Jumat, 29 Juni 2018

Tungtung Sore

Lama ngak Upload tulisan. Kangeeen
Dimuat di Tribun Jabar


Tungtung Soré
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Baliho, spanduk ogé pamflét geus mimiti katingali. Rapang dina témbok imah, naraplok dina tangkal, aya ogé nu ngahaja dipasang lebah jalan raya. Di tempat tempat strategis anu bisa katingali ku jalma.  Kitu nu ku kuring katingali lamun sakalieun turun gunung seja ka kota. Meuli kaperluan keur santri. Kayaning buku, kitab jeung kaperluan lain nu aya patalina jeung kagiatan ngajar barudak.  Harita mah ka toko  anu dimaksud  téh kaliwat sababaraha blok. Leumpang sababaraha balikan.  Basa nanyakeun cenah geus kaliwat rada jauh, kapaksa leumpang balik deui. Leuh geuning enya. Ngaran toko téh kahalangan ku baliho. Keuheul nataku. Beuki wé apatis ka ngaran pilkada.
Baheula gé ka imah Ama. Rabul jalma. Ama téh Bapak kuring anu kabeneran boga pasantrén. Nya kitu geuning ari keur pilkada mah. Liang cocopét gé teu sirikna didatangan. Kitu deui ka lembur kuring anu sasat aya di gunung.   Loba anu nyiliwuri mindah rupa pikeun ngaraih sora. Pikeun  ngolo sangkan sora sora  rahayat biluk ka maranéhna. Harita Ama narima biasa. Piraku sémah teu diajénan. Perkara maksud manéhna ditampa tapi perkara masarakat milih atawa heunteu mah Ama teu ngajangjikeun.
Rahayat  jaman kiwari geus palinter. Béda jeung baheula nu masih bisa dibobodo. Dibéré kaos carang. Atuh kaos carang téa lumayan bisa dipaké ka sawah, nu balukarna asup angin. Kampanye ngilu ka ditu ka dieu, dapon meunang kaos  atawa amplop nu pamustungan béak dipaké obat bati kampanyeu.
                Ayeuna mah tiis ceuli hérang panon. Teu aya nu datang ka Ama. Saprak kajian harita pan. Aya calon anu ngamuk tutas hasil pemilihan diumumkeun. Éléh sora. Komo ku kabeneran di lembur Ama. Teu kabagéan sora pisan. Ngamuk béak karep. Majar Ama geus mangaruhan warga sangkan teu nyolok manéhna.  Nu teu ngeunahna éta sumbangan karpét nepi ka dibawa deui. Kitu deui spéker masjid.
                “Ama mah taya hak pikeun maksa masarakat  pikeun milih Encép.” Ama leuleuy. Ngupahan nu  kaberung napsu. Susuganan ku cara leuleuy amarahna sirna. Tapi ning abong geus kalimpud ku jurig napsu. Amarah geus nalingkung diri. Omongan Ama nu leuleuy, sigana téh teu napel saeutik eutik acan. Da éta wé diomongan leuleuy téh ngadon beuki muncereng, panon gé burial buncelik  kaluar kabéh. Leungeun nunjuk ka Ama nepi ka bentik bentik. Nyarékan laklak dasar.
                “Dasar haji atah adol. Ngabobodo jalma béak karep. Karpét, speker dibéré, bari jeung euweuh pamulang tarima.”
                “Punten, Cép, Ama mah ti baheula gé teu ménta. Pan éta mah kahayang Encép  nyumbang. Barina gé mun teu iklas hadé dibawa deui. Tinimbang  pidoréksaeun sararéa. Agama teu maksa ka jalma lamun taya kaiklasan.” Ama gogodeg.
                “Gandeng haji. Ayeuna mah tong mamawa agama. Naha haji rék mikeun éta karpet?”
                “Ceuk Ama gé mangga téh teuing.” Ama nyarita angger leuleuy.
