Jumat, 29 Juli 2016

Carpon-Eunteung

Eunteung" dimuat di Majalah Mangle No 2584, 30 Juni-7 Juli 2016. Alhamdulillah aya arep-arepen kangge boboran . Hatur nuhun ais pangampih Mangle.

Eunteung
Ku Nina Rahayu Nadéa

            Ngahaja nguliwed kapipir kelas méh teu kapanggih ku Pak Zén. Mun kapanggih téh tada teuing wé ngambekna. Pan geus pada apal saha ari Pak Zén. Wakasek Kesiswaan nu  killer ka murid. Teu kaop aya  nu ngarémpak aturan langsung  nyarékan lalak dasar. Komo ayeuna keur LDKS. Tinangtu leuwih disiplin.
            Horéam sabenerna ngiluan LDKS. Ngan cenah wajib. Nya kapaksa wé ngilu. Ayeuna sotéh bisa ka luar, pédah pergantian nu méré matéri. Jadi kakak kelas rada balangah. Ieu kasempetan teu dimomorékeun ku kuring. Langsung metot leungeun Riris, sobat kuring pikeun ka luar kelas. Cicing di tukang kelas jeung Riris  nu sarua  horéam ngiluan kegiatan.
            Di tukang ngadon tingcirihil duaan, bari mukaan facebook atawa WA. Sakapeung némbongkeun poto anu pikaseurieun. Sakapeung ningali nu pikasieuneun. Poto jurig.
            “Bébas nya, Ris, cicing di dieu mah. Bisa seuseurian sawaregna.”
            “Heueuh. Tinimbang di kelas. Ngan nempokeun slide jeung slide wé. Leuheung lamun anu méré materina kasep. Ieu mah, nya geus kolot nya diuk waé. Euweuh bodorna. Garing.... Garing. Hii, bété abis pokona.” Riris ngomong bari jeung teu lésot tina tablétna.
            “Tingali, Ris. Ieu poto alus nya?” Kuring ngaharéwos kana ceuli Riris.
            “Haha, alus tah ide téh. Cicing urang néangan heula méh rada loba.”
            Bél dua kali kadéngé. Cirining istirahat.
            “Hayu Ris. Urang kaluar heula tina panyumputan. Gabung jeung nu lain.” Kuring metot leungeun Riris.
            “Mél. Manéh ka mana tadi?”
            “Tadi iraha? Aya ogé. Manéh meureun nu euweuh.” Kuring  ngajebian Adit.
            “Aya kituh di tukang?” Adit malik nanya.
            “Aya, pan tadi manéh  rada nundutan tah di hareup. Urang gé ningali.” Kuring seuri. Ngomong sakarepna. Apal ka Adit nu dilandih pélor. Pédah di kelas mun keur diajar sok nundutan waé. Ayeuna keur  acara kieu. Ah,  geus pasti moal jauh ti éta. ”Bener pan. Manéh saré?” Ngahaja ngomong ditarikeun.
            “Nya geus lah gandéng. Tong diomong-omong éra atuh.” Manéhna nyekel curuk dina biwirna. Kuring seuri asa meunang.
            “Sok cepet... cepet, ambil dulu peralatan sholatnya. Kita solat berjamaah.” Ceuk   Pak Muslih ka barudak nu keur di luar.
Barudak anu keur anteng ngariung paburencay, aya nu  ka cai aya nu ka lapang. Tapi ogé aya nu haré-haré, api-api teu ngadéngé.
“Cepet, bukannya santai gitu.” Pak Zén teu kanyahoan geus aya hareupeun barudak anu keur ngarobrol, teu madulikeun panitah guru. Atuh harita kénéh barudak tibuburajat, asup ka kelas, nyokot alat solat.
“Waw.. Pak aya jurig... aya jurig.
“Sieun...”
            Ti kelas teu pupuguh loba nu ting jarerit.  Malah aya nu ceurik sagala bari jeung nyebut sieun...
            Panitia jeung guru asup ka kelas nu meredong. Nyetrékeun saklar lampu. “Nanaonan atuh maké jeung mareuman lampu sagala?”
            “Poék teu pupuguh, Pak.“ Delina nyampeurkeun bari jeung ceurik. Leungeunna ngeleper. “Pak... Fitri kasurupan, Pak.   A... aya jurig, Pak.”  Delina ngajerit. “Sieun... sieun...” Ngomongna narikan.
Kelas jadi harénghéng. Loba nu kasurupan. Loba nu ceurik teu puguh. Panitia ngamankeun barudak. Misahkeun anu kasurupan jeung nu cageur,  méh teu mawa pangaruh goréng kanu cageur.
