Bandar Politik
Ku: Nina Rahayu Nadéa
“Bu
ari negara agraris téh naon?”
“Negara
anu masarakatna lolobana gawé dina widang pertanian, perkebunan,” Wanti imut.
“Ari
Indonesia negara agraris sanés, Bu?”
“Kantenan
atuh bageur. Urang kudu reueus ku nagri sorangan. Réhna negara urang tos kawentar kamana-mana.
Negara anu ti kapungkur disebat negara agraris. Émut pan negara urang mah negara
kepulauan. Tah hal éta pisan anu dimanfaatkeun ku urang pikeun melak naon waé
tutuwuhan. Ti mimiti dataran rendah nepi ka dataran tinggi, kabéh dimangpaatkeun
keur pepelakan. Kulantaran taneuhna subur tinangtu nyababkeun naon waé
anu dipelak, insya alloh bakal ngahasilkeun,”
Wanti ngajawab pananya Andi, muridna kalawan daria.
“Pami
kacang kadele, janten moal, Bu?”
“Tangtos,”
Wanti semu asa-asa. Can apal kamana loyogna pananya Andi.
“Tapi
naha beut awis nya, Bu?” manéhna tumungkul.
Wanti sakedapan ngahuleng. Teu
nyana sacongo buuk ku pananya budak. Pananya anu kacida wajarna, tur simpel, tapi hésé keur nerangkeunana, komo deui
ka Andi anu ngan saukur budak kelas 5 SD. Enya pan ayeuna masarakat téh
keur riweuh. Riweuh mikiran hahargaan anu
ngajaul. Kacida mahalna.
Karék
apal. Ka dinya pananya budak anu sabenerna. Tapi beut asa anéh
ku pananya Andi. Tara tisasari Andi nanya
anu leuwih jauh. Jeung katempo pasemonna semu alum. Siga anu nyidem rusiah. Aya
tugas anyar deui keur Wanti, pikeun ngorék
naon rupa anu nyumput na pikiran Andi.
Waktu istirahat Wanti ngahaja
ngageroan Andi. Mimitina mah api-api nitah mangmeulikeun kertas folio ka warung. Saterusna
nanya masalah di imah jeung nu lainna, hayang ngabokér naon rupa anu nyamuni na
pikiran. Hayang nyingsatkeun kabingung anu nyumput na lelembutan. Karék
apal waktu Andi terus terang. Yén bapakna ayeuna mah teu usaha deui.
Teu jualan deui. Alesanna harga bawang anu kacida mahalna.
“Icalan
naon kitu Bapak?”
“Tempé, Bu. Tapi ayeuna mah teu icalan deui. Da kacangna
sesah dipilari. Rajeun aya awis deuih. Antukna bapak teu icalan. Da modalna séép,”
cenah dareuda.
“Muhun
sing sabar bageur nya, mugia engké bapak tiasa damel deui,” Wanti
ngusapan buuk budak.
Balik
ka imah ngadon ngahuleng ngaraga meneng. Pananya budak
minuhan lulurung kalbu. Da kitu kaayaan. Harga
kacang kadelé
anu mahal lain ngan saukur dipikiran ku tukang tempé, tapi ning mawa pangaruh anu kacida keur psikologi Andi.
Inget kamari waktu ka pasar,
kurulang kuriling néangan tempé. Suwung. Sakalieun manggih. Gusti,
hargana ngajaul, teu kabeuli ku manéhna. Antukna bolay meuli tempé téh
sanajan kacida butuhna. Mikir dua kali tinimbang meuli tempé
anu hargana nikel, mending keur resiko nu lain.
Sakolébatan aya pikiran natamu ka
manah Wanti, meureun bapakna di lembur mah ceuyah ku duit. Pan kitu pagawéana
bulu taneuh. Leledokan unggal waktu.
Tapi waktu dianjangan kadéngé
humandeuar. Da geuning angger harga nu katarima patani mah saeutik. Hasil tatanén kacang
kadelé
ayeuna jauh tina panyangka. Biaya magawé
jeung hasil tatanén jauh tanah kalangit. Panénna kapiheulaan ku sakadang
hileud. Hileud kacang (agromyza sojae).
