Senin, 09 Februari 2015

Carpon Suara Daerah

"Hampura Kuring, Mey" carpon Suara Daerah Januari 2015. Alhamdulillah. *Siap-siap nerima wesel





Hampura Kuring Méy
Ku: Nina Rahayu Nadéa

                Geuleuh. Gawé téh enyaan teu pararuguh. Kahayang mah cicing waé di imah. Horéam gawé mun si Ko Ahin teu neleponan waé mah.
                “Di mana kénéh, Maya?”
                “Macét di jalan. Aya naon, Ko?”
                “Barang geus datang. Geura didata.”
                “Pan aya Méyméy?”
                “Karunya. Bisi lieureun. Ku di dinya wéh...”
                Karunya? Naha teu salah? Pan ceuk Engko kudu diajarkeun méh bisa. Piraku ayeuna teu bisa? Kitu mun kongang hayang diomongkeun mah.
                “Iya. Ké keur di jalan, Ko.” Kuring ngabohong. Padahal mah keur gogoléran kénéh na kasur. Hayang peré heula sapoé tadina mah. Ménta idin sapoé mah tinangtu moal dihulag. Si Engko téa atuh, dunungan pangbageurna sadunya.
                Kapaksa horéam-horéam gé kuring gesat gesut. Teu kungsi lila geus saged.
                “Naha lain moal gawé?” Indung kuring nanya.
                “Aya barang anyar cenah, Ma. Kapaksa wé...” Ceuk kuring bari muka panto ka luar.
                “Enya sok atuh, kadé di jalanna.”
                Tisaprak si Méyméy asup gawé, jadi teu betah téh. Asa kasaingan kitu? Tapi ah, naha bet sieun kasaingan sagala. Da gajih angger, teu ngurangan saeutik-eutik acan. Atuh pagawéan kitu deui angger siga baheula purah nyatet-nyatetkeun barang nu asup. Jeung nyieun pembukuan. Malah mah ku ayana Méyméy asup téh, pagawéan kuring kabantu puguh gé.
Tapi enya kétang mun nanya haté nu pangjero. Asa sirik ka Méyméy téh. Nya geulis, nya bageur, tara loba ceta. Teu salah lamun anyar gawé langsung pada merhatikeun. Bayangkeun wé geura. Si Ko Dédé anakna Ko Ahin nu biasana sagala merhatikeun  kuring. Ngajak dahar bareng dina waktu istirahat atawa méré dahareun. Ayeuna mah teu pati....
Sanajan angger kétang  sok barang béré dina urusan kadaharan. Tapi  nu biasana  ngajak ngobrol téh ayeuna mah jarang. Da mimindengna mah ngobrol jeung si Méyméy téa. Kasebelan pan?
                Anéh ogé, piraku aya turunan sipit daék gawé di béngkél leutik bogana Ko Ahin. Padahal ceuk kuring nu  bodo. Béngkél leutik mah cukup waé ku tanaga kuring sorangan. Kuring ngarasa salila ieu pagawéan téh masih bisa dihendel ku sorangan, teu kudu mawa pagawé anyar sagala. Tapi salaku pagawé mah, nya kitu téa. Teu bisa protés waktu dina hiji poé Ko Ahin datang jeung hiji awéwé.
                “May. Tah ieu batur gawé manéh. Pangajarkeun pembukuan nya.” Ko Ahin ngomong tandes. Sarta teu lila gé manéhna ka luar ti rohangan kuring.
                Asa dicéntar gelap tengah poé éréng-éréngan puguh. Teu basa teu carita ku kalakuan si Engko. Teu pupuguh mawa karyawan anyar. Jadi tumanya ka diri sorangan, geus nyieun kasalahan naon kuring? Naha salila ieu pagawéan kuring teu nyugemakeun?
                “Méyméy.” Cenah manéhna ngasongkeun leungeun.
                “Maya.” Walon kuring pondok. Bari jeung sasalaman. Sarta langsung wé ngagutrut deui nulis, teu nolih ka manéhna.  Kahiji karagok jeung nu utamana mah kétang keuheul jeung horéam wé pangajarkeun ka manéhna. Pangajarkeun? Héhé. Kela... kela.... Horéam teuing kudu ngajarkeun ka si Méyméy. Ke manéhna nu bisa, nu dipuji dunungan, sedeng kuring teu dihargaan.
