Nu
Leungit di Pusdikmin
Ku
Nina Rahayu Nadéa
“Hayu peureum heula. Ngadon ngahuleng kitu. Siap-siap
isukan mah jadwalna padat pisan geura.” Bu Rina noél leungeun, bari jeung metot
simbut nutupan awak.
“Ah, rada teu paruguh puguh gé.”
“Teu paruguh naon? Tatadi ditigali téh teu bérag kitu? Aya masalah di dieu? Batur
ngomong teu puguh mah, antepkeun wé. Tong diwaro. Tong babari kasigeung di dieu
mah. Guyon ngaranna. Kawas nu teu apal waé béda sirah, pasti béda adat.” Bu Rina
seuri.
“Lain masalah di dieu, Bu. Nya biasalah....”
` “Ari geus aya masalah naon?” Manéhna
diuk. Neuteup kuring.
“Nyéta,
Bu. Salaki di imah téh teu pati satuju kuring kikieuan téh. Matakna ka dieu téh asa teu
puguh. Cus cos ka ditu ka dieu.”
“Ka dieu ka Pusdikmin maksudna?”
Kuring tiban unggek.
“Tapi ning kamari dianteur?”
“Pédah wé kuring maksa. Da sajeroning perjalanan gé
angger baketut. Taya paroman hégar siga biasana, puguh gé...”
“Enyaan ieu téh, Mamah rék ninggalkeun Adit?”
“Nya kumaha deui atuh Pap. Hampura lain Mamah teu nyaah
ka Adit. Lain. Ieu kasempetan Mamah terakhir. Lebar lamun Mamah teu
ngangsitkeun diklat PIM téh, mereunan kasempetan Mamah pikeun naék jabatan leungit.
Anggursing Papah kudu ngarojong sangkan karir Mamah mulus rahayu atuh Adit sing
gera-gera cageur.” Kuring Méréskeun
kantong luhureun kasur.
“Lain Papah teu ngidinan. Lain teu ngadukung Mamah. Pan
biasana gé pék téh teuing. Tapi tingali kaayaan Adit ayeuna. Maenya teu nyaah
kanu jadi budak. Panas nyebrét. Geus
leuwih ti saminggu bulak balik waé ka dokter. Jeung apal, pan Adit sakitu
miindungna?”
“Apal. Mamah téh awéwé nu ngandung jeung ngalahirkeun
Adit. Rido ngobankeun jiwa raga keur ngabélaan nu jadi anak. Tah ayeuna gé
kikieuan téh demi anak. Méh masa depan kajamin. Kajamin sagalana. Ékonomina, pendidikanna,
kaséhatanna. Pan kamari ka rumah sakit ka ditu ka dieu gé maké duit. Nyaah
kacida Mamah téh. Hésé pibasaeunna. Hésé dicaritakeunna. Kanyaah indung moal
bisa digantikeun. Tetep ngalir iraha waé. Teu kasungkeret ku waktu nu sakocépat.
Lain Mamah bedegong. Teu nurut kanu jadi salaki. Pan aya Wati, nu ngahaja sina
ka dieu. Naha éta kurang, Pap.” Kuring memener tiung nu keur dipaké. “Mun perlu
Ema jeung Bapak ti lembur sina ka dieu. Keur gaganti kuring.” Kuring neuteup nu
jadi salaki. “Bade ditelepon Ema jeung Bapak?”
Salaki ngabalieus. ”Teu perlu. Nu utamana
Mamah kudu ngabolaykeun indit ka Pusdikmin. Papah embung aya nanaon.”
“Astagpiruloh, Pap. Émut atuh ku Papah. Kumaha wirangna Mamah
kunu di kantor. Lain Mamah wungkul kétang nu wirang. Pingpinan, jeung nu lainna
nu geus mercayakeun ieu amanah pasti kuciwa.” Kuring mencrong kanu jadi salaki.
“Papah hoyong nu lain jadi aya masalah gara-gara urusan Mamah teu bérés? Lamun
ngan saukur Mamah nu nanggung akibatna, teu nanaon. Tapi Mamah embung ieu
masalah ngabarérang ka batur. Babaturan Mamah di kantor.” Kuring diuk dina
biwir kasur.
