Minggu, 08 Maret 2020

Nu Dilantik

Dimuat di Tribun Jabar, Minggu 8 Maret 2020




 

Nu Dilantik
Ku Nina Rahayu Nadéa

                Jam tujuh kurang lima belas menit geus aya di kantor. Dinas XYZ.  Simpé. Kitu kaayaan  kantor harita. Neundeun kantong laju ngahurungkeun laptop sanggeus setor beungeut ngaliwatan mesin absénsi face detection.  Langsung konséntrasi kana komputer ngawagéan hanca kamari.  Sanajan enya can waktuna asup jam kerja tapi teu itungan. Nu penting pagawéan bérés kitu prinsip kuring.  Jam tujuh leuwih tilu puluh menit, mimiti ting pucunghul babaturan. Robi datang bari  leungeun rébo ku goréngan dituturkeun Yurike tukangeun.
“Angger yeuh si tukang nyubuh,” Ceuk Yurike bari ngaluarkeun eunteung tina kantongna, dangdak déngdék terus menerkeun tiung nu rada nyéngléd.
                “Ang, apal teu  poé ayeuna  bakal kadatangan pagawé anyar.”
                “Baruk. Ceuk saha?”  kuring anteng kana komputer. “Pindahan ti mana?”
                “Ti Dinas ABC. Apal ti bagéan kepegawaian kamari.“
                “Keun méh ramé. Pan di widang  urang téh kurang dua jalma.”
                “Enya kétang méh di dinya aya batur. Moal nyubuh ké mah ngantor téh. Santai wé. Pan aya budak anyar. Héhé...”
                “Assalamualaikum.” Sora awéwé ti lawang panto.
                “Wa ‘alaikum salam. Ibu badé ka saha?” kuring tumanya.
                “Nepangkeun Bu, abdi Tini.” Manéhna nyolongkrong ka kuring,  Yurike ogé Robi. “Abdi alihan ti Dinas ABC.”
                “Oh. Ieu nu ngalih téh. Mangga Néng, pilih méja nu kosong. Badé nu payun atanapi nu ieu.” Robi nyarita. Haripeut ningali nu geulis. “Duanana gé kosong. Mangga kantun milih.”
                “Teu sawios di dieu?” Tini nunjuk méja panghareupna.
                “Mangga... bébas... Badé duanana dieusian gé. “
                “Tos gaduh tupoksina?” Kuring nanya.
                “Atos. Kamari ti Pa Kabid.”
                “Oh muhun atuh.”
                 Jep jempling. Kabéh anteng kana pagawéan. Ukur sora keyboard jeung sora printer nu kadéngé.
                “Bu Anggi dipanggil ka ruang Bapa.” Pa Otong pesuruh kantor nyampeurkeun.
                “Siap. Kedap méréskeun heula prinan. Hiji deui.”
                Sanggeus bérés ngeprin, méréskeun  berkas. Ngitung jumlahna terus dibawa ka rohang Pa Jumana Kabid kuring. Kitu biasana. Tiap isuk kuring mariksaan berkas terus neundeun di méja Pa Jumana.  Tapi da biasana gé tara ngagero. Ngan ayeuna sisinarieun ngagero sagala. Meureun aya nu penting.
                “Calik heula, Bu.” Jumana nyarita  sanggeus kuring neundeun berkas.
                Diuk hareupeun Pa Jumana. Asa teu puguh. Béda ti biasa. Asa dines pisan.
                “Sabaraha taun deui pangsiun?” 
                “4 taun deui, Pa.”
                “Duh pangalaman damelna tos lami atuh.” Ceuk  Jumana bari jongjon nandatangan berkas anu numpuk hareupeun. “Gol?”
                “3D, Pa.”
                “Naha teu hoyong siga nu sanés kitu?”
                “Maksadna?”
                “Promosi.”
                “Teu kaémutan, Pa. Abdi mah damel wé. Ayeuna lieur ngemutan tésis.” Kuring nyarita. Da jeung enyana ti baheula gé tara mikiran nu kitu.
                “Ngadamel curiculum vitae nya. Ké ka abdikeun. Ieu tah candak sakantenan berkasna.” Nyurungkeun berkas ka deukeut kuring. “Oh, enya. Di widang urang téh aya pagawé anyar. Punten ku Bu Anggi pangapingkeun utamina bisi teu acan apal padamelan di urang. Maklum alihan ti Dinas ABC. Méh teu bléng teuing.”
                “Muhun, Pa.”
                Biasana berkas nu diteundeun di méja Pa  Jumana Sok diculkeun wé. Tapi harita mah kapaksa nunggu da manéhna nitah kurimg diuk. Ari pék ning kitu.  Cindekna nitah kuring nyieun curiculum vitae, ajangkeuneun promosi jeung  ngalatih pagawé anyar. “Urang ajengkeun. Aya sababaraha séksi di urang nu kosong. Mugia aya milikna.” Kitu nu kadéngé ku kuring.
Atoh teu atoh.  Atohna? Salila 30 taun gawé   jadi PNS can kungsi aya nu méré kasempetan pikeun promosi. Jajauheun. Dalah nyieun pengajuan ogé pan can kungsi. Ari ieu, Pa Jumana nitah kuring nyieun ajuan. Teu atohna sieun nyeri haté lamun dina teu jadina, apanan di kantor geus loba korban. Kuriak  diseungseurikeun. Tapi mun teu nyoba, lebar.
Sanajan enya teu antusias. Kuring nurut kana kahayang Pa Jumana.  Ti baheula gé prinsip gawé kuring mah saguluyurna waé. Teu  néko-néko. Tapi ari aya kasempetan siga ayeuna mah, teu burung nyababkeun tingparentulna kembang harepan dina jero dada.
