Jumat, 18 Agustus 2017

Kanyaah Indung

Dimuat di Majalah Mangle No. 2634, 25 Juni-5 Juli 2017



Kanyaah  Indung
Ku Nina Rahayu Nadéa
Sora takbir ngalanglaung. Biwir ngagerenyem nurutan. Beuki kadéngé haté beuki gumeter  beuki kebek ku kabingung.  Saputangan nu dibawa geus baseuh ku cipanon. Bi Éti nu aya gigireun ngarérét ku juru panon, teu daék tumanya. Manéhna gé katangen ngeclakeun cipanon. Dina poéan Lebaran pastina kabéh cipanon narémbongan,  cipanon kasuka jeung kasedih. Bisa sililubarkeun dosa dina poéan ieu. Ngan kuring meureun anu ngemu kasedih. Kamelang anu teu eureun eureun. Cipanon teu saat, angger merebey sanajan sabaraha kali disusuatan. Teu daék ingkah kanyeri téh.
“Mangga anu di luar geura kalalebet. Sakedap deui netepan id badé dikawitan,” Ustad Zénal ngumumkeun tina toa masjid.
Nu di luar mimiti asup ka jero masid. Shaff dirapetkeun. Kuring gé kitu, ngagésér ka belah  katuhu. Waktu aya nu datang duaan. Pagling.
“Bu Dédéh nya.” Miheulaan nanya ka kuring waktu aya gigireun.
“Muhun. Ké... Enéng téh saha.” Sakedapan ngumpulkeun ingetan. “Néng Déti téa, putra Pak Haji Kohir?”
“Muhun.”
“Kumaha damang Ibu? Dupi Déni  ayeuna di mana?”
Aya nu nonjok kana angen. “Nuju ka ninina. Hoyong boboran di ditu cenah. Enéng masih damel di Bandung?” ngahaja nyalénggorkeun.
Déti téh babaturan anak kuring nu ka dua. Déni. Keur SMA mah mindeng arulin ka imah. Ngalabring jeung babaturanna. Biasana mun tos Lebaran téh sok ngarumpul di imah jeung babaturan sakolana. Reuni. Ngan sigana ayeuna mah moal. Boroning jeung batur. Dalah jeung kuring gé teuing iraha ngumpulna.
                Sakabéh indung siga kuring kitu? Ngabélaan budak kumaha waé carana. Rarasaan mah kuring mah adil. Ka ditu ka dieu sarua. Tapi teu kitu. Masalah angger nampeu. Keur mah eukeur hirup ngan sapotong.  Ti barudak bureuy sakabéh pangabutuh ditangkis ku sorangan. Sugan téh ari barudak geus gedé mah meureun kasusah téh ngurangan. Katurug katutuh ning. Nu panggedéna babakuna. Budak lalaki anu sakuduna jadi taméng. Jadi pamecut tur pigur keur adi adina. Gaganti nu jadi Bapak.  Teu jadi panutan.
Jajauheun ka jadi panutan anu puguh mah matak pikasebeleun kabéh baraya. Teu waé baraya. Apanan sasat salembur kacida ngéwa kanu panggedéna. Ngéwa kana kalakuanna. Kalakuan budak kuring mémang teu eucreug. SMP teu tamat da kalakuanna gejul. Di sakola ngan gelut jeung gelut. Mabal téa mah. Ah, geus loba masalah nepi ka kuring remen pisan ka sakola lantaran dipanggil. Padahal mah salaku indung asa geus capé mamatahan téh. Asa geus béak sora béak kecap. Jangji ukur dina biwir wungkul, angger kitu. Sanajan dina haté pangjerona aya harepan, yén tinangtu hiji mangsa nu jadi anak bakal robah. Ngan duka iraha.
