Kamis, 28 Desember 2017

Nganjang ka Sakola Dolan

Dimuat di Majalah Mangle, 21-28 Desember 2017.



Nganjang ka Sakola Dolan
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Sababaraha waktu kaliwat rombongan Dinas Pendidikan Kota Bandung anu diluluguan ku Kepala Dinas Pendidikan Kota Bandung, DR. H.Elih Sudiapermana, M.Pd nganjang ka Sakola Dolan anu aya di Malang pernahna di Bukit Tidar, Merjosari Kec. Lowokwaru Kota Malang.
                Rombongan ditampa kalawan daria ku pupuhu lembaga. Lukman Hakim. Kabéh pamilon saregep ngabandungan biantara ti pribumi. Kataji ku naon anu dipedar. Komo waktu siswa  Dolan mintonkeun kréativitasna, kabéh sigana hookeun. Moal aya nu nyangka yén di sakalo anu katangen biasa tapi jerona kacida luar biasa. Loba barudak ‘istiméwa’ anu saméméhna diharé-harékeun - tandang makalangan. Siswa anu mintonkeun kaparigelan harita diantarana Kenzie Setya Pratama Kelas 3– Drum, Patricia Grace Kelas 8 – Wushu, Kei Delilah Kelas 3 – komikus, Nadhief A. Fathoni  Kelas 7 – Tahfidz.
                Naon atuh kaunggulan sakola Dolan, nepi ka pada ngadeugdeug?
                Sakola Dolan boga tujuan pikeun  méré atikan dina waktu anu fléksibel. Hartina ngondisikeun jeung kamampuh barudak. Waktu diajar, kamampuh nampa materi jeung  hal lainna. Sangkan caina hérang laukna beunang. Heunteu waé ukur ngudang suksés dina hal kurikulum sacara formal tapi ogé ningkatkeun kamampuh widang séjén lian ti mata pelajaran. Teu anéh lamun ieu sakola boga kaunggulan dina widang séjén. Aya anu sukses dina widang Olahraga, musik, nulis, kulinér jeung réa réa deui.
                Sakola Dolan teu pipilih barudak. Anu daftar ka Dolan ditampa kalawan pinuh ku kaasih. Loba barudak anu pugag di sakola formal lantaran teu kuat  ngungkulan kurikulum ogé diraih. Digedékeun haténa, yén teu sanggup ngungkulan materi di formal téh lain hartina teu bisa. Lantaran sakabéh jalma tinangtu bisa, tinggal néang skill anu aya dina dirina.  Kajudi, teu sakabéh barudak anu sakola di formal mampuh  nyaluyukeun diri jeung kurikulum anu aya. Kabéh pelajaran boga acuan sorangan pikeun ngaréngsékeun kurikulum. Matematika, IPS, IPA jeung séjénna. Sanajan dina émprona loba kurikulum anu kacida beuratna pikeun barudak. Matematika - lebah perkalian can bérés  geus  datang deui materi anyar misalna pembagian. Kitu jeung kitu piligenti. Barudak anu IQ- niai kecerdasan luhur mah meureun teu jadi masalah sanajan kurikulum gunta ganti. Tapi lebah barudak anu teu mampuh? Ieu jadi masalah anu kacida gedéna. Loba nu teu eungeuh kumaha balukarna pikeun psikologis barudak nu siga kieu. Lemot, bodo, kekecapan  anu datang ti babaturanna sacara teu langsung. Barudak jadi korban bully, tah ieu anu antukna loba barudak teu betah cicing di sakola.
                ABK, Anak berkebutuhan khusus. Satuluyna di sakola Dolan mah disebutna budak istimewa. Lantaran dianggap yén barudak téh mibanda kaistimewaan, lain kakurangan. Ieu meureun anu nyababkeun barudak betah di sakola Dolan. Dolan muasal tina  bahasa Jawa anu hartina ulin. Ulin ka gunung, perpustakaan  néangan sumber élmu. Sakola lain hiji hijina tempat pikeun diajar. Tapi loba tempat lain anu bisa dipaké pikeun sumber diajar. Ulin tapi bari diajar. Nganggap sakola, lain pikeun ngepuk katugenah barudak tapi leuwih ti éta. Sakola téh tempat senangna barudak. Barudak bungah aya di lingkungan  sakola.
