ka indungna, sangkan indungna ngahampura manéhna. Leuir. Indungna geus kacida nyeuri haté ku lampah jeung ucap manéhna. Antukna sakabéh awakna robah jadi batu.
                Tina panon anu robah jadi batu téh,  ngaluarkeun cipanon. Cipanon tina rasa kaduhung duméh teu ngaku ka indungna. Tah ti harita batu anu ngaluarkeun cimata téh disebut batu ceurik, atawa batu menangis.


Dimuat di Koran Tribun, 26 Maret 2013


Getih Paléstina
Ku: Nina Rahayu Nadéa
                Surak teu eureun. Mangrébu jalma moyég, waktu apal calon pilihanna, unggul. Meunang sora dina pilkada. Loba pamolah pikeun ngaapresiasikeun kabungahna bakat ku atoh. Ti mimiti sujud sukur, pawai ngurilingan kota jeung sajabana. Malah aya ogé nu  ngabotakan sirahna.  Rasa kareueus katempo tina rindat, pamolahna. Pimpinan anu dipupusti anu  diusung ku sababaraha partai meunang anu kadua kalina. Kitu warta dina tivi anu anyar-anyar ieu ngageunjleungkeun.  Warta dimana-mana. Saban média.
                  Leungeun Darman ngeupeul  satarikna. Huntu kekerot.
                “Jelema bodo....” biwirna nyoara. Panon manco kana tivi. Huntu kadéngé beuki kekerot waktu layar dina tivi robah gambar jadi tinglaliudna tukang béca. Moyég, motah, némbong-némbong gambar jeung spanduk calon pamingpin nu unggul dina pamilihan.
                 “Na dibéré sabaraha tah tukang béca. Pipilueun surak bungah, kawas nu ngarti wéh kana politik. Ceuk aing mah nu sangsara balangsak mah caricing di imah. Pipilueun teuing,” balieur beungeut Darman miceun teuteupan. Embung nempo fragmen gambar nu aya dina tivi.
Luk Darman tungkul, nilikan surat kabar anu tatadi dicekel. Rét kana gambar anu ngajeblag kaca panghareupna.  Lung, éta koran dialungkeun waktu ningali gambar. Micua pisan.              
                 Leungeun ngaragamang kana rémot. Cetrék mindahkeun cénel tivi. Ngabandungan warta anyar ti nagri deungeun. Saheulaan nangtung, ngabebenah anténe. Dungdak déngdék, sakapeung kana anténe sakapeung kana layar tivi anu utey ku sireum. Sakapeung kadéngé sora ngaguruh, rét kana gambar, runyem. Beledag! Dampal leungeun neunggeul awak tivi.
                “Abong tivi butut, kudu waé ditenggeulan,” Darman seuri konéng. Cle deui dina korsi butut, sanggeus katangen sakadang sirem dina layar bodas hideung ngiles.
                Getih ngagolak waktu ningali siaran dina tivi. Siaran anu ngawartakeun kaayaan nagri Palestina ayeuna. Ssr... getih naék kana sirah, mireungeuh budak leutik 4 taunan nu geus jadi kabiadaban. Korban perang. Nu katingali dina tivi beut écés siga poto budakna. Budak nu gugupay ka manéhna, ngahayu-hayu sangkan teu miang ninggalkeun dirina.
                Sakeudapan panon manco. Manco kana tivi, nyidik-nyidik éta budag. Dedeganna, sagala rupana tamblég Rima anakna. Ambekan ngahegak, getih nyelek kana dada, kana jajantung kana sirah. Panon ranyay, ningali budak anu sakitu teu walakayana. Dina awakna ngalucur getih. Getih seger pacampur jeung getih ngimpel semu hideung. Jedug kana angen aya nu neunggeul lebah ningali biwirna. Biwir Rima. Ambucuy ngarenyu ka manéhna. “Deudeuh Rima. Hampura bapak,” tina panon aya nu ngeclak. Maseuhan pipi. Maseuhan haté nu tatadi kapanasan perbawa getih anu nyongkab.
                “Pak...Bapak,” kadéngé ti kamar anu ngageroan.