Atuh Ladang kacapé kapeurih satutas pepelakan teu kaubaran. Nu mucekil mah
angger wéh
bandar. Bandar nu tara ngamodal saeutik eutik acan. Kitu deui hasilna, nyaho
untung wéh
pangeunahna. Langsung meunang bati anu kacida mucekil leuwih ti misti.
Ku kaayaan siga ayeuna, harga anu
mingkin nérékél.
Nambahan kasusah keur masarakat. Sanajan loba ogé anu nyieun kasempetan dina
kasamporétan
batur. Néang
lolongkrang anu sakira kira méré kauntungan anu kacida. Paduli
teuing batur ngocéak, kacepét
ku hahargaan. Nu penting untung jeung duit loba asup kana kantongna. Paduli
teuing batur tingjarerit kakurangan nanaon. Nu penting manéhna
senang ngahenang ngahening. Balukar tatanén anu teu nguntungkeun, ngurangan
konsumsi masarakat, dijieun alesan anu
kuat keur maranéhna para jugala, pikeun ngalaksanakeun MOU jeung sababaraha golongan. Nu dipamrih
sangkan piduiteun asup. Jumlah anu kacida gedéna. Ngaruntagkeun iman saha waé
anu ngadéngé, nu
némpo
jeung nu ngajalankeun. Trilyunan. Ngalolongkeun manéh ku kaayaan masarakat anu
ngocéak,
tuturubun nyiar kipayah. Norékeun
ceuli sorangan, api-api teu kadéngé ku patingcorowokna jalma
sangkan harga-harga tarurun.
“Demi memenuhi kebutuhan masyarakat,” ceuk pajabat hiji waktu, dina salah sahiji siaran tipi. Ngabéjér béaskeun alesan pédah impor kacang kadele
sagala. “Kebutuhan dalam negri sudah
sangat kekurangan karena gagalnya panen. Juga kualitas yang buruk. Dan hal ini dilakukan
supaya kebutuhan di dalam negeri
terpenuhi,” cenah teu euleum-euleum.
Lamun téa enya hayang ngaronjatkeun
hasil tatanén
di nagri sorangan sangkan leuwih alus naha teu aub? ancrub ku sorangan. Titénan
perkara kunaon gagal panén nepi ka kajadian. Éta anu sakuduna dipaluruh dijieun
panaluntikan anu kacida. Lain ngan saukur ngomong patarik-tarik tatanén
teu ngahasilkeun. Béré kamandang ka para bulu taneuh, kumaha carana sangkan
hasilna alus jeung mucekil. Lain ngan
saukur ngéngklak
dina kapeurih batur. Nepak dada duméh kabutuh jero negri kacumponan ku
cara gawé
bareng jeung sababaraha oknum pikeun ngadatangkeun barang anu dipibutuh. Tapi taya
saurang mangkluk anu nyieun rencana sangkan bisa ngaronjatkeun hasil tatanén.
Kabéh
riweuh silih serang, silih salahkeun. Nu aya dina pikiran maranéhna
ngan saukur peluang. Di hareupeun, MOU jeung sabaraha nagara dilakukeun.
Berita
nu biasana mahabu ku para artis selebritis
ayeuna katambahan ku hahargaan anu ngajaul. Pipilueun jadi top score, ngaréndéng jeung berita Bunda Putri.
“Lah
meunding eureun jualan tempe téh.” ceuk hiji ibu-ibu anu keur aya di
hiji tukang dagang.
“Enya
nya baringung. Kacang kadeléna gé hésé ditéangan.”
“Ssst.
Loba kacang kadelé mah. Ngan kudu
asruk-asrukan,” Mang Jana seuri konéng, nyampeurkeun kanu keur ngobrol.
“Enya,
kitu loba, Mang?”
“Hayu,
ari perlu mah. Tuturkeun.” Mang Jana ngaléos, dituturkeun ku ibu-ibu.
“Mahal-mahal
teuing, geuning, Mang?”
“Ih,
sakieu gé
untung aya. Tibatan euweuh. Emang gé kudu asruk-asrukan puguh gé néanganna.”
“Nya
mahal, nya hésé
ditéangan.”