Lukman Hakim.  Kepala sakola anu ngahaja ngadegkeun ieu sakola. Lahir taun 1966. Moal nyangka kumaha kahirupan Lukman saméméhna. Karirna dimimitian di widang konsultan pembagunan. Kungsi gawé di hiji perusahan taraf nasional. Geus kajudi tinangtu lebah materi mah béda jeung kiwari. Ngan teu sapagodos jeung haté.    
Taun 2000 balik  deui ka Malang. Nyaba ka ditu ka dieu urusan gawé. Nu utamana néangan nu cop kana haté. Antukna taun 2006 naon anu ditéangan katimu. Katimu jeung kasugemaan haté. Sakola Dolan.
                Jiwa senina ngaguluyur. Ngadongéng jeung ngagambar jadi modal utama manéhna ancrub di dunya atikan. Hal ieu pisan nu nyababkeun gairah barudak pikeun nungtut elmu di Sakola Dolan nambahan.
                Pikeun nyumangetan barudak. Sakola Dolan remen ngayakeun kagiatan samisal seminar, paméran oge launching buku. Pameran anu ngahaja majang karya karya barudak  pikeun jadi conto tur panyumanget barudak anu lainna.  Némbongkeun ka balaréa yén barudak di dieu mampuh ngahasilkeun karya sarua jeung barudak séjénna anu sakola di formal.
                Dolan. Hiji sakolah anu mampuh ngunkulan masalah barudak. Nu cacah nu kaya anu IQNa  biasa nepi ka luar  biasa kabéh diaping dijaring.  Hiji tujuan. Sangkan barudak mampuh mekarkeun kaparigelan anu aya dina dirina kalawan maksimal.
                Prestasi  mimiti tingpucunghul. Jadi kasugema tim  Dolan oge kolot barudak.  Hiji komitmen anu dijieun ku tim Dolan nyaéta leuwih getén merhatikeun barudak. Lian ti éta anu leuwih penting nyaéta ngaraketkeun hubungan antara budak jeung kolot. Lantaran ieu salah sahiji konci pikeun  mulus rahayuna kahayang dina enggoning nanjeurkeun  kamotékaran barudak.
                Atikan di Sakola Dolan mémang luar biasa. Teu mandang kasta mana waé. Si pinter si bodo, si kaya si miskin, anu sampurna atawa istiméwa kabéh ditampa kalawan daria. Teu kudu lieur ku masalah kurikulum. Keun perkara kurikulum mah geus aya nu ngatur tapi salaku anu ngalaksanakeun di lapangan, kudu bisa milah  mana anu luyu jeung kamampuh barudak, mana anu kudu dibikeun atawa heunteu. Anu pasti kudu jadi kayakin, yén sakabéh jalma téh lahir istiméwa.  Béda jeung nu ngajar di formal anu  anteng jeung kurikulum. Bakating kalalanjoan ku masalah kurikulum, nepi ka  poho yén di sagigireun éta téh aya anu kacida pentingna,  yén  diajar téh lain ngan saukur ngajar wungkul tapi nu utamana ngabimbing baudak sangkan trampil dina widang séjén.