                “Ieu geulis,” Darman  cengkat. Asup ka kamar. “Komprés nya?” cenah lengeunna ngarampa tarang budak anu panas ngagebrét. Éta budak unggek. Jung  darman nangtung, muru dapur. Nyokot rantang nu geus karentob. Curulung cai tina gentong dipindahkeun kana rantang. Asup deui ka kamar nepungan budakna. Tunga tengo ka handapeun risbang. Kokoréh kana buntelan baju siga aya nu ditéangan. Goréhél manggih kaos sangsang nu geus soék. Terus dicokot. Diasupkeun kana rantang.
                Énak. Tiis.”
                “Muhun. Sing énggal damang bageur,” ceuk Darman. Bari  toggoy ngomprésan tarang budak ku kaos butut.
                “Pak, cenah badé ka rumah sakit. Iraha atuh? Rima hoyong damang. Hoyong ameng ucing-ucingan, hoyong maén sodlah.”
                Teu wasa ngomong. Anggursing cengkat ninggalkeun budak.
                “Pak, tong ngantunkeun Rima, Pak,” atra dina ceuli waktu Rima gugupay, ngageroan manéhna. Ngeureunkeun léngkahna.
                “Muhun bageur. Ke bapak ka dieu nya, antos pan aya Ma Encum,” Darman balik deui ka kamar. Ngesun budak kalawan deudeuh.
                “Alim. Rima mah hoyong disarengan ku Bapak,” inghakna beuki kerep.
                “Jep tong nangis, Cu. Keun da aya Ema,” Ma Encum asup ka kamar ngupahan Rima. Katangen pisan nyaah jeung deudeuhna. Sanajan teu katalian ku dulur, ku baraya tapi kacintana kacida suci. Hirup reureujeungan geus lila. Tatangga nu sarua mikahéman mikadeudeuh dina kawaluratan tunggara, dina kateumampuhan ékonomi.
                “Engké bapak nyandak bonéka, nya?” Darman ngusapan tarang budak. Ngolo. Bari jeung pikiran ngacacang teuing kamendi. Pikiran anu salilana bangreung dilimpud ku kabingung.  Mawa bonéka? Enya kitu janji bakal katedunan?. Tong boroning bonéka, pan dahar gé hésé. Ehm, Rima hampura bapak. Haté Darman ngarakacak.
                “Muhun sok atuh sakedap nya Pak, Angry bird.”
                Sukuna hideng  ngaléngkah, ningalkeun imah dibarengan momot anu rohaka. Haté uleng nyiar pilampaheun. Kudu kumaha? Budak gering geus aya kana dua mingguna. Saré waé di kamar. Kahayang mah dirawat ka rumah sakit. Tapi ning hésé. Kudu maké duit nu teuing  sakumaha. Maké jamkésmas ning angger teu payu. Ngadon diulinkeun, kedah ka RT  RW heula, ka Kelurahan. Ditéangan aralna. Ditéangan bosennna sangkan teu datang deui ka rumah sakit. Nasib jelema leutik. Urusan angger hésé. Geus kukurilingan ka sababaraha rumah sakit. Euweuh nu nampa. Alesanna pinuh téa, teu aya alat téa, kurang surat ti kalurahanna téa.
                Gilig. Waktu dina hiji poé aya nu ngajakan. Ngajak robah lalakon. Liar tina kabiasaan. Ngubaran baluweng mikiran kahirupan. Ijid. Katunggara nu salila nalingkung ngajadikeun éta alesan pikeun Darman  pindah pileumpangan.
                “Geus gilig, Darman?”
                Manéhna unggek.
                “Omat tong deui robah pikiran.”
                Ti dinya Darman babarengan. Lalampah dina kahirupan anyar. Jeung sabatur-batur anu sanasib jeung sapamedegan. Nikmat. Sanajan enya keur ngajalankeun sakabéh rarancang téh Darman kudu papanggihan jeung rupa-rupa karémpan. Kudu panggih jeung sabangsaning jalma nu nyatru. Kudu demit. Ah, paduli teuing. Apanan  haté geus sadrah, sumerah. Rék hideung rék beureum, rék tetep ngalakonan kawajiban. Geus sayaga ngajalankeun amanah naon rupa waé nu rék ditibankeun.
