Senin, 02 Maret 2015

Mapag Balebat

'Mapag Balebat', carpon Mangle 19-25 Februari 2015. Alhamdulillah 




Mapag Balébat
Ku Nina Rahayu Nadéa

                “Kaluar  heula nya.”
                “Muhun ati-ati, Kang.” Pamajikan imut. “Sok sing kénging inspirasi nu seueur.” Omongna  tandes, nyumangetan  kuring.
                Kuring leumpang ka buruan. Leumpang nuturkeun léngkah teuing ka mana jucungna. Geus biasa. Panon neuteup kana naon anu bisa diteuteup. Kana naon rupa anu bisa dibaca. Macaan tempat, maca lingkungan sabudeureun. Diajar maca, lain ngan saukur maca buku. Tapi maca kumaha kaayaan di luar saujratna, pikeun kamajuan kuring sorangan. Tina maca, bisa nambah pangaweruh, nambah inspirasi kuring. Atuh karya kuring tambah merul jeung eusian.
                Rét ka peuntaseun, salaki pamajikan pagéyé-géyé. Ditukangna kaciri awéwé lalaki geus kolot. Duka indung bapakna  saha. Duka  nu awéwé, duka  anu lalaki. Ngan nu pasti rék indung bapak, atawa rék mitoha. Ari geus katalian iket ku tikah mah. Maranéhna téh apanan jadi kolotna pituin. Ngaran mitoha mah ngan saukur istilah, da jeroan mah angger waé kasebut indung bapak sorangan. Bonganna geus wani kawin ka anakna.
Ajrih nempona. Katingali layeutna. Malah kalan-kalan lalaki ngora, teu éra nungtun indungna. Komo lebah manggih jalan anu taringgul semu nanjak mah. Panon kuring neuteup maranéhna nepi ka ngiles kalegleg péngkolan.
“Hem... piraku kudu nulis pangalaman sorangan mah,” haté ngagerentes. Nyenghél, inget kana kaayaan sorangan. Mitoha awéwé kacida nyatru. Sanajan  tara  ieuh opénan. Sok ngantep waé lamun mitoha ngomong kitu kieu gé. Mendingan nyingkah tibatan paadu hareup. Tinimbang jadi patelak.
Bonganna. Enya bongan kuring meureun teu boga pagawéan matuh. Lamun boga pagawéan matuh mah, komo gawé di kantor bari jeung boga gajih gedé, pasti wé  mitoha téh moal nyatru, malah sigana téh sukaeun pisan ka kuring.
                Ngan karunya téh ka pamajikan wé nu mindeng digelendut ku indungna. Ka kuring mah tara wanieun ari ngomong langsung mah. Tapi kétang ari sindir sampir mah mindeng éta gé. Ngan api-api teu kadéngé wé.
                “Teu ngantor, Jang?”
                “Heunteu, Ma.” Dijawab halon bari jeung seuri maur. Mun ka batur mah meureun hayang némbal teugeug. Bari jeung teu méré budi. Ngantor ka mana atuh. Nyaho kuring téh pagawéanna kieu. Teu boga kantor, teu boga gajih matuh. Api-api waé nanya  téh.
                “Kumaha atuh nya tukang ngarang téh bet loba waé moé korong.” Bari jeung merenahkeun piring anu karék dikumbahan ku pamajikan. Teu ngarérét-rérét acan ka kuring.
                “Kang. Énggal sanes badé ka bumina Pak Sanusi téa.” Pamajikan norojol ti kamar, semu ngiceup. Ngarti. Ngahaja nitah kuring indit méh teu gutreng jeung Ema. Bisi katoél meureun émosi kuring. Padahal mah can kungsi. Sanajan haté ngagugudag bakat ku napsu. Moal wani ngomong ka Ema.  
                Énggal, Kang, bisi Pak Sanusi keseleun.” Manéhna ngajurungkeun.
                “Enya atuh, kaluar heula, Nyi. Dikantun heula, Ma.”
                “Ati-ati, Kang.” Pamajikan nganteurkeun ka luar.
                Ngan pamajikan nu salilana ngupahan. Ngarti kana kaayaan kuring. Najan ku batur mah pagawéan kuring loba nu ngahina, loba nu ngajejeléh. Ih, da manéhna mah teu kireum-kireum. Teu saeutik ogé ngarahuh perkara pagawéan kuring. Sanajan enya tina ladang ngarang jeung nyieun tulisan téh teu bisa méré nu leuwih. Cukup keur dahar sapopoé téh lain bohong. Ngan untungna pamajikan sok ngéngkén ngaput, nya manéhna nu mindeng nalangan, lamun kuring keur suwung.
                “Kumaha atuh Danu. Manéh téh ngan ngahayal jeung ngahayal, kadé ah bisi jadi jelema  eusleum” ceuk si Endang  basa keur ngobrol di pos kamling.
                “Enya nanaonan ngarang. Gawé pangedulan. Mending nu puguh wé atuh, gawé di pabrik, atawa gawé  nu lain. Jeung nu pasti gajihna gedé. Lain kétang euy, tina ngarang téh di dinya gajihna gedé teu?” Entis mairan.
                “Nya kitu wé.” Kuring teu kapapanjangan. Da matak nyiwitan ceuli jeung batin barina gé.
                “Heueuh sok wé lah sing remen ngalamun. Kadé wé nya manéh bisi jadi eusleum beneran. Ha...ha....” Si Endang, teu bosen nyarita. “Aéh enya, Danu. Aya carita geura. Kamari béjana di lembur sabeulah aya nu bunuh diri terus ngajungjurigan. Pék gera jieun carita.”
                “Enya Danu. Lumayan tah dibéré ilham ku si Endang. Sok jieun karangan méh boga duit. Ké mun geus nampa honorna. Sigana pos kamling téh dikiriman waé cikopi.”
                “Meunggeus hayu ngaronda. Anggursing ngadoa. Karya kuring difilmkeun. Ké maranéh dijadikeun  pamaén utamana.” Kuring nangtung rék ngurilingan lembur.
               