                Sanajan enya Ama teu ambek. Teu keuheul. Tapi kuring bisa ngarampa naon anu dirasakeun ku Ama. Tinangtu haté  gudawang. Itikurih deui meuli karpét jeung spéker masjid. Tisaprak kajadian harita Ama embung kaanjangan sémah, ari lain nu deukeut atawa nu geus wawuh mah. Komo deui nyanghareupan pilkada siga ayeuna. Narah sigana. Kitu deui para santri sigana téh geus apal kana kahayang Ama. Aya tim khusus pikeun ngajaga di hareup.  PPID meureun mun di kota mah ngaranna.  Di hareup sacara bagilir santri ngajaga tamu nu datang. Nuliskeun ngaran jeung tujuan.   Sok langsung wé dibéjakeun Ama keur indit jauh. Dihareupan heula ku nu dipikolot. Tara Ama langsung nyanghareupan, sakalieun aya tamu jauh téh. Lamun sakira kira néléngténg ka lebah politik mah. Tara dibéré haté.
*
                Keur di jero beus harita téh. Balik balanja. Meuli kaperluan siga biasa. Waktu aya nu nyebut ngaran kuring. Ti tukang. Langsung ngalieuk.
                “Dewi nya. Kumaha damang?” Hiji lalaki asa wawuh. Asa deukeut jeung haté. Lamunan jadi ngacacang ka mangsa nu geus kasorang. Tapi enya kitu manéhna. Ngahuleng.
                “Hilap deui nya? Sombong lah. Angga téa. Angga Kusuma. SMA tilu.”
                “Oh, muhun Angga. Punten nya. Janten pangling atuda.” Kuring imut. Neundeun ngaran dina ingetan.
                Enya Angga. Babaturan saangkatan. Pinter, kasép, béréhan jeung aktif di organisasi. Sagalana pisan aya di manéhna. Kungsi harita ngadeukeutan  kuring. Ngan duka atuh da teu dibéré resep. Ceuk batur mah sagalana Angga téh. Pantes kuring disebut bodo, lantaran teu narima Angga. Pan harita mah kuring keur deukeut jeung Damar. Kungsi kalangkang manéhna napel di kuring sanggeus rérés kuliah. Kalangkangna némbongan waé. Perhatianna, bageurna jeung lainna kabawakeun kana kahirupan. Beut aya rasa kaduhung. 
                Komo sanggeus hiji dua babaturan mimiti ninggalkeun masa kabébasan. Mimiti ngipuk pangharepan, lalayaran dina sagara rumah tangga, kasimpé téh beut marengan. Saumuran kuring di lembur mah kasebutna geus parawan kolot. Rumasa mimitina mah sok mikiran nasib diri.  Teu kapikiran  sotéh sanggeus Ama ngadegkeun pasantrén.  Kuring dilibatkan jadi pengurus ogé jadi guruna. Ti dinya aktivitas padet, ngaleungitkeun ngaran Angga. Teu aral mikiran diri nu can kabeneran panggih jeung jodo. Simpéna haté ngaleungit bareng jeung mucunghulna hal lain. Ngadeukeutkeun diri kanu Maha Kawasa. Sadayana nyérénkeun ka anjeunNa, yén jodo pati bagja jeung cilaka geus aya guratna. Manusa  ukur bisa usaha jeung ihtiar. Pamustungan anging Alloh nu nangtukeun. Ku ngajar jeung ngadidik barudak haté jadi bérag. Aya hal lain anu leuwiih mulia batan mikiran diri. Ningali kaayaan barudak anu kacida butuh perhatian.  
                “Masih di Kampung Dukuh?”
                “Masih.”
                “Ké, ah. Nganjang.”
                Teu dijawab. Tapi nu sabenerna, dina haté pangjerona. Ngaran Angga mimiti lalayaran. Aya kahayang lamun Angga nganjang ka imah. Ka gunung singkur.