                Ngamalkeun naon rupa amalan anu geus kacangkeum, ngajadikeun kayakinan diri Darman beuki kuat. Kapeungkuhan ngamalir na diri. Ngagetih, ngabaju dina paham idéalisme diri.
                Aya nu nyongkab dina dada. Banget. Ningali naon rupa kabiadaban jeung kateuadilan di nagrina.  Kolébat, beungeut anak pamajikan. Ngolébat. Kokolébatan dina beunget peuting. Kokojayan dina balongan kapeurih, ngamuara dina lautan haté. Saban poé aya haréwos angin nu ngagedurkeun sumanget sangkan geura miang. Ninggalkeun kapeurih kanyeri anu gumulung dina dirina.
Rérés formulir dieusian. Song dibikeun.
                “Geus paheut?” cenah seuri.
                Darman teu nyoara. Tiban unggeuk.
                “Siap saratus persén?” Jalma dihareupeunna nanya deui. Siga nu can yakin.
                “Siap!” antukna kaluar tina biwirna sora nu bedas. Tandes.
                “Sok atuh gabung jeung nu lian.” Cenah nunjukeun jalan ka Darman. Nunjukeun hiji rohangan.  Hideng dua lalaki anu katingali ngajaga panto , ngised. Méré jalan ka Darman,  sangkan asup ka hiji rohangan. Barang sup,  atoh pisan. Geuning geus loba batur anu saidéalisme.  Sung song sasalaman jeung batur.
                Ti  dinya Darman   maneuh marengan sagala kegiatan. Ti mimiti uji méntal, fisik kabéh dilakukeun taya nu kaliwat. Dilakonan kalawan daria. Nepi ka dina prungna haté angger teu galider. Tetep nyanghareup.
                Kapal mimiti naék. Ninggalkeun daratan. Mimiti katingali atra. Lila-lila tingparentul leutik sagedé jarum. Tug nepi ka ngaleungitna daratan tina téténjoan. Daratan nu dipinuhan ku rupa-rupa gedung ogé manusa. Daratan tempat salila ieu Darman nganjrek. Ti mimiti kapal take off,  kabéh teu poho tina panitén Darman. Beuki jauh kapal ngabelesat meulah langit. Katingali umpalan kapas-kapas patingsurungkuy silih udag jeung baturna. Lebah neuteup ka handap, ka daratan anu kacida jauhna, katingali warna. Kalan-kalan biru kolot, biru langit,  héjo. Kabéh mapaésan kaéndahan daratan mun ditempo ti luhur. Tina jero kapal udara.
                Kapal ngageter, sigana manggih jalan tarahal mun di darat mah. Gerendengna. Enya kakaraeun ayeuna tutumpakan kana kapal, pédah aya misi. Misi anu penting. Ceuk béja lamun kapal rada ngarieg atawa ngageter tarik, teu ngeunaheun cenah mah éta téh keur ngaliwatan awan hideung. Tangara yén cuaca rada goréng. Éta béja nu ngan saukur carita ngeunaan tutumpakan kapal téh, danget ieu bisa karasakeun ku Darman.
                Nyidikeun poto anu marengan ti méméh indit. Clak. Aya nu ngeclak, maseuhan pigeulang leungeun. Beungeut anakna nembongan. Deudeuh geulis hampura bapak.  Jadi jalma miskin mah geuning hésé. Hésé rék berobat. Hésé rék ngarobah nasib. Sigana nu sangsara mah euweuh ti dituna kudu geuring, tong ngimpi hayang berobat ka puskésmas sumawona ka rumah sakit badag.  Jamkésmas angger teu guna. Ari jamkésmas téh pan cicirén  jelema miskin. Ehm. Deudeuh anaking! euweuh hiji ogé rumah sakit anu daék nampa, ngarawatan hidep. Hidep ngararasakeun kanyeri dina  tangkeupan peuting nu disimbutan ku kapeurih, dibaturan angin nu pating sulusup tina bilik imah.