*
                “Marsih kumaha pagawéan salaki téh atuh. Ema mah ningalina gé meni kaluman. Unggal ka dieu, ngan ngahuleng wé jeung ngahuleng hareupeun mesin tik. Nyonyoo buku. Naha bisa tina buku téh ngahasilkeun dahareun. Da moal ceuk Ema mah. Enyaan kaluman ningalina gé.”
                “Ema teu kenging kitu atuh. Kang Danu gé henteu calik, Ma. Nuju uleng ku padamelan éta téh.”
                “Matak Ema ngomong gé. Apal euweuh gawé puguh. Naon gawéna? Mana hasilna?  Kabéh gé bisa ari ngan saukur cimekblek hareupeun mesin tik. Kutak ketik teu puguh mah.”
                “Ma. Kang Danu téh pan pengarang. Nya kitu atuh damelna.”
                “Lamun enya gawé mah meureun katingali manéh reunceum, duit loba. Jeung asana can kungsi Ema kabéréan tina ladang gawéna. Jeung na deui, manéh téh ngora kénéh. Geulis. Panggeulisna di lembur. Pasti loba kénéh nu....”
                “Ema...!” pamajikan ngomongna rada tarik, ngahaja ngahulag indungna.
Éta omongan téh kadéngé pisan ku kuring anu keur di kamar. Tadina mah bener wé saregep nyanghareupan pagawéan. Tapi ari kadéngé aya nu hoghag mah. Kuring kaluar nyampeurkeun maranéhna.
                “Ma. Hapunten Danu teu acan tiasa ngabagjakeun Ema. Mung nembé tiasa ngabayuan kulawarga abdi nyalira, kitu ogé seueur peurihna. Seueur puasana batan ceuyahna. Hapunten pisan, Ma. Insya Alloh, doakeun ku Ema. Pami abdi aya rejeki mah tada teuing hoyong méré mawéh kanu jadi sepuh.” Kuring antukna kedal. Nyanghareup ka Ema. Nu biasana ngan saukur cicing. Teu teu wasa. Komo ngadéngé pamajikan diseukseukan béak karep. Asa hayang ngabéla. Keun ari ngan nyebut kuring euweuh gadag mah geus biasa.  Tapi ningali pamajikan dikitu keun mah. Teu téga.
                “Hampura, Nyi. Can bisa ngabagjakeun. Bener ceuk Ema. Kuduna téh Nyai geus reunceum, geus ginding. Ngan kumaha atuh. Ngan sakieu tah kaayaan Akang. Hampuraa.” Ceuk kuring dumareuda neuteup kanu jadi pamajikan.
                “Akang teu kenging nyarios kitu. Lahir batin abdi tumamprak. Rejeki Akang salami ieu katampi pisan ku abdi. Ema, hapunten abdi sareng Kang Danu teu acan tiasa ngabagjakeun Ema. Tos wé, sasih payun Ema teu kedah ngintunan deui béas ka dieu. Amanat apa almarhum sok wé mangga kanggé Ema. Éta  kanyaah abdi sareng Kang Danu.” Pamajikan nyarita tatag. Neundeun peurih dina haténa.
                “Ah, kawas nu bisa wé salaki di dinya maraban. Sakitu euweuh gadag téh.” Ema ngabéngbéos.
                “Ma...  badé ka mana?” pamajikan nyalukan.
                “Rék balik wé Nyai. Teu paruguh cicing di imah gé. Ngadon ningali waé nu huleng jentul mah.”
                “Kang, hapunten Ema nya?”
“Ari Nyai. Anggur Akang nu ménta dihampura. Rumasa Akang teu bisa nyugemakeun. Ayeuna mah kumaha Nyai waé, da akang mah geus sakieu buktina. Gawé ngan ukur kurah koréh tina ladang tulisan. Hampura.”
                “Akang abdi ngartos kumaha batin Akang. Abdi mah dugi ka iraha waé gé tetep ngadukung Akang. Insya Alloh ké gé aya waktosna. Urang tiasa hirup. Tiasa waluya jiga batur. Ngan teu acan waktosna. Wayahna waé deui, sasih engké mah urang kedah langkung ngirit nya. Pami teu aya cikopi hapunten. Kintunan béas ti Ema, moal ditampi ku abdi.”