                Matak kuring tonggoi wé baranggawé. Teu nolih ka manéhna. Ari Méyméy? Diantepkeun téh geuning teu cicing. Jung manéhna nangtung, rarat rérét ka sakurilingeun. Ningali lomari jeung korsi karebul téh manéhna singkil sarta langsung wé pakepuk meresihan kekebul. Atuh ningali kitu mah kuring gé teu ngeunah. Pangpangna mah sieun Ko Ahin ningalieun sarta ngambek ka kuring.
                “Méy. Sok ieu wé teruskeun.” Ceuk kuring ka Méyméy. Sarta teu loba ngomong Méyméy langsung nurut kana panitah kuring sanggeus dipapatahan.
*
                Atoh teu atoh aya Méyméy di tempat gawé téh. Méyméy téh ning kacida bageur sarta teu weléh nurut ka kuring. Jeung na deui nu matak atoh téh, sok mawa waé dahareun ngeunah. Nu modérn. Jauh ti kuring nu salilana basajan. Basajan téh da ku kaayaan. Lamun beunghar mah meureun kuring gé mawa kadaharan nu ngareunah siga nu dibawa ku Méyméy. Sabangsaning donat jéco,  donat madu, dunkin donat, rainbow cake. Nu salila ieun ngan saukur dina sawangan ayeuna mah bisa karasaan ku ayana Méyméy.
                Tapi enya kitu Méyméy jalma beunghar? Ah, teu percaya. Maenya beunghar – beunghar daék  gawé di dieu. Di béngkél leutik. Enya teu percaya. Boa... boa.... Pikiran goréng minuhan haté kuring. Ko Dédé, sigana geus kapentang asmara ku Méyméy. Matakna meureun sok mahugian duit ka Méyméy.  Beuki sebel mun inget ka dinya téh.
Biasana kuring nu sok dipuji pédah gawé téréh. Sok ditanya betah heunteuna. Naon wé sok sagala ditanyakeun. Malaur di tempat gawé téh ngan kuring sorangan awéwéna. Jadi pantes wé mun unggal usik téh Maya deui Maya deui. Pokona top wé ngaran Maya téh. Ari ayeuna? Sagala gé Méyméy deui Méyméy deui. Kitu deui pagawé lain nu biasana ngahelaran ka kuring ayeuna mah simpé. Kabéh kabéngbat ku Méyméy.  
                “Méy ku naon lieur?” ceuk Ko Ahin, waktu ningali Méyméy siga teu bérag.
                “Teu nanaon ah,” cenah némbal halon.
                “Acian... Acian....” Ko Ahin nyalukan Ko Dédé. “Anteurkeun Méyméy balik, hariwang.” Cenah waktu Ko Dédé geus datang.
                Teu ngaengkékeun deui, Ko Dédé langsung nganteurkeun Méyméy. Si Méyméy? Api-api wé teu daék, lah akal bulus. Atoh wé sigana. Hadé pisan tah taktikna, naon wé sangkan diperhatikeun, sangkan babarengan jeung Ko Dédé. Enyaan aya nu ngarérab kana haté.
*
                “May, sigana Méyméy isukan moal asup.” Méyméy ngadeukeutan  kuring anu keur nulis.
                “Ah, meuni ngareunah. Karyawan anyar geus ménta idin. Wayahna tong waka, Méy. Kuring isukan aya perlu heula.” Ceuk kuring, inget kana paménta indung, anu ngajakan ka imah Nini di luar kota. Padahal mah kétang ménta na mah engké wé mun libur. Ngan ah, kasempetan. Keun si Méyméy sina ngarasaan gawé sorangan. Sina ripuh. Haté sugema.
                “Oh, kitu. Enya atuh.” Témbalna deui. Bari gék diuk na korsi. Tapi katangan siga nu ngalamun.
*
                Enyaan asa merdéka ieu haté, ulin ka imah Nini. Nu tadina rék dua poé téh jadi 5 poé. Bolos 3 poé ka tempat gawé, katambahan poé Minggu, jeung Senénna kabeneran beureum. Atuh lumayan aya kana 5 poéna liburan téh. Lamunan teu reureuh ngabayangkeun Méyméy nu pakepuk ku pagawéan. Keun sina karasaeun ku manéhna kumaha ari gawé sorangan téh. Tong sok hayang waé kapuji. Kuring seuri leutik.
                Kabayang beungeut Méyméy nu geulis rancunit, irung mancung. Panon curelek. Ah, pokokna mah geulis. Mirip artis Koréa Kim So Yeon. Matak pantes lamun Ko Ahin jeung Ko Dédé kapéngpéongan, pon kitu deui pagawé nu lain. Tapi pan gawé manéhna téh anyar kénéh. Moal bisa dibandingkeun jeung kuring anu geus aya kana 6 taunna gawé di bengkel Ko Ahin. Ku euweuhna kuring ayeuna, si Engko sina nganilai, kumaha gawé Méyméy sabenerna bari jeung teu dibaturan ku kuring.
