Qurban
Ku
Nina Rahayu Nadéa
Keteyep leumpang, laju mukakeun
lomari, tarapti nakeran. Inggis pamajikan anu keur ngageubra kagareuwahkeun. Kalawan
antaré
Danu ngitung duit nu aya dina leungeunna.
“Alhamdulillah cukup.”
Gerendengna. Haténa lugina. Kahayang geus aya taunna karék
ayeuna bisa kaparengkeun. Ngiluan
qurban. Lain, lain teu mampuh sabenerna. Malah lamun bisa disebutkeun Danu kaitung jelema anu moal kakurangan ku
duit ceuk batur mah.
Tapi nya kitu, milik mah hésé
ditingali ku panon lahir. Duit anu aya di manéhna téh éstu duit titipan ti mantenNa. Aya hak-hak jalma lain anu aya dina éta
duit. Matakna teu hayang makaya diri
sorangan. Resep tutulung. Dina prungna boga rejeki sok mentingkeun heula dulur,
tatangga anu boga papait, tinimbang keur dirina sorangan. Kitu prinsip Danu.
Teu anéh lamun aya ogé
nu ting kecewis. Majarkeun téh kalakuan Danu mah
hayang kapuji ku batur. Nulungan batur bari jeung teu merhatikeun nasib sorangan.
Piraku majar téh jelema nyondong, beunghar, teu bisa ngalaksanakeun qurban tiap taun. Rawing
ceuli keur Danu? Heunteu. Top téh
teuing. Keur manéhna mah tara ieuh hayang mikiran nu karitu, anggursing
jongjon kukumpul amal pikeun pibekeleun
ka akhérat.
Tah ayeuna meureun waktuna nu
rinéh.
Euweuh Darwan adina anu biasana datang ménta tulung. Euweuh deui adina
Yati anu biasana luh lah ménta dibéré modal. Geus tumaninah meureun
matak kitu gé.
Pon kitu ningali ka sakuriling, utamana tatangga deukeut. Alhamdulillah saréhat,
teu kudu dibawa ka dokter. Kudu mindeng merhatikeun maranéhna,
sabab ngarumasakeun manéh. Diantara tatangga téh nya Danu anu kaitung rada beunta.
Kitu deui dina runtuyan
kulawarga. Salaku lanceuk panggedéna, manéhna ngabogaan kawajiban anu
gedé
pikeun ngabimbing tur ngabayuan adi-adina. Sanajan enya geus rimbitan. Tapi beut angger aya kamelang
lamun ngadengé adina atawa dulur manggih kasusah.
Éta ogé meureun anu dijadikeun senjata
ku dulur atawa tatangga deukeut. Nyaho ka sipat Danu anu karunyaan. Nyaho ka tabéatna
nu tara nolak lamun aya karerepet. Teu anéh lamun ka imahna teu weléh
merul kunu boga pangabutuh. Sanajan ceuk nu ningali mah enya nanaonan, nyapékeun
manéh.
Tapi da jinisna mah haré-haré waé. Ari boga nya tinggal méré, ari teu boga mah nya
wayahna. Kitu waé prinsipna.
Dina haté pangleutikna sabenerna Danu ngabogaan niat hayang qurban. Qurban tina
ladang duit anu genah antaré. Hartina duit anu heunteu kabereg ku
pangabutuh dulur jeung lainna. Ngahaja diteundeun diapik-apik. Pamajikanna – Éha
oge teu nyahoeun kana niatna. Ké wé lamun geus gembleng duitna, sarta
mahi kana sadombaeun karék nu jadi pamajikan rék dibéjaan, kitu ceuk angkeuhanna.
“Lamun Bapak qurban di dinya teu
kabeuratan?” Tanyana kanu jadi pamjikan bari jeung gék diuk dina korsi, rinéh
pisan. Panon neuteup ka jalan anu lega. Neuteup leleb ka sakuriling bungking
anu kacida pikabetaheun. Panonpoé nu keur meujeuhna umyang pikabitaeun,
ngilu maturan Danu rinéh
diuk dina korsi hoé.
“Nya. Atoh wé
nu aya atuh Pak. Naha Bapak gaduh kitu?”
“Eya aya sadombaeun mah. Ké
isukan nitah Karta sina ningalian domba nu alus.”
“Alhamdulillah atuh. mudah-mudahan
sing kalakonan niat Bapak téh.”
“Ieu kulub hui ti saha? meuni asa pulen kieu.”
“Éta kamari ti Suhadma ka dieu. Majar téh
haturan Bapak cenah.”
“Suhadma?” Tarang Danu kerung.
“Éta Suhadma anu imahna di
lebak. Basa budakna katabrak, ning ku Bapak dibawa ka rumah sakit, dibiayaan
nepi ka cageurna. Da nu nabrakna mah kabur, teu tanggung jawab.”
“Oh... Suhadma éta.
Syukur atuh inget kénéh ka dieu.”
“Kamalinaan wé
mun teu inget téh, Pak. Sakitu biaya béak sa...”
“Ssst. Tong ngomong nu karitu.
Kudu iklas.” Danu ngagebés.
Éha jempé. “Tah cai entéhna
geura. Nikmat. Gulana gé
ku gula kawung.”