                “Asal Nyai rido lahir batin. Tur teu ngarasula.  Akang mah baris ikhtiar sabisana. Yakin, Nyi. Tina ladang éta urang bisa hirup.” Kuring neuteup gegenclang panonna. Aya kayakinan nu nambahan panyumanget keur kuring, ningali linduh liuh panonna. Manéhna nu bajoang, salilana nyumangetan kuring. Bajoang lamun kuring keur kaeutreupan rasa horéam. Noélan sangkan kahoréam téh ngiles. Nyumangetan lamun kuring humandeuar pédah tacan aya honor anu dibayar tina ladang tulisan.
                “Keun da abdi gé gaduh simpenan. Kanggé tuang waé mah.” Kituna téh tara jeung  ngarahuh sumawona humandeuar. “Sok, anggur Akang tambih rajin nyeratna.” Kitu ceuk pamajikan saban usik lamun kuring rumahuh.
                “Duh Gusti paparin abdi jalan. Sangkan tiasa ngabagjakeun kulawarga abdi, ibu rama abdi.“ Kuring sumujud dina doa pamustungan. Yakin jeung yakin,  tina ladang nulis sagalana bisa kacumponan.
*
                Poé Saptu pabeubeurang. Siga biasa kuring datang ka kantor kecamatan. Ngamanpaatkeun komputer jeung internét gratis anu aya di dinya.   Ngadon ngetik jeung ngirim tulisan kana sérélék. Geus pada arapal pagawé camat gé, pagawéan kuring. Ngahaja datang tiap Saptu beurang, méh teu ngaganggu ka maranéhna, kitu deui kuring teu kaganggu. Dina poé Saptu maranéhna ngantor nepi ka jam 12. Atuh kuring bisa bébas di dinya. Malah mindeng saré di kantor. Balik-balik poé minggu pabeubeurang atawa magrib.  Ngabélaan leumpang heula ti imah aya sababarah kilona, pikeun muru ka kantor camat téh. Ah, dilakonan waé da butuh. Rumasa di imah teu boga pasilitas komputer, sumawona internét. Ngan boga HP jadul, kitu gé alhamdulillah bisa dipaké ngetik. Nulis téh digundukeun, terus ditransfer kana komputer, ninggang Saptu. Anu diketik maké mesin tik mah, langsung di ka kantor pos keun. Kabeneran pagigir-gigir. Da aya sababaraha média anu kudu dikirim maké jasa pos.
                Poé Minggu geus rinéh barang gawé. Mukaan sérélék nu asup. Bisi waé aya pesen anu matak bungah. Samisal méré nyaho yén karya rek dimuat.  Tétéla aya hiji sérélék nu asup. Asa anéh ngaranna, lain ti media anu biasa. Pirajeunan dibuka laju dibaca. Asa teu percaya Kana éta tawaran. Yén hiji media  anyar anu dikelola ku perusahaan swasta badag ngajakan gawé bareng.   Kuring dipercaya pikeun ngokolakeun éta média nu karék ngadeg.  Manéhna kacida katajina ku tulisan-tulisan kuring. Bagja ku hiji kudua puguh gé. Kahiji gawé angger dina widang nu dipikaresep. Kabungah séjénna. Gening dibéré gaji tetep  tiap bulanna. Komo barang ditingali mah, gajihna ngaleuwihan UMR.
                Harita kénéh langsung nelepon. Nanyakeun panjang lebar. Banget ku bagja ning nu ngajakan gawé téh babaturan SMA baheula anu geus jeneng jadi direktur di perusahaan swasta anu ayeuna ngajakan  gawé.  Nya manéhna pisan anu nampa telepon téh. Ngahaja cenah méré nomor pribadi, lain kantor da hayang ngobrol.
                “Isukan langsung gawé nya?”
                “Siaap!” Dijawab kalawan giak.
*
                Subuh-subuh geus hudang. Dangdak déngdék hareupeun kaca. Didangdanan kunu jadi pamajikan. Méh teu katingali rudin teuing. Komo ieu gawé munggaran.
                “Akang ka luar heula nya?”
                “Muhun ati-ati, nya Kang. Wilujeng. Sok sing betah.”
                “Nuhun geulis ku kasabaranna. Doakeun Akang.”            
Kuring ka luar imah dipapagkeun ku sora manuk anu récét. Rét ka pamajikan anu masih nangtung nyerangkeun kuring. Ngaléngkah deui. Ngajengjen saheulaanan hareupeun imah. Mapag balébat nu pinuh ku pangharepan.***