Salaki
teu ngomong. Ngabalieus miceun beungeut. Mana kitu gé kahartieun meureun. Hem,
ngeunah sorangan ngatur-ngatur sangkan kuring tong indit pelatihan ayeuna. Piraku
karir anu keur meujeuhna kudu pareum lantaran urusan rumah tangga. Pan ti béh
mula gé geus badami yén kuring angger hayang mesatkeun karir sanajan geus pruk
kawin. Embung masalah rumah tangga jeung lainna jadi ngabolaykeun pamaksudan.
Matakna ti prukna kawin kuring kadua salaki tohtohan barang gawé. Ti saanggalna
geus nyieun komitmen yén ékonomi kudu geuwat mesat. Kujalan gawé babarengan.
Teu anéh sababaraha taun kawin. Geus katingali ku saréréa
kumaha usaha kuring jeung salaki. Bréh
imahna, bréh mobilna, geus puguh parabot rumah tangga mah aralus jeung arantik
nakeranan. Pada mikareueus kabéh kulawarga. Boh kulawarga besar ti salaki boh
kulawarga besar ti kuring.
Tapi sanajan kuring awéwé nu ngudag karir. Embung téh
teuing ngorbankeun nu jadi budak. Lamun pareng aya kagiatan di kantor siga
ayeuna kuring sok ngangkir Wati-anak bibi. Percaya pisan ka manéhna, ku getén
ngariksa jeung nyaahan ka budak.
Pilakadar cenah nu jadi anak baued. Hayang dibarengan ku
kuring? Pan éta mah geus biasa, tinggal dilelemu biasana gé ku salaki, ku Wati
ogé ku ninina – indung Kang Féri nu remen ngelol. Biasana gé sababaraha poé
cageur baeudna. Ké gé bungah ajrag-ajragan komo deui mun kuring balik mawa cocoan
karesepna.
Enya meureun kuring gé sadar, yén Adit téh ayeuna keur
meujeuhna butuh perhatian kuring komo keur gering mah. Matak bisi aya nanaon kuring mercayakeun ka
dokter pribadi sangkan rutin datang ka imah.
“Kuma Anti wé ari kitu mah. Ari geus dipikir asak-asak
mah.” Salaki ngarahuh panjang. “Jig tempo heula Adit di kamar.” Salaki ngomong
rada leuleuy.
“Moal ah, keun wé tuh da aya Wati di kamar. Ké bisi riweuh deui Mamahna.”
Kuring nyoléndangkeun kantong. ”Lain nanaon karunya. Keun wé da ti peuting gé
geus diolo bébéakan. Barina gé ayeuna mah keur peureum budakna. Moal hadé
dihudangkeun. Hayu Pap. Bisi telat.” Kuring mencrong kanu jadi salaki.
“Hayu.” Walonna pondok.
Sanajan horéam meureun sabenerna nganteurkeun kuring.
Tapi teu burung antukna bisa dianteurkeun ku manéhna. Ngan kitu sajeroning
perjalanan teu cumarita saeutik gé. Kabawakeun ku masalah meureun. Ditanya
ngajawab saperluna, antukna kuring gé teu loba ngomong sieun salah.
*
Dua poé deui pelatihan rék lekasan. Haté kacida atohna.
Lian ti téréh lekasan, téréh naék jabatan. Nu utamana nyéta bakal geura tepung
jeung nu dpicangcam. Adit, Muti ogé
salaki kuring. Rumasa mémang keur pelatihan téh rada tambélar. Telepon ti manéhna tara geuwat
diangkat kitu deui SMS langka dibales. Dibales sotéh ké mun geus peuting jam 11
an.
Sok wé bayangkeun rék iraha waktu teteleponana? Jam tilu
geus hudang da bisi kabeurangan ka cai. Ngantri. Atuh ti saacan adan gé geus saged maké baju
olah raga, baju nu geus ditangtukeun ku
panitia. Barang ngong adan langsung solat sarta langsung muru ka lapangan.