                Sugan téh geus gedé. Geus gawé mah bakal eucreug. Da cenah ceuk kolot   meureun can wareg nyacapkeun kapanasaran waktu keur ngora. Tapi budak kuring? Enya Komara anak kuring angger teu eucreug. Cenah kudu dikawinkeun méh  cageur. Kungsi dilakonan. Kuat ngan dua taun, rumah tanggana pukah. Pamajikanna teu kuat nyanghareupan salakina nu teu euih euih.
                Kuring, nu jadi indung. Angger narimakeun nu jadi budak, nyieuhkeun pacogrégan kulawarga pamajikanna. Narima Komara méh puguh panyirurukeun, méh hirup teu kadungsang dungsang. Nu jadi indung sayaga nampa nu jadi budak kumaha waé kaayaanana. Rék hideung rék bodas. Rék cacad atawa sampurna.  Angger narima.
                Sanajan enya kanyaah indung siga kieu téh teu sapagodos jeung anak nu lain. Jeung Deni ogé Rahmat. Teu resep lamun kuring terus terusan méré kanyaah ka Komara. Geus kacida ceuceubna kana lampah Komara. Embung narima manéhna salaku lanceuk. Sikepna geus haré-haré. Kitu deui dulur dulur mah geus teu kudu disebutkeun. Dulur sagetih geus apilain komo ieu ngan saukur katalian dulur. Nu narima nu sadrah nu iklas ka manéhna taya deui iwal ti indungna. Kuring sorangan.
                Wiridan husu, muntang ka mantenNa sangkan nu jadi anak disalametkeun tina balai, teu kabaud ku hal anu negatif. Doa nu panghususna ditujukeun ka si cikal. Komara nu ti kamari taya mulang ka imah. Tiap léngkah manéhna salilana ninggalkeun kamelang. Kahayang mah enya nitah cicing waé di imah. Tapi teu bisa. Piraku teuing ari kudu dipahung  di jero kamar mah.
                “Ma, Kuring rék ka luar heula nya. Biasa balangsiar. Doakeun ku Ema sing hahasilan.” Manéhna nyampeurkeun kuring.
                “Ka mana deui, Jang?” kuring nalék. Paneuteup anteb ka manéhna.
                “Ah, Ema mah teu kudu nyaho.  Pokona doakeun wé sing hasil.” Ngoloyong ka luar kamar sanggeus maké jakét anu ngagantung dina kapstok. Teu lila gerungna motor kadéngé ngagaur.
                “Rék ka mana deui cenah, Ma. Si ontohod téh.” Rahmat si bungsu nanya.
                “Ih. Teu meunang kitu ka lanceuk téh. Komo jeung nyebut ontohod mah, pamali.”
                “Ah, lanceuk sotéh lamun bener. Ieu mah, pan ...”
                “Geus... geus.... Anggur doakeun wé ku saréréa lanceuk manéh sing jadi bageur tur soléh.”
                “Rék nepi ka iraha  ngadoana, Ma. Geus teu kudu didoakeun nu kitu mah. Adat kakurung ku iga. Manasina budak leutik, rumaja, kudu diihtiaran. Geus jebrog... kolot kitu mah. Antep waé.”
                Teu didéngé. Ngaléos waé ka dapur. Teu hayang papanjangan. Ukur bisa ngurut dada. Kahayang téh boga budak tilu alakur. Nu jadi indung mah ningali barudak tengtram gé geus bagja. Teu kudu mikiran pamulang tarima. 
                Komara. Kitu ngaran anu dibikeun ku salaki ka manéhna. Ngahaja cenah méh bisa ngangkat darajat kulawarga. Méré komara. Ningkatkeun ajén kulawarga di mata balaréa. Teuing atuh pédah beurat  teuing ku ngaran? Da geuning beut pasalia.   