“Yang lain tenang... tenang. Ayo baca surat yasin bareng...” Bu Wéndah méré paréntah ka barudak anu dianggap cageur. Barudak nurut sarta langsung maraca yasin.
“Amel.... tingali di kelas tadi loba nu kasurupan.” Riris nyarita.
“Enya kitu, Ris? Hari gini kasurupan, ih meni teu elit. Héhé.” Kuring anteng kana HP “paling gé nu carentil. Caper lah. Cari perhatian ti guru, ti ketua kelas. Pikasebeleun nya. Enggeus lah,  urang mah mending cicing waé di dieu. Di masjid.  Aman.”
“Rék naon di dieu? Tuh batur geus ka kelas deui. Hayu atuh Mel.” Riris metot leungeun. Panonna culang cileung siga nu sieun.
“Kela atuh sakedeng. Bété yeuh. Ku naon, manéh sieun nya? Ha..ha..”
“Heunteu... ngan.”
Kuring nyokot bedak tina kantong. Bari jeung hahariringan. Niru niru sora anu kaluar tina hénsét.  Jung nangtung hareupeun eunteung nu aya di masjid.  Duh sisirna poho, kuring ngagarenyem. Sirah tungkul. Nyokot sisir dina kantong. Sanggeus meunang. Sirah tanggah. Manco kana eunteung hareupeun.
 “A.... a.... Ju ... Ju. Ampuuuun.” Les kuring teu inget di bumi alam.
“Mél... istigfar ... Mel....” Hawar - hawar asa écés asa heunteu aya sora nu sumulusup kana ceuli. Sok istigfar.” Aya leungeun nu ngusapan sirah. “Sok, ieu Bu Wéndah, énggal turutkeun carioasan Ibu.”
“Ibuu.. sieun... Bu...” kuring nangkeup pageuh Bu Wéndah.
“Muhun, tos da tos teu aya nanaon. Anggur babacaan satiasa-tiasa nya. “ Bu Wéndah nangkeup pageuh kuring. Ngusapan buuk bari jeung gegerenyeman.
“Tos sadar, Bu?” Pak Burhan  nyampeurkeun.
“Atos, Pak.  Ngan baluas kénéh sigana.” Omong Bu Wéndah.
“Ningali naon atuh tadi téh, Mél?” Pak Burhan neuteup kuring. “Tadi di masjid solat teu?”
Kuring gideug.
“Nanaonan atuh tadi di masjid?” Pak Burhan nalék deui.
“Nyumput, Pak.”
“Nyumput?”
“Muhun. Sieun dicarékan ku Pak Zén. Teu ngiring acara di kelas, jeung bosen wé, Pak.” Kuring ngeluk.
“Ari tadi di masjid ningali naon?” Pak Burhan nanya ka Riris.
“Duka da Amél tadi téh ngeunteung di masjid. Langsung ngajerit.” Riris nyarita,
“Ningali naon, Mel.”
“Eu... tadi teh nuju mérésan. Ari pas ningal dina eunteung beut sanes bayangan abi, tapi istrii geulis rambut panjang tapi waosna rangéténg.”  Kuring ngabirigidig, Ginggiapeun.
“Geus ayeuna mah tong mikiran deui nu kitu. Matakna tong misahkeun diri tinu lain. Pikiran ulah kosong. Komo bari jeung teu solat mah.”
“Enya, Pak. Abi téh, tos ngajak Amél. Tapi alim waé. Nya kapaksa abi calik di masjid.” Riris tungkul.” Nya, Mél tuh jadi urang ka babawa.” Riris  ngadilak ka kuring.
“Naha beut jadi nyalahkeun urang. Pan gara-gara manéh tah anu mikeunan poto jurig ka batur. Nya enya atuh urang gé sieun disalahkeun.” Kuring ambek ka Riris.
“Kéla... kéla... poto jurig naon?”
“Enya pa. Tadi jam 5 an abi jeung Riris. Caralik di pipir kelas. Tos kitu milarian poto-poto jurig dina internét. Teras dikumpulkeun. Tah waktos poék, dikirim kirimkeun ka  réréncangan nu aya di kelas.”
“Oh... paingan atuh tingjarerit  da ceunah manggihan jurig. Sakali deui ceuk Bapak gé omat tong hareureuy.
Keur kitu kadéngé aya nu ngetrok panto.
“Buka wéh atuh da teu dikonci” Pak Burhan  nyarita tarik. Tapi panto angger diketrokan
“Leuh saha atuh nya nu ngadon heureuy.” Pak Burhan cengkat, muru panto. Nu lain silirérét. Kuring ngarérét Riris. Teu ku hanteu kasieun nganjang. Punduk asa ngandelan ”Naha da tadi mah teu dikonci” Pak Burhan nyarita, nyekel gagang panto.
Trok... trok... trok... sora panto diketrok deui tarik.
“Ké... ké sabar.” Pak Bahrun muka panto, disakalikeun.
“WAW!!” kabéh ngajerit neuteup seukeut nu di lawang panto.
“Mana eunteung nguring...” Sorana ngirung. Neuteup seukeut ka kuring.***



Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman, jrrd 

Carpon-Nundung Kaasih

Carpon-Nundung Kaasih
Dimuat di Majalah Mangle No. 2586, 21-27 Juli 2016



Nundung Kaasih
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Nu ngajepat hareupeun diteteup teu eureun-eueruen. Teuteup pamungkas nu hamo kasungsi deui. Dibulen ku boéh, natrat hareupeun. Kahayang mah ngarawu, mangku manéhna. Ngan inget kana papastén. Bati istigfar nu teu eureun-eureun digalindengkeun paselang jeung rasa kuciwa nu moho jeroeun dada.
                Kitu pantes. Keur meujeuhna sono. Keur meujeuhna ieu tresna mangkak karembangan kudu peunggas digileus gurat takdir. Ehm, Gusti kudu kumaha ieu pilampaheun diri nu saterusna. Pan manéhna nu salila ieu mayungan haté, méré kanyaah nu kacida gedé. Manéhna nu gedé jasa, nu geus ngajait diri tina kasangsaraan haté. Tina katuna dunya nu salila ieu akrab jeung diri.  Manéhna nu tigin ngajait kuring tina lamokot durjana. Nu méré kasugemaan jeung teu eureun nyalindungan diri ku peupeujeuh, ku usap deudeuh nu teu eureun eureun  ngamalir ka diri.
                “Ran... Akang mah leres-leres seja mikanyaah ka Ranti. Hoyong Ranti ngejat ti ieu tempat.” Manéhna ngusap buuk waktu harita tepung.
                “Geuleuh nya ka Ranti. Maké jeung miwarang ngejat.” Kuring ngaléndotan.
                “Lain geuleuh tapi nyaah ka Ranti. Hoyong Ranti ngan milik Akang. Cinta gembleng, teu kabagi-bagi kanu lain.”
                “Ah, pameget mah biasa sok nyarios kitu, Kang. Akang gé boa kitu keukeuh. Pameget mah ngan saukur ngalajur napsu. Emut nya nu di bumi, héhé.”
                “Masih teu percanten ka Akang?”
                “Héhé.” Ukur ngahéhéh neuteup manéhna hareupeun. Sok resep panggih jeung Kang Danu téh. Kacida ngahormatna ka ngaran awéwé. Teu siga nu lain mun papanggih téh sok langsung tempur... Ari Kang Danu mah, tara sing daék. Mimiti mah anéh manggih lalaki nu kieu. Pan biasana mah lalaki manggih paisan lauk cenah mah bakal langsung dirontok, dihénggoy. Tapi Kang Danu mah ning lain, béda tinu lain. Manggihan téh ngan saukur ngajak  ka luar. Puputeran. Ka café atawa balanja. Sok sagala ditawaran lamun keur balanja téh. Teu sing pedit deuih Kang Danu mah. Sagala dipangmeulikeun. Mimiti mah sok kasempetan, sagala dibeuli. Nu teu butuh gé dihayang-hayang. Tapi kadieunakeun mah beut jadi éra sorangan. Sok gideug waé, ari lain Kang Danu maksa mah.
                “Jalan jeung saha, Ran...”
                “Biasa nu hideung, rada bureuteu, nu bageur saalam dunya.”
                “Waw. Asiik atuh mucekil deui di dinya. Hasil naon waé? Mana oléh-oléhna.”
                “Tidak.... tidak. Ayeuna mah moal barang pénta ka si Akang. Karunya...”
                “Sotoy pisan nya manéh. Biasana gé sagala diteureuy. Ari ayeuna aya basa karunya sagala. Kadé nya manéh bogoh. Inget profesi siga urang mah teu meunang kaeuntreupan bogoh. Kudu bébas merdéka. Rat.” Nuning neuteup bari jeung melenyun udud.
                Enya kadieunakeun beut aya nu béda dina diri. Hayang geura malam minggu. Hayang geura panggih jeung Kang Danu. Hayang neuteup héhérang  panonna. Hayang ngadéngékeun ucap  carita nu pinuh ku kadeudeuh. Tingtrim pisan karasana. Teu siga baheula, hayang panggih jeung si Akang téh, ukur ngan hayang mirit duitna. Hayang sagala dipénta. Da apal manéhna mah kacida merhatikeunna. Ngogo ka kuring.