Olah raga heula. Kadang-kadang lari ngurilingan komplék di luar pusdikmin. Kadangkala olah raga aérobik anu diluluguan ku ahli nu
sigana ngahaja didatangkeun ti luar. Atuh mun euweuh euweuh teuing, paling
olahraga biasa nu diluluguan ku panitia nu aya di jero. Kitu téh nepi ka jam 6,
geus kitu kudu geus salin baju hideung bodas. Apél, sarapan jeung siap-siap
narima materi ti para instruktur nu geus didatangkeun.
Teu anéh lamun keur narima materi téh loba waé anu
nundutam. Lantaran jadwal anu kacida padetna. Ku waktu nu kacida padet nya
meureun nu nyababkeun kuring rumasa teu bisa teteleponan unggal waktu.
“Mamah téh sibuk naon atuh. Adit hoyong ngobrol meni teu
tiasa. Tatadi nelepon teu diangkat waé.” SMS Adit dibaca.
Ehm nyaah kasép.
Mamah téh riweuh. Ceuk haté waktu
asup ka kamar. Karék bérés acara. Harita téh jam 11 peuting. Teu talangké
gentak nelepon balik. Teu aktif. Kitu deui ka salaki, teu diangkat waé. nelepon
ka nomor imah, lila deui taya nu ngangkat. Rék ditutup pisan karék aya nu
ngangkat. Bi Jumi pagawé di dapur.
“Geus pareureum, Bi? Kumaha Adit séhat?”
“Punten Bu. Abdina nuju ka payum, nutupkeun gerbang. Sadayana
nembé arangkat.”
“Arangkat ka mana, Bi?”
“Adit hoyong jalan-jalan saurna ngan kirang terang duka
ka mana?”
“Jalan-jalan. Peuting-peuting kieu? Pan ngaringkuk?”
“Alhamdulillah tos séhat ayeuna mah, Bu. Matakna
ngarenghik wae hoyong jalan-jalan.”
“Bapak jeung saha angkatna, Bi?”
“Sareng Néng Wati, Bu.”
“Oh. “ ngan sakitu nu kaluar tina biwir. Banget ku bagja
ngadéngé budak geus jagjag belejag, malah hayang jalan-jalan sagala. Ngan ku
keuheul téh éta ka salaki, nelepon sababaraha kali teu diangkat.
Keur riweuh matak kitu gé meureun. Tapi barina gé teu hayang mikiran. Malaur
pagawéan ngarésume can dikerjakeun. Kuring teu lila mikiran. Gutrut wé nyieun tugas nu kudu bérés harita kénéh.
*
Sanajan kesel jeung ngarasula mimitina mah, teu burung waktu téh geuning nyérélék
ari ku anteng dilakonan mah. Sapeupeuting piisukeun balik, waktu dimangfaatkeun
ku kuring pikeun ngapalkeun. Ngapalkeun naon rupa materi anu geus katampa.
Kuring hayang némbongkeun ka saréréa utamana nu jadi salaki, yén kuring bisa
lulus kalawan nyugemakeun.
Hasil ngapalkeun sapeupeuting téh aya hasilna. Nilai
kuring kacida alusna. Malah mah meunang nilai pangluhurna. Atuh kabéh babaturan
saangkatan jol itu jol ieu siliwilujengkeun.
“Alhamdulillah, Pap. Nilai post test Mamah pangageungna.”
Kitu SMS nu kakirim ka salaki kuring. Harita jam 4 pasosoré.
Lebeng taya jawaban. Didagoan sababaraha lila. Tapi
panasaran ditelepon. Teu diangkat. Sababaraha kali nelepon karék diangkat.
“Ari Papah ka mana waé?”
“Meeting.”
Jawabna pondok.
“Pap. Alhamdullillah mamah lulus. Malah mah nilaina pangageungna. Kasih
hadiah dong ka Mamah.”
“Oh. Selamat.”
“Pap.”
“Ya. Papah nuju meeting
kénéh.”
“Jemput ke Magrib nya. Sakantenan candak barudak. Mamah
sono.”