                Éta pisan anu nyababkeun naon pangna Disdik Kota Bandung ngadeugdeug  Kota Malang. Jauh teu panasaran.  Papanggihan pangaweruh anu mucekil.  Barudak kabéh istiméwa tinggal urang anu di lapangan ngungkulanana. Kamana budak téh loyogna. Kamana budak téh parigelna. Aping ku kaasih nepi ka jejem dina widangna. Insya alloh laksana nu diseja.***



                Nina Rahayu Nadéa. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Tulisannya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Bayuwangi, dll


Tim Sukses

Dimuat di Majalah Mangle,  November 2017


Tim Suksés
Ku Nina Rahayu Nadéa

                Koran anyar  na luhur méja dicokot. Aya gambar nu keur orasi, kitu nu katempo saliwatan. Gék diuk na korsi sanggeus ngaregot   cai téh nu masih weuteuh. Karasa haneutna ngageleser kana tikoro. Maca koran kaca kahiji.  Masih ramé berita nu siga kamari. Ngeunaan pilkada. Pilkada nu dilaksanakeun méh bareng  di tiap kota. Horéam maca nu kitu sabenerna, tapi angger panasaran. Sok hayang nyaho kumaha lalakon saterusna.
Nu démo ampir unggal poé. Sarua raména jeung pilkada nu diayakeun. Itu ieu néang kasalahan lawan. Ragot siliteumbleuhkeun masalah. Nu dipiharep sangkan lawanna rugi, teu meunang sora dina pilkada. Ari para kandidat? Teu hariwang, teu gimir sigana téh sanajan loba nu ngadedetkeun. Percaya saratus persén ka tim suksés. Hoax, kitu pastina gé ceuk tim suksésna lamun aya nu ngagogoréng. Nu penting aman. Caina hérang laukna beunang. Nu penting sora kudu bisa kapimilik ku maranéhna nepi ka puncak TPS engké. Ku cara nepikeun program-program anu geus dijieun  ka rahayat. Pék téh teuing meureun jangji mah kuma engké. Nu penting pinter ngahuntu, ngabulaéh nepi ka rahayat percaya yén maranéhna téh pilihan anu alus. Perkara dina unggulna sora, tapi program anu dijangjikeun téh ngahiang. Ah, geus biasa.
                “Tim suksés... tim suksés tai anjing. Sia geus ngancurkeun kahirupan aing.” Silalatu  ngabrul  nyongkabkeun hate, panas pohara.  Leungeun ngeupeul satarikna. Koran nu tatadi dibaca dibabétkeun kana méja.  Ngadayagdag kana korsi, miceun bangbaluh. Nu nyongkab saharita tiis, waktu aya nu ngolébat. Imut kareureueut bari ngagupay. Ibu.
                “Ang, ari ceuk Ibu mah tong ngiluan nu karitu. Geus wé konséntrasi ngurusanan perusahaan Ibu jeung Apa. Pan éta gé sakitu gedéna. Butuh tanggung jawab anu kacida. Ibu mah sieun hidep kabawa ku sakaba-kaba. Komo pan kaayeunakeun mah loba pejabat anu antukna cicing di pangbérokan dina umur tunggang gunung téh. Anu sakuduna hirup tenang, jadi sangsara. Ibu mah embung hidep siga kitu.”
”Ah, kuma jalmina, Bu. Sing percanten.”
“Kolot mah ngan saukur deudeul dua, Ang.” Ukur sakitu.
                Keur anteng gawé  sabenerna harita. Perusahaan anu keur dicekel keur meujeuhna nyambuangkeun seungit.  Kauntungan ngalir babari, atuh karyawan gé lugina lantaran kasejahteraan mingkin kaperhatikeun. Matak reueus kulawarga, utamana Ibu jeung Apa.
Kaganggu waktu harita datang ka lembur. Hayang liburan rada lila. Sono kana kaayaan lembur. Rabul nu datang. Dulur, tatangga, kitu deui babaturan baheula. Silaturahmi mimitina mah,  tapi ka dieunakeun beut béda. Aya misi lain. Intina ngajakan kuring pikeun ngaramékeun pilkada anu sakeudeung deui rek diayakeun di kota Giri. Kota,  tempat kuring gubrag ka alam dunya. Mimiti mah teu dilayanan.
“Lebar, Ang. Angga boga poténsi. Ditambah  teureuh asli ti ieu kota. Pasti wé bakal unggul dina pilkada. Béda jeung calon lain, nu  lain  urang dieu.“ Acéng, babaturan SD baheula datang ka imah harita téh. Ngabring jeung babaturanna, aya kana limana.