“Sok
borong atuh meungpeung aya. Nya kitu ari barang mah kadang mahal kadang murah.”
Mang Jana némbal
bari anteng milihan kacang kadelé.
“Alhamdulillah
amrin,” Mang Jana bébérés dagangan. Séréngéh seuri leutik waktu niténan
duit. Meunang untung anu kacida lumayan. Gura giru inyana nepungan Juragan
Ganda, masrahkan setoran.
“Alhamdulillah séép
pangersa.”
“Syukur.
Sing jejem mangjualkeunna nya. Tenang barang mah loba,” cenah humaréwos
kana ceuli Mang Jana.
Beuki
dieu beuki campuh. Nu démonstrasi hahargaan dimana-mana. Kitu deui demonstrasi
perkara nagara, timimiti démonstrasi kacurangan sora pilkada, ogé
demonstrasi perkara korupsi. Kitu deui démonstrasi perkara Ketua MK non aktif
Akil Mochtar. Tumplek. Matak lieur ngabandunganna.
Nu maraké dasi kalan-kalan daratang
nepungan kanu keur demo. Biantara saheulaanan.
“Semoga dengan pilkada yang akan digelar
dapat memilih calon yang siap dan benar-benar dapat menanggulangi caruk
maruknya negeri ini. Harga kebutuhan pokok, insya alloh akan segera turun,”
cenah pameunteuna teu leupas tina ratusan, rebuan jalma nu moyég.
“Insya alloh harga kebutuhan lainnya akan
segera turun. Yang penting kita yakin bahwa pemimpin kita akan mampu mengemban
amanah. Memajukan negara kita sebagai
negara agraris.” Bari haténa imut kacida, inget kana MOU anu
geus dijalankeun. MOU jeung sababaraha nagara. Trilyunan duit geus aya di
hareupeun panon. Trilyunan anu sayaga asup kana kantong pribadina. Tina ladang
suap.
Wanti
rumahuh ngabandungan kaayaan. Kudu kumaha nepikeun ka barudak. Naha enya nagara
urang téh
nagara agraris? Nepi ka iraha ieu sesebutan téh nerapna. Pan barudak butuh
bukti kongkrit lain ngan saukur dongéng jeung carita. Kudu aya carita anu
natrat, malah mandar barudak babari ngarti, babari ngigelan jamanna.
“Muhun Bu. Ayeuna mah sagala
diimpor. Anéh.
Pan cenah Indonesia negara agararis. Tapi beut impor waé. Lamun sadayana petani
dipiwarang melak bawang, melak kacang
kadelé
mah meureun diurang téh bakal seueur tutuwuhan. Moal awis siga ayeuna. Moal seueur
nu dagang bangkrut,” sora Andi nongtorowélang dina ceuli.
Langit
cakueum. Sedih kingkin, ningali lampah jalma kalimpud bingung. Udat-udat méga
hideung patingkurunyung, muyung. Saeutik-saeutik kumeclak, maseuhan bumi nu
bangreung. Nepungan jalma-jalma nu patinglaliud. Patingcorowok. Sorana heuras nigas
langit, ngaguruh humandeuar. Sésélékét dina sela-sela cihujan.
Dibaturan angin kamelang patarik-tarik.
Beulah kalér beulah kidul patingcorowok patingjarerit.
“Gantung
Anas Urbaningrum!”
“Potong
jari Akil Mochtar!”
“Partai....
Partai....”
“Turunkeun
harga!”
Sora
jalma cumeluk, awor jeung séahna cipanon anu pating kumeclak tina
saban lolongkrang panon. Ngaharep harga turun. Teuing iraha kasaksian. Teuing iraha turunna. Hahargaan
angger nérékél. Anu turun iwal ti harga diri manusa. Loba jalma anu geus andegléng
nyekel jabatan, ngungudag dunya keur sorangan. Paduli teuing beuteungna
bureuteu tina ladang nu teu matut. Teu madulikeun nasib rahayat nu patingkocéak.
Asal aing senang ngahenang ngahening. Mamawa beuteung nu bureuyeung, kasarung korup. Tina ladang ngabandar. Bandar
politik.***