Minggu, 29 Desember 2013

Carpon Galura, 16 Desember 2013


Lara
Ku: Nina Rahayu Nadéa
                Nay, basa awak nyangsaya na dada anjeun nu rubak. Kuring yakin saujratna cinta anjeun ka kuring éstu satuhu, teu pupulasan. Kareungeu tina ketug jajantung, tina awahan rasa nu ngagalura nu disidem na dada anjeun. Kuring surti. Aya rasa nu mohaka ngan keur kuring. Tina rénghap anjeun nu haroshos pinuh ku rupaning galura anu hésé dikedalkeun.
                Hampura Nay. Lamun kuring rumasa  geus nyieun kuciwa ka diri anjeun. Nyaan lain kahayang. Lain kahayang kuring ngalakukan kitu. Tapi ngahaja ngarah anjeun poho, ngarah anjeun tolédor kana kapengkuhan anjeun nu salila ieu ditanggeuy, dipupusti leuwih ti misti. Ngahaja. Ngamimitian. Waktu biwir kuring nu antel dibales ku sukaning cinta anjeun. Surak. Mugia anjeun daék ngalakukeun anu leuwih ka diri kuring. Tapi ning anjeun beut kandeg. Waktu ngahaja kuring sumerah, nyérénkeun naon rupa anu salila ieu dipinding, dipaké tetengger ku urang nu can kaiket ku  tikah.
                “Geulis, hapunten akang,”  anjeun nyusutan biwir kuring nu baseuh ku réma. Nyusutan cikésang nu ngagarajag dina  tarang anjeun. “Hampura akang geus kaleuleuwihi, omat kahormatan anjeun tong disérénkeun. Éta mah keur urang jaga dina oléng panganténan,” anjeun imut. Ngabérésan buuk kuring nu awut-awutan. Nyium embun-embunan kalawan deudeuh.
                “Kunaon  ngahuleng waé geulis?“ anjeun nanya waktu dina hiji poé kuring ngan saukur cicing. Kemba, kana naon rupa.
                “Teu nanaon. Yu, ah urang ningal curug nu itu?” ceuk kuring nuduhkeun curug anu katempo ti kajauhan. Katingali cai nu nyurugna bodas nyacas tingalacrét. Manjurkeun ka saniskara mahluk anu aya di deukeutna. Manjuran kanyaah tina keclak cicurug anu  weléh teu poho manjurkeun tineung. Manjuran rasa anu kagaringan hamo laas nepi ka iraha waé. Teu kaampeuh beut aya nu merebey maseuhan pipi.
                “Aya masalah naon di bumi Lis. Dibaeudan deui ku Ibu?” anjeun ngusapan sirah kalawan deudeuh.
                Kuring gideug. cipanon  beuki juuh. Anjeun nangkeup awak kuring. Kuring sumegruk na dada anjeun. Enyaan peurih kacida. Mun teu inget kana papatah anjeun, kuring geus nemahan pati ti béh ditu mula.
                “Tong kitu. Émut. Geulis pujaan akang. Bunuh diri téh hiji pagawéan anu kacida dilaknat ku mantenna. Sing sabar. Sakedap deui akang ngadeuheus ka Ibu. Seja ngadahup. Seja ménta cinta anjeun.”
                “Nay. Sigana moal tiasa urang ngahiji,” kuring angger nyegruk.
                “Kunaon kitu. Lis. Naha Ibu teu panuju ka akang?”
                “Kang hayu urang angkat sasarengan. Urang nyingkah ti imah nu asa naraka. Enyaan abdi tos teu kiat.”
                “Sabar Lis. Saminggu deui. Pasti ka ditu.”
                Gusti. Teuing naon atuh dosa kuring. Geuning Ibu kacida ceuceub ka kuring. Dina haté pangleutikna kuring sangsi enya kitu éta téh indung kuring. Indung anu salilana nyebut kuring  anak haram. Indung anu cenah ngaharepkeun kuring maot waktu keur dikandung. Ehm, Gusti naha atuh  anjeun manjangkeun umur kuring. Digubragkeun ka alam dunya dina kasedihan anu pohara.