“Ah, barina gé teu boga kamampuh widang politik. Bisa téh ukur mekarkeun usaha. Kitu gé kétang diajar kénéh. Héhé.”
“Tah... tah. Éta gé hiji kamampuh anu luar biasa. Tingali nu lain. Pararédé, bari boga kamampuh mah can karuhan.  Pokona Angga kudu maju. Sok didukung ku di dieu.”
“Pasti ngadukung?” Nyenghél.
“Pasti atuh milih Angga. Urang Lembur anu matuh di Karangpamulang Kota Giri.”  Jol itu ieu réang, rék ngadukung.
Rebéh irung. Pada muji ku itu ku ieu. Majar kuring pasti mampuh nyangking kalungguhan nomor hiji di ieu Kota.  Ngajak ngajak sangkan kuring milu aub. Milu ngaramékeun calon walikota. Komo cenah kuring mah teureuh asli urang dieu. Kitu jeung kitu omongan nu katampa. Teu kalis kitu patingpucunghul partai nu ngarajakan  kuring, sangkan daék miluan.
                Sanajan kudu uculan duit pikeun béaya kampanye   teu pati dipikiran. Pan harta lubak libuk. Nu penting maranéhna ngadukung kuring saratus persén.  Aceng Jamhur.  Dalit ti SD kénéh, geus apal kana ulatna. Sanajan rada belet tapi wanian jeung jujur.  Manéhna  jadi kapercayaan  kuring. Kabéh modal, naon waé tékték bengék nu dipénta tara diengkékeun deui.
Dapon dua kagiatan  kalakonan, ngurus usaha jeung nyalon walikota. Kuring bulak balik Kota Giri-Jakarta. Enya oge kuring geus jadi kandidat walikota.  Nu penting mah dina waktuna kampanye kuring kudu aya. Babari ning ngerahkeun masa mah nu penting diwowoy ku duit. Reugreug tiap  jadwal kampanyeu, pamilon teu weléh loba. Pilihan téh geus moal salah pasti keur kuring.
                “Tenang, Ang. Angga pasti unggul dina pilkada taun ayeuna. Gampang jelema mah. Asal dibibita ku ieu.” Cenah bari jeung ngadukeun  curuk  jeng jempol semu di sadakeun. Duit maksudna meureun.
                “Mun  éléh?”
                “Naha beut leutik haté. Pasti meunang. Ceuk kuring gé asal muruluk duit. Dijamin sora rahayat ngan keur Angga. Percaya ka kuring. Tah, sangkan kahayang mulus banglus urang kudu nyieun rarancang. Sangkan program urang nepi ka rahayat di pasisian.”
                “Kapikir ku kuring gé, ngan ké kudu kumaha nya?”
                “Gampang éta mah. Urang kudu  meuli motor keur tim suksés. Keur némpélkeun banner jeung spanduk ka tiap kampung. Nu utamana mah sangkan informasi ti urang bisa nepi ka maranéhna.”
                “Ngarti ... ngarti.” Kuring seuri. Harita kénéh nelepon ka déler motor, sangkan ngirim motor sababaraha unit.
*
                Sakeudeung deui pamilihan  calon pilkada. Geus ujub pasti meunang. Percaya saratus persén ka tim suksés. Muji bébéakan kana gawéna.
                “Teu nanaon uculan duit gedé ayeuna mah, Ang. Nu penting ké kagantian mun geus  jadi walikota. Kitu ceuk manéhna unggal waktu.
                Piisukeun ka waktu nyoblos. Di imah rempeg ku jalma. Pangaosan teu eureun. Sababaraha pluh. Ti beurang nepi ka subuh. Nepi ka teu sararé. Dapon nu dipiharep laksana. Nu utama sangkan  meunang sora. Cenah lamun pas ngaji atawa riungan aya hibar atawa béntang anu murag ka imah. Tandaning éta imah bakal kasinugrahan rahmat. Unggul dina pilkada.