                Nina Rahayu Nadea. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman, jrrd



Rebo Nyunda

'Rebo Nyunda' SundaMidang 25 Jan-25 Feb. Alhamdulillah. Ngangken orang Sunda? Yu, mumule budayana. Pami sanes ku urang, ku saha deui





Rebo Nyunda
Ku Nina Rahayu Nadéa

                Panceg sataun program nu dirintis ku Ridwan Kamil lumangsung di Kota Bandung. “Rebo Nyunda” anu mimiti diwawarkeun ti Ping 6 Novémber 2013 tug nepi ka kiwari. Bisa karasa kumaha héabna. Barudak sakola saeutik saeutik wawuh kana budaya sunda utamana dina hal pakéan. Jeungna deui saeutik saeutik teu éra make basa Sunda sanajan aya salahna.
                Dumasar kana Perda Kota Bandung no 9 taun 2012 ngeunaan ngariksa , ngamumulé basa, sastra jeung aksara Sunda. Katangen hangkeut jeung dariana pamaréntah ngeunaan  hal ieu. Dibuktikeun ku ayana aturan nu nyata ngeunaan Rebo nyunda. Dumasar kana ieu aturan téh, sakabéh instansi, dipiharep maké pakéan sunda dina poé Rebo. Teu waé dina pakéan tapi ogé dina bahasa, khususna poé Rebo sangkan maké bahasa Sunda.  Geus puguh ari ngobrol mah, kitu deui dina acara resmi, upamana rapat jeung lainna mun kabeneran ninggang poé Rebo, wayahna kudu maké basa Sunda.
                Ayana kahariwang anu kacida gedéna lamun budaya sunda  luntur. Jati kasilih ku Junti -Pribumi kaéléhkeun ku sémah.  Éta hal utama nu nyababkeun ayana Rebo Nyunda. Atuh, barudak nu asalna teu apal jeung teu diajarkeun ku indung bapakna perkara basa Sunda. Wayahna, kudu tuhu kana aturan. Teu meunang nyebut teu bisa, lamun di sakola budakna kudu ngomong basa Sunda. Sanajan tangtu waé kudu diaping ku guru di sakola. Da jeung kanyataana. Barudak sakola sok nyebut pelajaran basa Sunda téh hésé. Ieu katingali tina peunteun ulangan budak. Bahasa Inggris peunteunna bisa salapan puluh malah saratus, na ari ninggang basa Sunda? Bahasa buhun, bahasa karuhun urang, janggélék peunteun genep puluh. Malah loba anu sahandapeun, da cenah pelajaranna hésé.
ieu program téh kacida dirojongna ku sakabéh inohong di Jawa Barat. Atuh guru basa Sunda nu asalna asa kateumbleuhan perkara barudak nu teu wawuh kana budaya sunda. Saeutikna kabantuan ku ayana ieu program. Sanajan saéstuna, perkara kamekaran basa jeung budaya sunda, lain ngan saukur tugas guru basa Sunda wungkul. Tapi kabéh guru nu aya di lingkungan sakola.  Ogé para inohong, budayawan sunda jeung lainna nu ngarasa daria micinta sunda, bakal ngetrukeun pangabisana, sangkan  ki sunda angger aya.
Dina poéan Rebo téh sakabéh barudak sakola diwajibkeun maké pakéan sunda. Kabaya keur awéwé atuh pangsi keur lalaki. Lian ti pangsi ogé  loba lalaki anu maraké iket  jeung hiasan kujang.   Kaayeunakeun teu sirikna tiap instansi paalus-alus dina perkara pakéan. Da hayang kapeunteun ku balaréa. Pangonjoyna. Éta alusna. Silitémbongkeun pakaya kasundaan. Tapi nu goréngna aya sifat sili saingan téa, mugia wae teu nepi ka dinya.
