Jumat, 10 Mei 2013

Fikmin di Lapak FBS


Fikmin #Sandiasma 2#

“Duh Gusti mugia anjeun nangtayungan kulawarga abdi. Mugia pun anak Budi Syarif salamina aya dina jalan lempeng, teu kabaud ku hal anu teu puguh,” clak cimata murag kana tonggong leungeun. Beuki anteng ngado’a, cimata beuki juuh na pangsujudan.
Ngarénjag waktu di luar aya nu keketrok. Peuting nu jempling meujeuhna ngahenang ngahening, ngarasakeun nikmat ti mantenna, mancawura, waktu aya haréwos karisi malibir na biwir peuting.
“Angga aya?” ceuk hiji pulisi.
“Teu aya, Pak,” walonna tatag.
“Kuring tos maluruh, leres di dieu. Panuhun ibu tong nyumputkeun, kuring keur ngajalankeun tugas.”
“Muhun teu aya jenengan Angga.”
Teu madulikeun omongan éta awéwé. Pulisi langsung asup ka imah. Ngawut-ngawut naon rupa anu aya hubungan jeung nu ku manéhna dipaluruh. Kabéh tempat dititenan taya nu kaliwat. Teu lila amitan.
Isukna geunjleung. Téroris kacerek di Batu Rengat, Cigondéwah, tiwas dina leungeun Densus 88. Térorisna taya lian Angga Sandiasma ti Budi Syarif.
Like · · · · Thursday at 11:31am

Sajak Sunda di Suara Daerah Jabar


KUMPULAN SAJAK

Lalakon
Ku: Nina Rahayu Nadéa

Lalakon teuing ka mana réngkolna
Dina wates hirup jeung pati
Mangrébu pangharepan montél na diri
Maluruh kapanasaran teuing ka mendi

Lalakon teuing iraha reureuhna
Salilana ngungudag angin
Ngawélah parahu dina sagara kingkin
Mentangkeun gondéwa museur tineung
Néangan nu ditéang
Teuing ka mana jucungna

Layung ngempur mapaésan wanci sareupna
Tetengger tinggarupay
Sedeng diri?
Ngocécang na jalan nu ngolémbar
Salilana kalimpud bingung





Wilujeng Énjing Kota Garut
Ku: Nina Rahayu Nadéa

Wilujeng énjing kota Garut
Wilujeng énjing
Bagéakeun kuring nepungan
Ngalubarkeun kakangen nu ngubeng na angen
Malidkeun kaasih nu kaselir wanci heureut pakeun

Wilujeng énjing kota Garut
Wilujeng énjing
Kalakay  maluguran lawas teu kasorang
Tinggarupay ngabagéakeun kanu anyar datang
Rumasa kuring jarambah teu popoyan
Ninggalkeun panyalindungan ngajauhan katuna
Sapaparat jalan néangan sugan jeung kahayang

Wilujeng énjing kota Garut
Wilujeng énjing
Kuring mulang ka sarakan dimomotan  ku sarébu  pangharepan
Mugi anjeun teu  ngabendon
Ka kuring nu arang mulang


Lembur Kuring
Ku: Nina Rahayu Nadéa

Tina érang-érang jandéla kahirupan
Tina hiliwir angin jeung haréwos gaib
Ngawirahma larsup na lulurung waktu
Nu haliwu, ngagalindeng deudeuh,  ngaguruh baganti gorowok démonstrasi

Tina sarisig jandéla haté
Ngintip béwara ti saampar jagat
Ngintip rénghap masakat nu guyang dina  leutak kateuadilan

Naha enya?
Kaasih geus diranjah
Lembur ceuyah ku préman
Politikus parebut ngaheuyeuk nagri ngarawu untung
neundeun tunggara tina mangrebu parentul jalma

Sajak keur Candra jeung Wulan
Ku: Nina Rahayu Nadéa

Basa kuring neuteup bulan
Candra jeung Wulan  narémbongan
Imutna mabra na wiati kana sukma niruk jajantung
Ngumbar kereteg tresna nu sawirahma
Ngajanggélék putri

Basa kuring nyawang béntang
Candranaran, Wulandari patingkariceup  kana haté ngalagena dina bayah
Pataréma dina simpay kanyaah
Ngajilim inji

Tuh mayapada geus nganti anjeun
Endagkeun jagat ku pangabisa
Tandonkeun réma ka dayeuh nagri
Sawérkeun rénghap kaparigelan
Talimbeng dunya ku ketak rancagé


                Nina Rahayu Nadea, lahir di Garut - Jawa Barat,  28 Agustus. Menulis dalam bahasa Sunda dan bahasa Indonesia. Karyanya dimuat di beberapa media. Telah menghasilkan kurang lebih 60 buah buku antologi. Tahun 2011 memenangkan lomba Soulmate Writing Battle Leutika Prio-Yogyakarta. Tahun 2012  Juara naskah terbaik cerpen anak Hasfa Publisher, dengan judul cerpen ‘Si Jalu Kesayanganku’. Tahun 2013 naskah barakatak terpilih di Majalah Mangle, dengan judul ‘Teu Gaduh Artos’. Tulisannya bisa dilihat di www.ninarahayunadea.blogspot.com

Rabu, 08 Mei 2013

Fikmin di FBS #Sandiasma 1#

Fikmin #Sandiasma 1#

Keur usum. Nerekab dimana-mana. Nu hayang jadi artis, nu hayang jadi sastrawan, geunjleung saalam dunya. Ngagaranti ngaran sorangan. Nu dipalar sangkan ngaranna ténar dipikawanoh balaréa, jeung nu leuwihna nyéta ngabogaan ‘nilai jual’ anu kacida alusna sarta ngarojong karir maranéhna sangkan ngaranna ngajaul ngapakan langit. Ngambah sagara.
Maranéhna anteng muru kampung, ngulayaban nyaba kota, nepi ka jarambah ka mancanegara. Ngaranna tingparentul mapaésan spanduk, mapaésan kertas-kertas nu leuseuh teu kasiraman do’a. Nu dipamrih hayang jadi nomor hiji di tanah jagat. Hayang ténar. Ngaranna pada dipigandrung, dipikareueus balaréa. Enyaan kapéngpéongan.
Bulan nyumput cumalimba, ngintip dina sela méga. Nyaksian hiji indung. Inyana sedih kingkin. Pilakadar sandiasma? Ehm deudeuh. Ngaran ti indung nu ngandung salapan bulan, ti bapak nu ngayuga nu dipurulukan do’a saban waktu, diharéwosan jampé unggal mépéndé. Dikukuntit angin tarapti ibu unggal wanci. Ngaran nu bakal mapaésan tetengger engkéning jaga. Disambat disebat ku kanyaah nu jumeneng.
Like · · · · Tuesday at 2:08pm