                “Pasti unggul, Ang.” Kuring ngimpi Angga kasinugrahan béntang.
                “Enya pasti juragan Angga unggul.” Peuting tadi. Tutas pangajian. Aya cahaya, turunna téh ka lebah dieu. Totondén tatéh, Kang.” Darma babaturan Acéng milu  nyarita.
                “Tanda. Pimeunangeun, Ang.” Acéng ngacungkeun jempol.
                Irung beuki rebéh pada muji. Pada ngayakinkeun ku saréréa. Geus kabayang meureun mun jadi walikota. Duit ngagolontor. Pan ceuk Acéng gé kitu. Néangan duit mah babari ari geus jadi pejabat mah.
*
                Amarah nyongkab. Asa teu percaya kana  hasil pamilihan. Kuring éléh. Asa napak asa heunteu kana lemah. Katurelengan. Mun teu diceuhceuhan ku kolot mah meureun teuing kumaha. Kasebelan tah si Acéng  jeung nu lainna anu cenah jadi tim suksés. Geus apal kuring éléh mah geuning teu katingali irung irungna acan.          
Rumahuh teu eureun. Hutang raweuy. Geus puguh perusahaan mah bangkrut. Loba ditinggalkeun. Dipercayakeun ka babaturan anu teu amanah.  Katambah modal  kapake keur nyalon téa. Tungtungna disérénkeun kanu nagih hutang.
                Rék cicing di lembur wirang. Wirang kunu nagih hutang. Goblog tah si Acéng. Geus wani ngajual sawah anu di lembur. Wani wani datang kanu jadi kolot ménta sertifikat tanah pikeun modal kampanyé.  Apal sotéh basa balik ka lembur rék ngajual tanah keur mayar hutang téa. Boro boro. Ning kadatangan kuring ka lembur geus pada ngadagoan. Da Aceng nginjeum duit ka ditu ka dieu.
                “Mun teu daék mayar, kudu daék urusan jeung aparat.” Kitu omongan salah sahiji jalma anu datang.
                Kapaksa kuring ngaleungit. Cicing dinu suni. Ningtrimkeun diri, ngubaran haté nu gudawang.
                Kasono moho ka lembur. Kabayang beungeut kolot ogé dulur anu dipicinta. Ceurik maratan langit waktu ngadéngé béja. Béja nu matak pikanyerieun. Indung kuring. Hj. Ningrum Jubaédah dipundut kunu rahayu dicandak kunu kawasa. Demi nyalametkeun diri oge nyalamatkeun kulawarga. Kuring teu datang. Teu ngalongok nu jadi indung pikeun pamustungan. Lain lain teu nyaah ka Ibu.  Tinimbang ngabarubahkeun saréréa nu di lembur.
                Ukur dunga nu teu eureun ditepikeun. Mugia Ibu sing ditampi iman islamna dicaangkeun di alam kuburna.
*
                Rét deui kana tivi. Ngahanca warta satuluyna. Nu meunang pilkada geus diumumkeun. Rada ngajenghok kana berita anu katingali.   Didéngékeun jeung ditempo teu ngiceup, bisi salah. Bener kitu ieu jalma anu baris mingpin kota Giri pikeun 5 taun ka hareup.
                Bener  Aceng itu? Aceng nu baheula tim suksés kuring? Rét kana ngaranna katut  poto hirup nu aya dina tivi. Sidik. Acéng. Acéng Jamhur. Tim suksés kuring.