*
                Poé Salasa kuring indit gawé. Ngan anéh, waktu asup ka béngkél téh ning dikonci kénéh. Koréléng ka pipir maksud rék ka imah si Engko nu aya gigireun. Ngan édas, diketrok-ketrok téh beut  euweuh waé nu muka. Sigana arindit jauh. Naha, pan biasana gé méré ibar, gerentes haté. Aéh, enya pan salila di Ciamis téh HP di non aktifkeun. Ngahaja. Méh si bebengok Méyméy teu loba tatanya perkara pagawéan. Jeung na deui hayang tiis ceuli wé. Kurah koréh kana kantong néangan HP. Leuh geuningan HP na tinggaleun di imah. Antukna ngajentul salila-lila di luareun imah Ko Ahin.
                “Naha teu ka imah Méyméy?” ceuk Mang Danu tukang dagang batagor bu biasa mangkal hareupeun béngkél.
                “Ka imah Méyméey. Aya naon?”
                “Duka teuing. Ngan katingali wé ti kamari si Engko bulak balik. Cenah mah Méyméy gering.”
                “Gering?”
                Tuh pan, katingali perhatianna téh. Gering saeutik waé, langsung kabéh ka imahna. Siga gegedén waé. Haté kuring pinuh ku rasa keuheul.
                “Di mana imahna nya?” tambah heunteu teuing. Kuring nanya ka Mang Danu.
                “Teu apal.” Omong Mang Danu pondok.
                Pabeubeurang Ko Ahin datang jeung kulawargana daratang.
                “Maya? Na ka mana ari di dinya, boga telepon teu aktif waé.” Ko Ahin nanya bari semu ambek.
                “Duh, hampura Ko. Nini kuring geuring parna puguh.” Ceuk kuring ngabohong. Padahal nu jadi Nini mah jagjag belejag. Ngan bakat ku sieun Ko Ahin ngambek kapaksa wé ngabohong.
                “Naha béngkél libur, Ko?”
                “Na teu nyaho kitu manéh?”
                “Aya naon kitu?”
                “Acian... Acian. Anteurkeun tah si Maya ka imah Méyméy. Méh apaleun geura.”
*
                “Méy hampura kuring nya. Geuning kuring geus goréng sangka. Padahal mah haté anjeun téh ning beresih. Enyaan ngarasa dosa. Karék apal geuning anjeun téh boga kasakit Thalasémia kronis. Kasakit anu hésé diubaranna. Kasasaha gé geuning tara daék wakca. Pon kitu ka kuring.
                Ah, kétang. Kuring na waé nu embung ngadéngékeun omongan anjeun salila ieu. Haré-haré. Da buktina Ko Ahin jeung Ko Dédé ogé pagawé lain mah ning geus nyaho lamun anjeun téh boga kasakit anu parah. Karék apal deui yén anjeun téh bener jalma beunghar. Daék sotéh gawé di Ko Ahin,  cenah hayang ngabrangbrangkeun manéh. Gawe di batur. Teu ningali gajih. Enya kétang da niatna gé lain hayang boga gajih. Ngan hayang ngabrangbrangkeun pikir. Ko Ahin gé asalna nolak kana kahayang Méyméy. Ngan sanggeus Ko Suin sobatna Ko Ahin nerangkeun pamaksudanna, antukna ditarima. Kuring geus salah sangka, geus goréng pikir ka anjeun, Méy. Mun apal  anjeun boga kasakit kitu, mun apal anjeun rék ningalkeun kuring. Meureun salila ieu dibarengan, moal dibaeudan waé.
                Asa dosa nataku. Poé harita. Poé panungtungan tepung jeung anjeun. Naha atuh teu nyarita yén anu sabenerna ménta peré gawé téh  sangkan bisa transfusi darah. Tapi anjeun kemba. Hayang katingali jagjag. Ah, kuring na waé ketang anu teu peka, teu bisa ngaragap haté anjeun nu sungkawa. Hampura, Mey.
                Kuring sumegruk, na hiji pajaratan. Pajaratan nu masih seungit ku taneuh beureum.***
Nina Rahayu Nadéa. Lahir di Kota Garut 28 Agustus. Nulis dina bahasa Sunda jeung bahasa Indonesia. Tulisan séjénna nu geus dimuat bisa dipaluruh di www.ninarahayunadea.blogspot.com