“Ya.” Salaki nutup telepon.
Nu dipiharep salaki muji bébéakan, teu ngabukti. Anggursing
semu haré-haré waé. Padahal biasana gé
salaki kuring mah sok antusias ngadéngé kasuksésan kuring. Ngambek kénéh kitu ku kajadian méméh indit?
Piraku teuing biasana gé pan babari léah.
Babari mopohokeun masalah nu enggeus-eungeus.
Upacara penutupan geus kaliwat. Hiji dua kulawarga
babaturan geus mimiti tingkurunyung mapagkeun. Katangen galumbirana, silitangkeup
jeung kulawarga. Gusti enyaan ieu haté geus kebek ku kasono. Kapéngpéongan ku
rupa barudak. Hayang geura ngarangkul Adit jeung Muti, kameumeut ati. Hayang
geura nyacapkeun kasono nu geus ngagulung jeroeun dada. Hayang geura ngobrol ka
Adit jeung Muti. Yén indungna téh hiji wanoja nu teu meunang dianggap joré-joré.
Buktina? Meunang peunteun pangpunjulna tinu lain, meunang pamuji ti baléréa.
“Adit di mana kénéh?” tanya kuring waktu Adit ngangkat
telepon.
“Di jalan, Ma. Nembé tos dinner heula sareng Bi Wati. Teras jalan-jalan. Pokona asiik, Mah.
Ramé.”
“Papahna mana?”
“Nuju ka toko heula sareng Bi Wati.”
“Bi Wati?” aya nu harendeg kana haté. Nanaonan atuh Wati
jeung dibabawa sagala. Pan kahayang mah ieu téh acara pribadi hayang namplokeun
kasono ka maranéhna. Teu pupuguh aya nu ngarérab sésélékét nyuaykeun panto
haté.
“Rita, tipayun nya. Tuh tos dipapagkeun”
“Ya. Wilujeng.” Kuring ngajajapkeun Bu Rita. Peserta nu
terakhir dijemput ku kulawargana. Tinggal kuring sorangan nungguan. Pusdikmin
mimiti simpé, haté mimiti dibaturan simpé. Langit geus mimiti dipasieup béntang.
Teuing jam sabaraha lila nu ditunggu antukna datang.
“Pap? Meni lami?”
“Adit hoyong jalan-jalan heula puguh.”
“Mana Aditna?”
“Di parkiran mobil.” Salaki leumpang panghareupna.
Kantong didorong ku manéhna, ninggalkeun kuring nu hareugeueun. Kasono laluncatan.
“Pap?”
“Ya?” Manéhna ngarandeg.
“Séhat?”
“Séhat. Hayu barudak tos nungguan”
Kuring nuturkeun salaki muru parkiran mobil.
Gebeg. Ngarénjag sataker kebek ningali hiji awéwé anu
keur ocon jeung barudak. Katingali layeut nakeranan. Awéwé maké baju warna beureum. Baju karesep
kuring. Asa wawuh kana éta baju.
“Saha éta, Kang?”
“Wati. Pangling nya?” Salaki nyenghél.
“Éta acuk?”
”Enya
acuk nu Mamah ditambutkeun ku Papah. Méh pantes.” Salaki teu kireum kireum.
“Adit!”
kuring ngagorowok.
“Éh,
Mamah... “ budak ngalieuk. Tapi teu nyampeurkeun.
“Adit,
itu saur Mamah.”
“Bi,
Jajap Adit ka ditu, yu. Adit mah hoyong naék ka lante pangluhurna. Hoyong
ningal béntang.” Budak nunjuk langit. Teu saeutik gé ningali kuring.
“Muhun
hayu, Bi. Muti gé hoyog ningal béntang.” Muti nyampeurkeun.
“Sok
jajap heula, Wat. Sakedap.” Salaki cumarita.
“Mangga.”
Walonna pondok. Nungtun Adit jeung Muti.
“Hayu
Papah. Ningal béntang sasarengan.” Adit metot leungeun bapakna.***
Haturan Patun Rahmat
Tawis tineung Ton C angkatan 15