                 “Sia geus suksés ngancurkeun kahirupan aing.” Silalatu mingkin ngabrul tina jero dada.***


Nina Rahayu Nadéa. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Tulisannya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Bayuwangi, dll

Ngagurat Takdir

Carpon Tribun Jabar, 25-27 Juli 2017


Carpon
Ngagurat Takdir
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Caplakan teu eureun ngahanca.  Ti kidul ka kalér. Ti  kulon ka wétan. Ngaguratan leutak sawah sangkan awahan pikeun melakeun binih paré rata. Jadi dasar pangharepan anu gedé. Nya ti dinya mula. Ti lebah nancebkeun binih, mangrébu pangharepan tingpucunghul. Najan enya takdir teu beunang dipungkir kadar teu beunang disinglar. Naha paré bisa nepi ka sumedeng beukah nepi ka beuneur  konéng alaeun. Naha keuna ku ayeuh atawa hapa lantaran kapiheulaan ku hama. Ukur ngadua anu suhud malahmandar kahayang tinekanan.
                Pon kitu deui kuring. Ukur ngadua ka mantenNa. Mugia naon anu karandapan sing jadi taméng. Jadi pamecut keur diri  pikeun nyanghareupan masalah ka hareupna. Teu épés méér. Naon anu tumiba jadi pangalaman anu kudu dipupusti. Sanajan sakapeung ngarasula naha milik diri beut goréng. Apanan geus disinglar harita téh. Waktu ngimpi goréng geuwat ka luar imah. Ngagurat taneuh. Nyakra. Sangkan hal anu goréng heunteu tumiba ka diri kuring. Embung kaeuntreupan takdir goréng. Padahal mah saacan saré téh babacaan heula siga biasa. Duka meureun pikiran keur nganteng ka Kang Burhan. Ujug ujug ngimpi nu goréng. Ngimpi coplok huntu. Cenah mah lamun kitu téh bakal pisah jeung nu dipicinta. Teu kalis ku ngaguratan taneuh ning. Da nu dipicinta angger ilang.
                Neuteup Mang Juhri nu anteng baranggawé. Neudeun heula caplakan laju leumpang kana galengan nyokot téko nu aya lebah dinya.  Cur cai tina téko pindah kana cangkir. Ngalekik bangun nu nikmat. Paneuteup pindah. Sawah upluk aplak. Di di dieu. Enya di dieu, deket saung. Urang kungsi babarengan. Remen. Pamungkas sataun katukang.  Di dieu  anjeun neundeun carita melakeun jangji kana haté. Haté nu kuncup sapada harita ligar ku kembang kembang kahéman  kaceboran katresna anjeun.
                “Nung, dungakeun Akang nya. Rék miang heula. Néang kahayang anu can ngabukti. Ngarumat cita cita. Doakeun Akang suksés sangkan gera mawa Enung.  Ngahiji jatukrami bari jeung kalimpud suka lantaran Akang geus jeneng di dayeuh.”
                “Diduakeun pisan ku abdi, Kang. Perkawis kahoyong Akang, Abdi mung tiasa deudeul dunga mugia sing tinekanan kalawan lancar.”
                Kuring urang kampung. Kacida bagjana waktu anjeun ngeusian haté. Urang kota anu nyasar ka lembur. Dipikareueus heunteu waé ku Ibu jeung Apa, tapi ku nu aya di lembur. Komo basa apal anjeun sakeudeung deui bakal jeneng. Tambah ajrih maranéhna ka anjeun. Kepala di hiji instansi pamaréntahan anu aya di dayeuh. Ibu jeung Apa beuki resep. Ajénna kabawakeun naék.
Kahayang kuring meunangkeun urang kota baris laksana. Ibu jeung Apa gé antukna ngadukung kahayang kuring. Waktu apal kuring jadian jeung anjeun anu urang kota langsung sugema. Hate kuring langsung cop.  Béda jeung ka Maman atawa Dani, anu sarua urang lembur. Heunteu wé nyebut cadu mah.  Komo basa apal kang Burhan keur dipromosikeun naék jabatan. Irung beuki rebéh. Jadi bahan carita kuring ka kulawarga.