                Getih dina dada ngagolak. Panas. Nyébakeun papanas ka sakujur awak, nyébakeun sagala rupa kahayang. leungeun tipepereket nahan galuraning rasa nu ngarobéda. Rasa nu salilana nyangkaruk nyieun talaga kapeurih nu kacida. Uteuk jeung lampah adurényom, sarua malidkeun saniskara kahayang nu hésé diudag ku panon lahir.
Baé téh teuing ayeuna hirupna jadi pada nundung, pada nuding, kateuteuari. Mikiran maranéhna nu heunteu ngarti. Barina gé pan maranéhna mah ngeunah-ngeunah anjeucleu dina korsi jabatan.  Sorana ngaguruh meulah langit awong-awongan saban waktu.
                Kemiskinan dan penistaan harus dihilangan. Semua masyarakat harus merasakan keadilan yang benar-benar.”
Ehm waduk. Euweuh buktina. Panon Darman buringas. Nyusut cipanon ku tonggong leungeun.
Saeutik gé Darman teu ngarasakeun naon anu disebut-sebut.  Hirup adil?  Jelema miskin mah angger wé teu bisa ngarasakeun adil.  Sakola Paud anu cenah haratis angger wé geuning teu bisa kalaksanakeun kunu jadi anakna.  Teu pira  pilakadar meuli saragam hungkul. Kitu cenah ceuk Bu Rw waktu nanyakeun pédah budakna hayang sakola.  
“Teu kedah bayar, Pa. Haratis. Ngan mésér seragam wé. 70 rébu, “ ceuk Bu RW.
Ceuk nu lain mah, meureun teu pira, 70 rébu. Tapi duit anu teu pira téh. Geuning kajida hésé keur Darman.  Pagawéan anu ngan saukur  nyokotan runtah, purah beberesih, harti duit 70 rébu téh kacida gedéna.
Sebentar lagi anda akan landing. Mohon siapkan diri anda,”  kadéngé pramugari méré béwara.  Rét Darman kanu lain, sarua maranéhna sariap-siap.
Transit heula aya kana sajamna pikeun saterusna neruskeun lalampahan. Lalampahan anu masih kénéh panjang lalakon, mukakeun lambaran anyar keur kahirupan Darman.
***
Hiji poé geus saged. Nu  dituju taya lian  hiji bangunan. Bangunan nu pangeusina pinuh ku jalma. Karérét ku juru panon ti sisi ti gigir tentara Israél sayaga. Enya maranéhna  ngaronjatkeun kakuatan. Dimana-mana geus ngepung. Tapi teu galieudeur. Paamprok jeung tentara anu kacida nyidikeun ka Darman. Teu dipaliré waktu manéhna nanya. Api-api teu kadéngé. 
“Borgol éta jalma!” Teu ku hanteu beulah panto asup beut aya nu ngajorowok. Darman ngalieuk ka tukang. Bréh maranéhna lumpat muru dirina. Teu hayang kapalingan léngkah. Laju lumpat satarikna muru lanté 2. Waktu leungeun tentara méh keuna kana awak Darman. Sakilat Darman muragkeun awakna. Awak ngalayang. Imut kareueut.  Leungeun nyekelan kana cangkéng. Cangkéng anu geus dikurilingan ku puluhan bom .
“Allohu Akbar.” Sorana handaruan. Bareng jeung ancurna éta bangunan. Seuneu ngabebela. Paléstina endeur sapada harita. Getih ngalucur maseuhan taneuh, maseuhan Paléstina.
 Dina silalatu nu patingsulabreng. Sukma kumalayang, ngagelenyu. Kumalayang, kakalayangan. Bébas merdéka. Rét ka handap. Seuneu ngabebela. Patingjarerit, patingcorowok.  Lebah langit katujuh. Patinggarupay anak pamajikan anu geus palastra. Ninggalkeun manéhna lantaran ka teudaya. Teu daya jadi jelema miskin. Mapag manéhna di alam kalanggengan. Alam bebas, anu nyaruakeun maranéhna kabéh,  heunteu kaiket ku aturan nu dijieun manusa.
Isukna geunjleung saalam dunya. Rélawan asal hiji nagara  tiwas di Paléstina. Tiwas ngalakukeun bom bunuh diri.***