                “Sasih Pebruari aya pelantikan. Mudah-mudahan nami Ibu kacandak.” Kitu ceuk Pa Jumana waktu kuring ngasongkeun curriculum vitae.
                “Didokeun sing hasil.”
                “Horé aya Kasi anyar.”
                “Percaya ka di dinya mah pangalaman geus sagedé gunung.”
                Jol itu jol ieu méré sumanget. Sakitu disumput-sumput gé, angger wé arapaleun.
                “Aamiin.” ukur kitu anu bisa dijawab.
*
                Ngabayangkeun. Meureun mun ngajodo téh kuring bakal nyekel kalungguhan jadi Kepala Seksi. Moal staf siga ayeuna.  Irung rebéh asa bungah. Kitu deui waktu ngobrol ka kolot di lembur, sarua bungahna. “Omat kudu amanah, tong gedé hulu mun jadi téh,” ceuk Ema.
Ti baheula nu ngeusi jabatan struktural di Dinas XYZ  téh lain ti staf nu aya. Lolobana mah staf anu ti luar. Enya mikiran ka dinya mah sok asa anéh. Anu promosi anyar ka Dinas XYZ téh lolobana ti Dinas ABC, dinas EFG jeung lainna. Dinas nu teu boga pangalaman perkara tupoksi di dinas XYZ. Sedengkeun staf anu  kompetén nu loba pangalaman di Dinas XYZ  jarang dipromosikeun. Golongan, pangkat, masa kerja, sakola luhur tara ieuh aya pangajén.
                “In sya alloh bisa. Pasti bisa, Bu Anggi mah.  Komo ditempatkeun di dieu.” Ceuk Robi basa ngobrol perkara promosi.
                “Iraha cenah pelantikanana?” Jol itu jol ieu nanya.
                “Pebruari.”
                “Sok ngadadak éta téh dibejaanana. Sing sabar. Da milik mah moal ka mana.” Yurike méré sumanget. “Pokona kuring percaya saratus persén. Lamun di dinya jadi. Dinas XYZ bakal maju. Datang ka kantor nyubuh waé, pagawéan tereh bérés, loyalitas ka instansi kerén. Jaba ayeuna keur kuliah deui. Hebaat.”
                Nincak Pebruari. Nu diarep arep can aya hawarna. Pebruari minggu kahiji geus kaliwat.  Ditungguan ti tanggal hiji nepi ka tanggal tujuh suwung.  Kadituna mah poho da tonggoy kana pagawéan.
                Poé Jumaah harita téh....
                “Cenah mah ayeuna aya pelantikan nya?”
                “Bu Anggi tos aya uleman?” Andréas ti seksi lain nanya.
                “Teu acan. Lah kuma milikna wé.” Bari haté dagdigdug. Ngadoa beuki kerep.
                “Moga-moga waé kapanggil.  Adi beuteung mah alhamdulillah geus meunang ondangan tuh.” Manéhna némbongkeun poto ondangan. Ondangan ti Walikota pikeun ngaluuhan acara pelantikan.
                Lapur nepi ka soré, teu nampa ondangan.  Ngan cenah ti seksi kuring aya nu lolos. Kitu nu kadéngé. Haté kumejot hayang gera apal list ngaran anu dilantik.  Ngan api-api teu butuh, padahal ceuli mah rancung ka nu ngomongkeun perkara pelantikan. Meunang-meunang list ngaran anu dilantik jam tilu soré. Ngagebeg waktu aya ngaran Tini. Tini Nurbaéti. Pagawé anyar nu karék 4 taun jadi PNS, anyar nampa SK 3A. Ngeusi kakosongan di hiji widang, tempat anu diajamkeun ka kuring ku Pa Jumana.
                “Ieu. Tini nu di urang kitu. Budak anyar téa?” 
                “Bu Tini mah atuh da nu nyekelna  partei kakoncara.”
                “Cenah mah dulurna aktip  di déwan.”
                “Teu ngaruh ayeuna mah golongan, sakola luhur ogé nu penting mah  duit.” Nu nyarita ngaloncrang nyeuitan haté.
                Kuring teu miroséa. Miceun kuciwa ku cai wudu. Masrahkan kahanjelu ka Mantenna. “Sakola luhur, pengalaman loba gé teu penting ku jaman ayeuna mah.” Nu ngobrol di rohangan masih kadéngé. 
                “Ma, hapunten abdi.” Teu kaampeuh cipanon juuh.
                “Urang meuncit domba mun Si Nyai geus dilantik mah. Itung-itungan  sukuran.” Sora Ema di lembur kadéngé kénéh.***                         


Profil Penulis
Nina Rahayu Nadea. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Karyanya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat Yogyakarta, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Banyuwangi, Jabar Ekspres, Majalah Geliat, Rakyat Sultra-Sulawesi Tenggara,  Koran Pantura Probolinggo, Majalah Cianjur, Koran Haluan Sumatera, dll
Novel yang telah dibuat diantaranya: Memilikimu di Sisa Hidupku (kerjasama  Penerbit Zetu),  Memahar Rembulan (BIP – Gramedia digital), Ilalang Belakang Sekolah ( BIP- Gramedia digital), Dua Hati (BIP – Gramedia digital), Menantimu ( di penerbit Anomali), Suara dari Langit (penerbit Anomali), Bersama Bapak dalam Goresan Tinta (Guneman Publisher). Jomblo Sejati (Leutika Prio Yogyakarta), Bersama Bapak dalam Goresan Tinta (Guneman Publisher), Cerita dari Sahabat Terbaik (Proses terbit)  Kisah 4 Kucing (Proses terbit), Kamu Akhirnya Bisa Menulis Fiksi dan Nonfiksi (Proses terbit)  serta puluhan antologi lainnya.