                Panyawah geus pada apal ka Kang Burhan. Apan lamun ka dieu téh teu weléh diajak ku Apa ngaroris sawah ogé kebon. Sagala dicaritakeun ku Apa perkara sawahna. Nu di kalér kebon dipelakan sampeu sakeudeung deui dipanén. Kitu deui pakaya anu lain... sagala dicaritakeun. Hayang némbongkeun meureun yén pakaya Apa gé loba.  Geus puguh dikenalkeun ka panyawah sakabéh yén anjeun téh calon minantu nu sakeudeug deui jadi kepala.
                “Juhri.  Kamalirkeun atuh caina. Maenya ngababut euweuh caina. Sok gera bendung tah... Méh caina ngumpul.” Apa tutunjuk. “Mun caina saat mah bobok wé galengan... tah kamalirkeun cai ti sawah nu ieu. Sarua sawah urang kénéh. Keur kokocokeun pibiniheun.” Apa nyarita deui. 
                Siga  hayang kapeunteun meureun ku Kang Burhan. Padahal mah asa teu kudu. Mang Juhri, Mang  Wardi, jeung lainnna nu aya di sawah. Apanan lain pagawé  anyar. Geus mangtaun taun jadi panyawah. Geus pinter, teu kudu diomonganan deui.
                “Muhun, Gan. Ieu badé dikamalirkeun caina.” Mang Juhri nyarita. Manggut ka Kang Burhan, nu aya gigireun Apa.  “Iraha ti kota, Cép?”
                “Kamari, Mang.” Kang Burhan ngajawab. “Teu cangkeul, Bi eta dongko waé?” Nanya ka Bi Uti anu dongko  bari ngababut.
                “Tos biasa atuh. Cép.” Bi Uti tonggoy barang gawé. Leungeunna pakepuk nyabutan binih paré tina pabinihan, ditalian laju digundukeun.
                “Burukeun ngababutna, Bi. Yeuh geus bérés.” Mang Juhri anu tatadi anteng ngagurat sawah. Nyarita. Neundeun caplakan.
“Enya. Tah... atuh bantuan heula. Neundeunan pabinihan.” Bi Uti ngalung ngalungkeun pabinihan ka tengah sawah.
                “Ceu Ika. Naha can ka dieu.” Apa  nyampeurkeun.  “Sakieu geus beurang téh.”
                “Sakedap deui rupinan juragan. Bagéan ngalirkeun heula cai ka sawahna cenah.” Bi Uti némbalan.
                Kuring anteng neuteup maranéhna. Ku asa suka.  Mang Juhri, Bi Uti katingali hégar. Sanajan gawe bobolokot di sawah, tapi katangen galumbira. Tara katingali nguluwut sumawona ngarasula. Narimakeun kadarna. Nu penting bisa dahar. Heup. Da cenah rejeki kabéh geus aya nu ngatur. Perkara jodo? Kitu deui sarua geus aya nu ngatur. Kitu ceuk Bi Uti gé mun ngalelemu kuring. Bi Uti kacida deukeutna jeung kuring. Lian ti jadi panyawah apanan Bi Uti mah unggal poé sok ka  imah. Purah babantu di imah.
                “Tos Enung, teu kedah diémutan nu atos atos mah. Mugia sing damang. Janglar saterasna. “ Bi Uti ngalongok ka kamar waktu kuring keur gering. Gering mikiran Kang Burhan. Leungeunna ngusapan suku bari jeung ngagerenyem. Ngadua. Nyinglar kasakit meureun. “Moal lah Enung mah kiat.” Cenah bari angger ngusapan suku jeung anteng ngagerenyem. Pangalaman hirupna mémang pait. Ning Bi Uti mah angger tohaga. Leutik kénéh kawin. Ari geus boga budak dua ditinggalkeun ku nu jadi salakina ka kota. Tapi  Bi Uti teu boboleh. Pangalaman hirupna jadi conto nyata keur kuring sorangan. Yén kuring bisa kuat. Bisa nyieuhkeun bangbaluh.