 

Selasa, 03 Februari 2015

Adikku yang Hebat

Selamat Teteh geulis, cerpennya dimuat di Pikiran Rakyat hari ini. Mama kalah nih... Belum dimuat lagi di PR. #berlomba dengan anak dalam berkarya 
 Dimuat di Koran Pikiran Rakyat, 25 Januari 2015

Adikku  yang Hebat
Oleh Rianita Wulandari Arief Nadea

            Hai… perkenalkan namaku Kania Luwindawati Ainur Arief, biasa dipanggil Nia. Aku sekarang duduk di kelas 4. Aku sekolah di SDN Pajagalan 58. Aku memiliki seorang Adik yang bernama Kalyca Bhanuwati Ainun Arief biasa di panggil Caca. Dia masih duduk di bangku TK B1 Dharma Kitri.
            Oh ya, karena mamaku bekerja. Jadi aku bertugas mengantar dan menjemput adikku mengaji. Aku tidak keberatan selain karena dekat rumah juga karena tempat ngajinya sama denganku. Cuma beda kelas. Aku kelas 4 dan adikku kelas 1.     
            “Nia lagi nungguin siapa?” tanya Ocha temanku suatu hari.
            “Biasalah nungguin adik.
            “Emang Caca enggak diantar sama Mama kamu apa?”
            “Enggak Mama banyak kerjaan dari kantor.” Kataku. Setelah lama berbincang adikku  keluar dari kelasnya.
            “Ka, Caca kepilih untuk mengikuti lomba baca surat.” Kata adikku setengah berteriak. “lomba baca surat Al-Qoriah, Ad-Duhha, Al-Imron.
“Oh, hebat banget.” Kataku.  
            “Ka, ayo pulang.” Kata Caca.
            “Oh iya, Ocha aku pulang ya.” Kataku sambil tersenyum kepada temanku.
            “Iya aku juga mau pulang, kok” Kata Ocha. Lalu aku dan adikku keluar dari tempat Ngaji. Aku menggandeng adikku. Aku terus berpikir kenapa Caca bisa ikut lomba? Kenapa adikku bisa sepintar itu? Padahal kan aku kakaknya. Selama mengaji di sini, aku belum pernah mengikuti lomba. Aku terus memikirkan itu sampai rumah.

                        MALAM PUN TIBA
            “Kak, doain Caca ya supaya menang.” Katanya.
            “Pasti dong Caca harus menang.” Kataku sambil menggengam tangannya. Padahal hatiku dipenuhi ragu. Caca pasti ngak akan juara, karena aku tahu saingannya hebat. Aku berpikir kenapa Caca bisa terpilih? Padahal aku belum pernah terpilih mengikuti lomba seperti ini. Hanya Manda yang bisa mengikuti lomba ini. Pikiran itu terus menghantuiku.
Keesokan harinya Caca, aku dan Mama segera pergi ke tempat acara..
            Lomba segera dimulai. Caca mendapat no urut pertama. Setelah di panggil oleh Mc Caca maju ke depan, serempak yang ada di ruangan itu bertepuk tangan. Caca membaca surat-surat itu dengan lancar.
Satu persatu peserta maju ke depan, sampai semua acara selesai. Lama menunggu akhirnya penantian untuk mengumumkan pemenang pun tiba.
            Baiklah hadirin, tadi kita telah mendengarkan para peserta membacakan surat. Sekarang saatnya mengumumkan juara-juaranya, mulai dari harapan 3.  Pemenang harapan 3 adalah… Azkiya Putri Wahyu Larasti dari kelas 6 ayo silihkan maju.
            Tepuk tangan hadirin riuh.
“Sekarang saat yang di nanti-nanti. Juara 1 di raih oleh… Kallycha Banawati Ainun Arief ayo maju, De.” Kata Mc. “Untuk juara 1, berhak mendapatkan trophy, piagam, uang 5 juta, dan paket dari Al-QuranulHakim. Untuk adik-adik yang kurang beruntung kalian mendapatkan piagam dan paket dari Al-QuranulHakim” Kata Mc.
“Asiik aku dapat piala.” Adikku girang bukan main 
Aku sangat senang  Caca bisa meraih juara 1.  Mama dan Papa pun bangga.
            “Selamat ya, Ca. Kamu memang hebat.” Aku memeluk adikku.
***

Pengirim:
Rianita Wulandari Arief Nadea
Kelas 6B
SDN Raya Barat Bandung