                Ka dieunakeun Angga remen nganjang. Surak waktu Angga mimiti datang ka imah. Disanghareupan ku Ama. Haté tagiwur inggis Ama bendu, teu sapagodos jeung kahayang kuring. Tapi Ama katingalina beut deukeut, cop. Ngobrol ngalér ngidul. Mimitina teu pernah ngungkit masalah pulitik. Biasa waé ngobrol. Prah siga nu lain.  Tapi kalilaan mah mimiti ngabuka yén cenah manéhna téh nyalonkeun ti hiji partai.  Anéh, beut ka Angga teu aya rasa ceuceub. Teu aya rasa ngéwa siga ka calon nu lain. Ama gé kitu siga nu léah. Duka meureun pédah geus deukeut ka Angga ti saacan apal nyalon.
                Angga mah mémang beda tinu lain. Perkara sifat pan geus apal ti keur SMA kénéh. Handap asor. Ka kolot ka budak ngahargaan. Teu weléh mihormat ka sasaha. Teu adigung. Sok uplek jeung Ama ngobrol. Naon waé sagala nyambung.
Sugan téh Ama moal nyanghareup, waktu apal Angga nyalonkeun téh. Ama siga méré lampu héjo ka Angga. Santri ngarti kahayang Ama, da éta we spanduk jeung pamflét gé ku barudak dipasangkeun, teu kudu dititah. Lamun pareng santri masangkeun spanduk kana tangkal bari jeung dipakuan mah. Angga sok nyarék.
“Mending ditalian waé, meh teu ngaruksak tangkal.”
Poin tambahan keur kuring. Yén Angga kacida merhatikeun kana kaséhatan lingkungan.
                Harita pasosoré Ama jeung Angga ngobrol di tengah imah. Duka naon anu diobrolkeun téh da katingali uplek nakeran. Sakapeung Ama ngagakgak kagugu ku omongan Angga sigana. Atuh sakapeung ogé Angga seuri ngadéngé pangalaman Ama. Beut jadi nyipta anu teu puguh. Lamun téa mah. Enya lamun Angga daék deui ngedalkeun kaasih. Hayang teuing geura narimakeun. Ngarah Ama suka. Pan Ama sakitu geus sepuhna. Piraku taya nu daék neruskeun hanca Ama. Gerentes jero dada. Ih, beut  ambon sorangan. Kuring ngusap beungeut. Éra ku lamunan. Ti panggih di beus nepi ka ayeuna Angga teu ngobrol nu karitu. Pan mimindengna mah ngobrol ngan jeung Ama. Paling panggih lamun nyuguhan.
                Pernahna pasantrén jeung imah. Ukur kahalangan tilu suhunan. Kuring mimindengna di pasantrén. Ngajar ti isuk nepi ka soré.  Tara apal iraha Angga datang. Da tara kungsi jangjian. 
                “Ama. Sakedap deui Magrib. Cai tos disayogikeun.”  Kuring nyampeurkeun.
                “Duh enya teu karasa. Nyérélék pisan. Teu karasa ari geus ngobrol jeung Angga téh.”
                “Abdi gé moal lami atuh Ama. Badé aya bujengeun.”
                “Kagok Magrib, Ang.”
                “Caket da bumi réréncanganna, Ama.” 
                “Sok atuh. Kadé di jalanna,” Ama ogé kuring nganteurkeun ka luar.
                Panto mobil dibuka. Mukakeun kaca mobil.
                “Tos sonten, tapi nyongkab pisan nya Ama!” Angga muka dua kancing kaméja.
                “Sigana ke peuting hujan badag.” Ama mairan.
Pluuk... lokét konci mobil anu keur dicekel ku Angga murag. Angga haget nyokot. Awakna dongko nyokot konci nu ngagolér dina taneuh.   Bumi alam asa poék. Waktu Angga nyokot lokét nu muka. Atra. Poto panganténan.***

Nina Rahayu Nadéa. Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Tulisannya dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Banyuwangi, Koran Pantura, dll