                “Bagja Ranti bisa ngejat ti ieu tempat. Meresihan diri. Aya nu sayaga micinta Ranti. Kuring mah teuing iraha. Angger  di dieu. Da kahanyang mah siga Ranti hayang ngejat. Hayang  jadi jelema bener.” Nuning nangkeup pageuh kuring, bari jeung hujan cimata.
                “Ah. Mugia waé Nuning geura tinemu bagja, nya. Kabéh jalma geus aya jalan séwang-séwangan. Meureun ké milik Nuning gé nyampeurkeun, ayeuna mah Ranti heula meureun.” Kuring sarua hujan cimata.”Ranti miang heula, nya.” Humaréwos kana ceulina.
Ngantai sasalaman, poé harita. Poé panungtungan kuring aya di Imah Mamih Mirta.
                “Jig. Ran. Didoakeun ku Mamih nya, sing pinanggih bagja.”
*
                Sanajan wegah mimitina nyanghareupan rumah tangga. Lain karna wegah bareng jeung Kang Danu tapi wegah ku nyanghareupan anak-anakna. Tilu. Awéwé wungkul. Geus kasawang kumaha  pibalukareunna jadi indung téré maranéhna bari jeung lalakon kuring ka tukang kacida hideungna.Sanajan Kang Danu geus papaitan moal rék mukakeun lambaran nu baheula. Tapi kasieun angger ngalangkang.
“Peun lalakon baheula mah urang tutup, anggursing muka lambaran anyar deui.” Kitu ceuk Kang Danu lamun pareng kuring rumahuh ihwal masalah nu karandapan.
                Rumah tangga jeung Kang Danu éstu tiis ceuli hérang panon.  Kang Danu siga nu surti  kasalempang kuring. Sanggeus ngadahup langsung meuli imah  di luar kota, atuh kuring bisa samemena ngatur sagala kahayang jeung Kang Danu.
                Enyaan beuki dieu cinta kuring ka Kang Danu beuki nambahan. Geus tigin dina ati seja hirup sapapait jeung manéhna. Moal incah balilahan deui. Nepi ka pakotrék iteuk, nepi ka dipundut umur, seja mikahéman Kang Danu. Nyimpaykeun tresna nu mingkin ngagedur. Atuh beuki dieu beuki layeut waé.  
                Kang Danu gé sarua, ih, da meuni siga anyar panganténan waé. Ka ditu ka dieu teu weléh babarengan. Réréntétan waé. Hayang waé babarengan. Teu kaur  kaluar imah sakeudeung, HP langsung ngirining, omat-omatan sangkan geura mulang. Atuh kuring gé tara lila ka luar imah téh. Komo kadieunakeun Kang Danu ririwit pisan. Meusmeus brek ... meusmeus brek. Atuh beuki hésé ingkah.  Beuki remen ngabaladah rasa jeung manéhna.
                “Hampura nya, Rat. Akang téh ngadon ririwit kieu.” Panon Kang Danu neuteup lalangit siga nu jauh panineungan.
                “Ah, tong seueur émutan Akang. Tos janten kawajiban Ranti. Pan Ranti téh istri Akang nu sakedahna ngawulaan.”
                “Ehm... geulis. Deudeuh katarimakeun tah kanyaah téh. Hampura nya Akang mah beut teu bisa males kahadéan Enung. Anggur beut kieu waé. Bisi Ranti rék ninggalkeun akang. Akang rido geulis. Komo Ranti mah ngora kénéh. Akang embung ningali hirup Ranti  susah.”
                “Tong nyarios kitu Akang.” Kuring nangkeup Kang Danu. Teu pupuguh kamelang eutreup. “Anggur Ranti nu teu tiasa males kasaéan Akang. Akang tos ngajait Ranti tina kokotor. Ranti jangji  kumaha waé kaayaan Akang bakal salamina nyarengan. Bagja Akang éta bagja Ranti, kasusah Akang tos pasti éta  kasusah Ranti.”
                “Ran...” Kang Danu ngusap deudeuh sirah nu nyuuh.
                Teu nyoara. Anggur mageuhan rangkulan
                “Ran. Bisi Akang pondok umur. Pék tah imah jeung pakaya nu di dieu mah kabéh keur Ranti. Tong hariwang kabéh gé geus atas nama Ranti. Moal aya nu ngagugat.”