                Gulutrak. Sada panto pager dibuka. Sada aya nu leumpang. Ngalenggut téh kagareuwahkeun kunu datang.  Bungah nu dianti ayeuna datang. Ngudar mukena nu dipaké.
                “Ma...” kadéngé nu ngetrokan panto.
                “Ké... “ témbal téh. Nyampaikeun mukena kana paku. Mukakeun panto kamar.
                “Hararésé pisan... Ma... Ma...” nu keketrok beuki harus.
                “Nya...” panto dibukakeun.
                Selengseng bau teu pararuguh kaambeu. Bau inuman tina sungutna kaambeu pisan. Nyenyekel botol inuman, bari jeung diacung acung.
                “Na... teu ngadéngé, Ma. Keketrok lila téh.” Awakna ngagubrag kana ubin. Botol inuman nu dicekel peupeus.
                “Hampura. Emana keur solat.”  Niat nangtungkeun. Orokaya teu katanagaan. “Ujang... Ujang na kalakuan téh kieu waé.” Rawah riwih ceurik. Ugal ugil ngahudangkeun manéhna.
                “Teu nanaon, Ma. Kuring mah karék balangsiar.“ Komara nangtung leumpang dadaligdeugan. Muru ka jero imah. Oorolo utah.  Geblug. Labuh deui di tengah imah.
                “Dén... Rahmat...”  Gegeroan ka barudak. Suwung. 
                “Dén...” Ngetrokan panto kamarna.
                “Aya naon, Ma?” ngelol tina panto kamar.
                “Itu lanceuk manéh tulungan.”
                “Antepkeun wé, Ma.”
                Antukna kuring ka luar menta tulung. Kabeneran aya Pak RT nu ngabring. Asa ditulungan.
                “Pak RT hampura tulungan.  Pangmindahkeun budak ka kamar.”
                “Ka marana ieu téh ngalabring kieu?” Tanya kuring sanggeus perkara Komar réngsé.
                “Kabeneran aya Ceu Dedeh. Nyéta ngahaja rék ka dieu. Aya babadamian.”
                “Ooh...”  Bungah ngadadak leungit baganti ku honcéwang. Baganti ku kasalempang.
                “Ceu. Wayahna Komara kudu urusan jeung nu berwajib.”
                “Berwajib? Aya urusan naon?” tikoro ngadadak nyelek.
                “Geus ngaruksak toko boga kuring. Sarta geus wani ngagasab duit gedéna ampir 20 juta tina brangkas.” Hiji lalaki nu tatadi cicing katangen ambekna.
                “Panuhun. Ulah dugi ka urusan sareng berwajib, Pa. Abdi kolotna rék tanggung jawab.”
                “Muhun saéna kitu, Pa. Mending sok dicandak waé kanu berwajib. Méh pun lanceuk  kapok. “ Deni ka luar kamar. Nyarita panjang siga nu manggih kasempetan.
                “Pak RT. Omat pangurusankeun masalah ieu. Pék tuh béngkél anu di pasir jaminannana.
                “Ma... Pan éta mah  titinggal Bapak hiji hijina.”
                “Teu nanaom. Ema rido asal nu jadi anak salamet.”
Sora takbir ngalanglaung. Cipanon juuh neuteup kanu ngingkig ngajauhan. Indit teu bisa dihalangan.  Deni jeung Rahmat arindit mawa katugenah. Teu régrog ku panggero. Teu surti ku kanyeri anu ngajeletit dina ati. Angger ngingkig meulah simpena peuting. Leumpang norobos dibaturan takbir. Nyupata indungna. Enya nyupata kuring anu majar pilih kasih.***