                Kuring ngarti ibu teu ngaharepkeun kuring lahir ka alam dunya. Cenah ceuk dulur katut tatangga deukeut. Kuring gubrag ka alam dunya lain karna cinta, tapi lantaran cilaka. Dipaksa mirusa ku saabrulan jalma nu mabok. Ngenes kacida, nepi ka kuring gubrak ka alam dunya téh. Ibu embung ngaku yén kuring anak tegesna. Kuring dirawat ku nini anu kacida mikanyaahna. Ngan ka nini, kuring brukbak ngeunaan sagala rasa nu tumiba, anu karandapan ku diri kuring. Nya Nini anu ngagedekeun haté sangkan kuring sabar dina nyanghareupan kahirupan.  Sanajan nyeri haté kacida lamun Ibu geus nyebut yén kuring anak haram.  Teu ieuh hayang némbalan, anggursing sok ngaléos ngabangbalérkeun haté anu kacida nyeri. Ngan ka Nini jeung ka anjeun  tempat balabuh kuring.
                Bagja kacida waktu Ibu jatukrami jeung hiji lalaki. Teu hayang nyarék atoh wé nu aya. Saréréa gé atoh pisan. Ngajurungkeun Ibu pikeun nikah. Pan geus apal saréréa ogé, Ibu téh trauma  ku ngaran lalaki. Tapi wanci antukna ngéléhkeun kapengkuhan Ibu. Ibu léah, narima kanyaah ti hiji lalaki. Kuring gé atoh pisan sabab anu jadi bapak téré téh geuning kacida nyaahna. Nyaah totomplokan. Kuring anu salilana hanaang ku kanyaah Bapak ku kaasih Ibu, boga tempat panyalindungan, boga tempat palumpatan, tempat ngabalubarkeun kahanjelu lamun aya katugenah ti Ibu. Enya ayeuna mah nambahan nu nyaah ka kuring téh. Aya Enin, Bapak, jeung anjeun jungjunan katineung ati.
                Tapi kanyaah anu salilana diagulkeun dijadikeun payung keur marengan léngkah ngambah kahirupan baganti naraka. Lamun heug kudu diomongkeun mending kénéh kuring dicarékan ku Ibu disebut anak haram tinimbang kajadian anu ayeuna. Ku kajadian ayeuna asa katambias dina sagara anu cai lautna umpal-umpalan kacida. Hésé, pangbalikanna. Najan enya leungeun anjeun Nay, salilana tumamprak, salilana buméla pikeun ngubaran ieu haté anu raheutna gudawang. Tapi teu, teu bisa Nay, sabab ieu masalah geus kacida ngarurujit diri. Kuring gé ceuceub kacida ka diri sorangan. Beut ras ka Ibu. Enya kitu meureun anu kajadian ku Ibu harita.
                Poé isuk anjeun jeung kulawarga anjeun seja nepungan ka dieu. Rék maheutkeun hubungan urang ku tikah anu sah. Tapi beuki inget ieu haté beuki gegebegan. Beuki teu sanggup tepung jeung anjeun. Teu sanggup kuring ngadahup ka anjeun anu kacida suci, sedeng kuring geus lamokot ku dosa, geus kotor.
                Naraka nganjang, waktu hiji peuting Bapak téré asup ka kamar kuring. Pan biasa manéhna sok kitu, ngobrol ka kuring, nanya kumaha cageur heunteuna, kumaha kalakuan Ibu robah heunteuna. Kuring gé teu curiga Nay, waktu usap leungeunna antel kana sirah. Sarta nyarita yén manéhna nepi ka iraha waé rék nyalindungan diri anu dipiceuceub ku indung sorangan. Sing sabar cenah hiji waktu gé Ibu bakal nyaah ka kuring, tinggal nungguan waktu.
                Tapi kanyaah kadeudeuh Bapak téh sulaya. Manéhna nyieun taktik kitu sangkan manéhna deukeut jeung kuring. Sangkan bisa nyeuseup madu kuring. Enya Nay, peuting harita jadi naraka. Waktu kahormatan kuring leungit dipaksa ku manéhna. Kuring awéwé, nu teu walakaya. Tanaga kuring teu kuat ngéléhkeun tanagana nu geus kaancikan sétan. Hampuran Nay, lamun peuting ieu kuring miang. Ninggalkeun bumi alam. Hampura jungjunan, lamun salila ieu kuring kemba. Taya sora nu kedal tina biwir kuring. Kuring embung ninggali anjeun tunggara. Keun ieu lara nalangsa rék disidem dina haté. Teu kudu nyaho saréréa. Nepi ka kuring ninggalkeun alam dunya, ieu rusiah ngan keur kuring. Pileuleuyan jungjunan.***