                “Ah ari akang. Tong nyarios nu kitu. Anggur akang sing séhat nya. Jeung na deui tada teuing barudak benduna apal bumi ieu ku Ranti. Barina Ranti mah teu ngemutkeun ka dinya. Pokona Akang sing séhat.”
                “Moal. Da maranéhna mah geus barogaeun. ” Manéhna nangkeup pageuh ka kuring. “Ranti geulis  hampura pisan Akang nya.”
                Dunya asa nangkub sapada harita. Waktu apal Kang Danu dipundut  kunu rahayu dicandak kunu kawasa. Hayang ceurik jejeritan. Kaasih udar sapada harita. Kanyaah peunggas kapegat pati.
                Masih karasa tangkeupan, rungrumanna. Matak nineung  salilana. Ah, Kang lamun teu inget kana purwadaksi, meureun boa kumaha tah kuring. Tapi pan anjeun nu salila ieu ngingetkeun sangkan deukeut ka mantenNa. Anjeun nu geus ngajarkeun  kuring jadi jelema bener. Gusti ngan éta nu inget yén sadayana kagungan Alloh. Makhluk nu kumelendang tinangtu mulang ka kalanggengan.  
                “Tos, Bu.” Badé dikurebkeun. Rosdi, minantu panggedéna Kang Danu nyarita. Kuring ngolésédkeun leungeun nu aya dina dada Kang Danu.
                “Tah, Bu. Matakna pami aya nanaon téh atuh wartosan. Mun apal Bapak teu damang mah meureun énggal dicandak ka rumah sakit. Meureun Bapak téh bakal salamet.” Riris anak Kang Danu nyarita bari jeung nginghak.
                “Ehm... geulis sanés kitu..”
                “Ssst. Tos Ris. Tos, Ibu. Ieu sanés kahoyong urang.” Rosdi nyarita deui. “sabar Ris...” Rosdi ngupahan sirah Riris.
                Rék dibaeudan ku barudak, ngarti. Enya bongan kuring meureun teu bébéja ka maranéhna waktu Kang Danu gering. Da sugan téh gering biasa. Sugan téh moal ninggalkeun. Jeung na deui Kang Danu na nu nyarék. Mun apal rék ninggalkeun mah meureun kuring gé  bakal bébéja. Ah, nyéta atuh saha nu apal kana pimaoteun.
                Gusti... enyaan ieu diri beut teu kuat. Lain teu kuat pédah dibaeudan barudak. Moal.  Éta mah moal dipikiran. Tapi beuki lila aya di dieu. Kang Danu beut beuki napel waé. Pagiling gisik. Imutna, teuteupna aya di dieu. Di kamar, dina korsi, dina jandéla. Ah, Kang...
                Hampura, Kang. Mun ayeuna dina poé katujuh Akang ninggalkeun. Kuring gé rék miang. Kuring teu kuat nandangan lara. Teu kuat ngarasakeun kasiksana rasa...
                “Maenya, Ibu, badé angkat ti bumi ayeuna?” Budak panggedéna nalék.
                “Enya, hampura Ibu.”
                “Ibu téh, kumaha. Meni teu gaduh peraosan pisan. Kabéh keur berduka, Ibu ngadon ninggalkeun. Enyaan teu boga perasaan.” Riris cengkat. Katangen ambekna.
                Sanés, Ris. Sanés masalah éta.”
                “Enya sok... wé. Mangga Riris moal ngahalangan. Ngan omat,  tong ngungkit harta Papih saeutik gé. Bonganna Ibu ninggalkeun.”
                Kuring unggeuk. Teu hayang réa omong. Teu... teu hayang teuing ngomongkeun perkara harta. Moal. Pék téh teuing maranéhna rék mikir nu lain-lain perkara kuring. Tapi naha maranéhna ngarti kumaha nalangsana ieu haté. Kumaha nalangsana kuring aya di ieu imah. Nu saban detik saban menit teu weléh ngingetkeun ka jalma nu dipicinta. Kuring teu kuat.
                Hampura Kang, lain... lain Ranti nundung kaasih. Ngan Ranti teu kuat nandanganana. Lalaunan suku ngaléngkah kaluar ti imah. Nyoléndangkeun ransel. Ngajingjing tas badag.   Peuting beuki moékan. Rét ka imah. Lebah korsi di paléstér, Kang Danu ngagupay.***
               


Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman, jrrd