“Enya wé nikmat kieu. Alhamdulillah,
nuhun Gusti masih kénéh dipaparin kanikmatan di alam dunya.” Danu nyuruput cai téh amis, celemun kana hui.
*
Éha karék ngudar mukena waktu ngadéngé
nu uluk salam. Teu talangké gancang dibuka.
“Leuh geuning Darman. Cageur? Sok ka jero.”
“Alhamdulillah, Ceu. Akangna aya?”
“Keur ka masjid. Sakeudeung deui
gé
ka dieu. Mana barudak? Nyorangan waé?”
“Nyéta Ceu, lah kumaha atuh...”
“Ké ngobrolna ka akangna geura,
sakeudeung deui datang.” Éha
ngaléos
haténa
beut asa teu puguh. “Pasti wé geura aya pangabutuh.” Haténa
nyoara. “Horéam
ngabandungan adi beuteungna anu teu weléh datang ménta tulung, luh lah jeung luh lah.
Matakna teu hayang nyanghareupan. Kencling wé ka masjid ngabéjaan
salakina yén
aya sémah.
“Aéh geuning Darman kumaha
cageur?”
“Alhamdulilah, Kang. Ngan nya
kitu téa
budak.”
“Kunaon kitu budak?”
“Puguh geus 3 poé
dirawat di rumah sakit, Kang. Demam berdarah. Matak ka dieu téh.
Nya susuganan wé aya milik budak.
Sugan aya cekelan duit. Dua juta waé mah. Ka saha deui atuh abdi ménta
tulung ari sanés ka Akang mah.”
“Dua juta?” Biwir Danu kunyem.
Piraku duit nu diajam keur qurban rék
dibikeun mah. Apanan pamajikan geus nitahan Karta sangkan néangan
domba. Tada teuing wirang, mun teu jadi téh. Haténa adu rényom.
Inget kalakuan Darman anu mindeng nyapékeun. Ti jaman sakola kénéh.
Geus teu kaitung Danu ka sakola, pédah
adina masalah waé. Mabal téa, gelut téa, mabok téa.
Kaluar sakola langsung kawin da kacilakaan. Boro-boro néang gawé. Sakalieun aya nu ngajak gawé,
teu junun da cenah gajihna leutik. Ayeuna
sanggeus kawin sarta boga anak? Angger karerepet téh datangna ka manéhna
deui waé.
Darman... Darman.... rék iraha manéh téh élingna.
“Meunggeus tong ditulungan. Nya teu capé ngurusanan nu jadi adi? Adi
di dinya mah salilana gé moal éling. Anger ngadoréksakeun.
Ngeungeunaheun wé ditulungan. Bari jeung jinisna teu euih –euih.” Nu
nantung baju hideung gigireun Danu
ngaharéwos.
“Enya nya. Ka teuteuari .”
“Tah kitu jadi lanceuk téh
tong hayang nulungan waé. Keun antepkeun tah sina karaseun ku bebengokna kumaha héséna
néang
duit téh.
Keun sina karasaeun tah budak ngalempréh teu empés-empés. Sugan jadi pelajaran ka manéhna,
méh
néang
gawé.
Keun sina ceurik tah batinna komo lamun budak nepi ka teu...”
“Danu sing inget. Istighfar. Éta
téh
adi sorangan. Pan ti baheula gé di dinya téh pada ngambeuan ku saréréa.
Danu mah lain jelema anu hayang dipihormat. Lain. Niatkeun dina haté
hayang tutulung. Inget urang hirup di alam dunya téh moal salilana. Kudu salilana
paheuyeuk leungeun, nyieun amal nu maslahat. Pan ku didinya karasa kumaha
tutulung ka jelema téh. Geuning loba baraya. Loba anu mikanyaah ka budak di
dinya. Komo, inget tah amanat indung bapak di dinya nu geus tilar dunya. Jaga
adi-adi. Naha teu ingeut?”
“Astagfirullahaladzim.” Danu
ngusap beungeut. Les dua jirim anu aya di kénca jeung katuhu ngaleungit.
“Éha. Pangmawakeun nu dina
lomari téa.”
“Tapi pan?”
“Sst. Teu nanaon. Akang rido.”
“Nya ari kitu mah.” Éha
muru ka kamar nyokot duit.
“Tah duit ti akang. Hampura kitu
ka budak, Uwa can bisa ngalongok. Keun sugan isukan ka rumah sakit. Jing tong
loba pikiran mugia budak sing geura cageur.”
Peuting beuki ngolotan. Danu saré
tibra. Haténa
kacida lugina. Reuwas kareureuhnakeun. Untung teu kabawa kusakaba-kaba. Kabawa
poék
ku jilim hideung anu nitah méngpar tina jalan biasana. Ya Alloh,
tungtun jisim abdi salamina dina jalan anu lempeng, gerendengna imut. Bangbaluh
haténa
geus leungit. Dua haté
nu adu rényom,
nu soléh
jeung nu bedang tatadi mula. Ayeuna si soléh imut ngagelenyu. Réhna
Danu geus nyieun hiji putusan. Putusan anu bakal ngajaga dirina dina poé
akhir. ***
Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Sunda
jeung bahasa Indonesia. Tulisanna sumebar dina sawatara média.
Oge bisa dipaluruh di www.ninarahayunadea.blogspot.com
Tidak ada komentar:
Posting Komentar