                 Ngahaja dilaksanakeun pikeun ngamumulé  budaya sunda méh teu luntur. Méh sakabéh masarakat khususna urang sunda pituin, kitu deui barudak teu ngaluli-luli budaya sunda. Budaya Sunda kudu tetep aya, teu kagiridig ku budaya deungeun. Sanajan sabenerna loba hal lain anu dilakukeun sangkan budaya sunda teu ilang dangiang. Contona waé remen ngayakeun lomba kasundaan. Samisal puisi, jaipong, wayang jeung lain-lain. Tapi tacan hémpak. Ngan sababaraha komunitas anu ngariluan.
                Dina prak prakanna ‘Rebo Nyunda’ masih kénéh loba barudak  ogé guru di sakola  tacan maké baju budaya sunda kalawan rata. Masih kénéh katangen maraké baju dinesna. Karagok téa, asa rék ka ondangan majar téh. Kacida manghanjakeulkeunna. Padahal éta poé téh kudu dibagéakeun ku urang saréréa. Lain ngan saukur kedal tina haté tapi kudu aya bukti kongkrit rasa kacinta urang ka sunda. Aranéh puguh, ari  barudak salaku anak didik kudu maké baju sunda ari guruna, salaku figur anu sakuduna dijieun conto heunteu maké. Tojaiyah ngarana.
                Atuh atribut sunda ayeuna ramé deui. Da loba nu maraké. Contona waé iket, pin kujang, kabaya, salendang, jeung nu lainna.
                Iket nu dipaké sabenerna lain ngan saukur iket teu puguh. Lian ti keur panyalindungan sarta nandakeun tingkat status sosial. Aya ma’na nu leuwih perkara iket. Iket dijieun tina kaén anu bentukna ‘segi opat’ ngabogaan 4 sudut. Anu ngawangun harti ngahiji jeung unsur angin, cai, taneuh jeung seuneu. Satuluyna lamun éta iket dilipet dua. Ngajanggélek jadi 3 sudut anu ngandung harti diri, bumi jeung nagara.
                Niténan iket. Sabenerna loba ragamna;  aya iket buhun baheula aya ogé nu kaasup iket kaayeunakeun atawa modérn.
                Iket buhun nyaéta iket nu geus aya ti béh ditu mula. Dipaké di sawatara kampung adat. Jeung dina cara makéna éstu alami heunteu kacampur ku budaya ti luar. Rupa-rupa iket buhun diantarana: parekos jéngkol, parekos nangka,  barangbang semplak, Julang ngapak, koncér, kuda ngencar, jrrd.
                Iket kaayeunakeun atawa iket modérn. Nyaéta iket tina hasil  kréasi kaayeunakeun. Sanajan saenyana mah angger maké kaén segi opat. Conto nu kaasup iket ka dieu diantarana: candra sumirat, maung leumpang, iket batu amparan, jrrd.
                Kitu deui dina hal maké kabaya anu dipaké ku awéwé. Kabaya sunda nepi kaayeunakeun angger pada mikaresep tur teu tinggaleun jaman.  Teu kaéléhkeun ku baju lain nu beuki dieu beuki loba waé modélna. Kabaya sunda angger méré komara. Nandakeun pribadi nu makéna. Komo dipasieup ku kabaya anu diadumaniskeun jeung batik, beuki beda katingalina.
                Mugia waé kahayang pamaréntah khususna, umumna urang saréréa nu micinta sunda bisa tinekanan. Réhna budaya sunda moal ilang. Beuki deudeuh jeung beuki gumati ka ki sunda. Sanajan saenyana lain ngan saukur dina hal pakéan. Nu leuwih penting tatakarama, prilaku urang kudu némbongkeun ketak nu hadé. Hayu urang témbongkeun ka saréréa yén urang sunda téh sabilulungan.  Urang mumulé budaya sunda ku urang saréréa bari jeung dibarengan ku hadé gogog, hadé tagog, geus pasti sieup. Urang buktikeun kanu lain yén sunda téh aya. Lamun lain ku urang rék ku saha deui?***

                Nina Rahayu Nadea. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman, jrrd