Pangaweruh teu kudu ditarima di sakola. Tapi tina kahirupan nyata. Tina pangalaman Bi  Uti kuring bisa panceg. Neuteup deui jalan kahirupan ka hareupna. Ti leuleutik dalit jeung Bi Uti, geus asa ka indung. Papatah Bi Uti nyerep kana sanubari.  Nongtoréng kénéh kana ceuli waktu manéhna  nyarita yén kahirupan jalma mah bisa robah. Teu nu kaya teu nu miskin roda kahirupan bakal muteur.  
                “Aduh. Nung. Tong leuleutakan bilih diseuseulan ku Ibu.”
                “Ih. Pan abi gé hoyong diajar atuh Mbi. Hoyong diajar ngarambét, babut.”
                “Tapi Enung mah teu kedah lungsur atuh. Wios Mbi  wungkul anu lungsur mah. Enung mah calik waé di saung.”
                “Pan hirup mah muter, Mbi. Engké pami jaga Enung janten panyawah kumaha tah.” Kuring nu harita masih SD nyarita. Bi Uti langsung teu nyarita deui.
                “Simpenna dina tengah tengah gurat, Nung. Sanés di dinya.”Bi Uti nuduhkeun anu sakuduna.
                “Oh, dina perpotongan garis nya, Mbi. Sumbu X dan sumbu Y.” Asa inget ka  guru Matematika.  “Simpan titik pada perpotongan garis sumbu X dan sumbu Y.”
                “Hihi, Nung. Aya aya waé. Make jeung aya X sareng Y sagala. Bibi mah teu ngartos. Tah leres di dinya Nung. Pinter pisan.”
                Sataun geus kaliwat ayeuna kuring teu  nganti teuing anjeun nu nepi ka kiwari teu mucunghul. Rék mupus ngaran anjeun. Kangen nataku sabenerna. Tapi anjeun geuning geus sulaya. Hamo inget ka kuring urang kampung bau lisung.  Cipanon sok merebey lamun inget harita waktu nyetel tivi. Kabeneran keur siaran langsung acara pelantikan para pejabat di kota. Bréh geuning anjeun, enya Kang Burhan. Bungah. Tapi langsung leungit waktu ningali saha anu ngadamping. Awéwé geulis rancunit. Pamajikanna, kitu ceuk réportér tivi mah. Harepan nu dipupusti laluncatan.
Saré teu tibra balas mikir kumaha engké mun geus jeneng. Kuring kudu kitu kudu kieu.  Geus puguh ngadua mah teu kudu dicaturkeun.  Laksana anjeun jeneng nyekel kalungguhan. Sanajan pamustungan batin kuring peurih. Doa reureujeungan ngajadi. Ngan lain jeung kuring. Tapi jeung awéwé lain. Duh, ku téga Kang Burhan. Neundeun asih ka kuring. Nu sanyatana cinta saujratna ngan keur anjeun. Sedeng anjeun mah teu kitu. Ukur méré harepan suwung.
“Nung kunaon ngalamun waé. Hayu...” Apa teu kanyahoan geus aya tukangeun.
“Muhun, Pa.” Mang Juhri nu  manggul caplakan ngaleungit tina teuteupan. Baganti ku hiji jirim. Apa. Apa  nu kacida tulaténna. Merhatikan kuring kacida.
“Kang mugia anjeun aya dina kabagjaan salawasna. Sanajan haté peurih lain meueusan. Tapi kuring kudu ngucap syukur. Anjeun geus meunang calon anu luyu jeug  jabatan anjeun. Awéwé modern. Awéwé masa kini nu pastina bakal ngarti kana kahayang anjeun.”
Takdir teu beunang dipungkir. Jodo, pati bagja cilaka geus aya nu nangtukeun. Geus haben ngagurat taneuh. Tapi ning kahayang can kalaksanakeun. Kuring?   urang kampung. Tong ngimpi meunangkeun ménak, urang kota. Geus dideukeutan ku Maman atawa Déni gé geus kudu sukuran.***


Nina Rahayu Nadéa. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Tulisannya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Banyuwangi, Haluan-Sumatera, Koran Waktu, dll