Buku Catetan Poean Rere

Dimuat di Majalah SundaMidang 25 Mei-25 Juni 2017


Diari Pulas Ungu
Ku Nina Rahayu Nadéa
                “Arin sebeeel!” Arin nutupkeun panto kamar satarikna.
                “Aya naon Rin?” Mamah reuwas. Teu biasana Arin siga kitu. Mun mukakeun panto pasti wé ngucapkeun salam. Ari ayeuna? Boro-boro. Datang siga nu rusuh sarta langsung meundeutkeun panto kamar satarikna. “Aya naon di sakola?” Tanya Mamah deui. Bari jeung ngadeukeutan Arin.
                “Sebel... sebel... pokokna Arin sebel.”
                “Sok atuh aya naon? Nyarios ka mamah.” Mamah ngusapan Arin.
                “Teu aya nanaon, Mah.” Arin nyarita rada halon.
                “Nya atuh ari moal ngobrol sareng Mamah mah.” Mamah ngaléos ti kamar ninggalkeun Arin. Tapi teu lila geus ngurunyung deui.
                “Pami Arin alim nyarios sareng Mamah. Sok serat wé di dieu. Naon masalah Arin saleresna. Pasti  ké bakal ngemplong.” Mamah mikeun hiji buku warna ungu.
                “Naon ieu téh, Mah?”
                “Diari. Sok serat wé masalah Arin di dieu.” Mamah nutupkeun panto kamar.
                Arin nilik-nilik diari dina leungeunna. Mamah mémang apal karesep Arin warna ungu. Ehm, diari nu kacida lucu, komo aya gambar Angry Bird idolana. Tapi ayeuna mah Arin teu butuh nu kieu. Arin mah  hayang nyorét nyorét beungeut Yudis ku spidol hideung méh beuki hideung tah beungeutna. Arin mah hayang  nyoco biwirna nu ngomong sangeunahna waé. Arin ngalungkeun diari kana luhureun kasur. Ngan segruk wé ceurik.
                Sebel ka Yudis. Majar Arin téh si céréwéd. Mun aya nanaon pasti nyebutna téh si cérewed. Padahal mah rarasaan heunteu. Arin ngégélan patlot nu tatadi dicekel, sugan kudu ngagambar beungeut Yudis meureun. Haté Arin cumarita.
                Rét kana diari anu aya luhureun kasur. Dicokot laju dibuka lambaran ka hiji. Deker wé ngagambar hiji beungeut lalak,i dihandapna make tulisna: ini adalah Yudis.
                Geus kitu gutrut nulis....
                Yudis téh pikasebeleun. Unggal poé ngan ngarurudet waé. Nyieun waé masalah di kelas. Kabéh murid di kelas ngaréwaeun ka Yudis, kitu deui kuring. Kuring kacida ngéwa ka Yudis. Bonganna Yudis téh sok ngalandih  waé céréwéd jeung bawél. Pédah dina biwir kuring beulah katuhu aya karang. Éta cenah nyirikeun jalma anu céréwéd, padahal ceuk sasaha gé kuring mah teu céréwéd. Dasar pikasebeleuuun.
                Si hideung..... Hideuungggg, sahideung hideungna. Yudis hideung.
                Geus wareg tutuisan Arin ngagambar deui di halaman anu satuluyna. Katingali gambar hiji jalma niru-niru gambar Yudis. Digambar saalus-alusna. Karesep Arin kana ngagambar ayeuna écés dina karyana nu karék dijieun. Geus kitu ditenget-tenget.
                “Dihideungan ah... Pan Yudis mah hideung. Cakeutreuk.” Cenah jeroeun haté. Laju ngojéngkang kana méja belajarna. Nyokot pénsil gambar warna hideung.
                Saeutik-saeutik beungeut nu aya dihareupeun téh diwarnaan maké warna hideung. Digambar kalawan tarapti.
                “Ha... ha... Percis Yudis.”  Arin nilik-nilik gambarna.
                Yudis si hitam téa. Kitu tulisan nu ngajeblag handapeun gambar.
                Sabaraha jongjonnan Arin ngahuleng. Anéh kakeuheulna ayeuna mah ngurangan. Komo ningali gambar nu hideung hareupeun mah beut jadi seuri. Atuh katugenah téh jadi leungit.
                “Ih, geuning enya ceuk Mamah. Lamun aya anaon tuliskeun waé dina buku diari.” Arin nyium diari pulas ungu. “Nuhun Mamah. Diarina katampi pisan.” Biwir Arin ngarenyu.***

Janji Zamdan

Tulisan anakku "Regalia Candranaran Arief Nadea" Dimuat di koran PR 4 Juni 2017. Selamat Ega sayang, tambah semangat nulisnya yah :)